Informasi Tur
Sadérék kudu nyieun jangji heula kitu pikeun miluan tur? Muhun. Supaya teu heurin teuing jeung kabéhanana bisa narima mangpaat saloba-lobana tina tur ieu, kabéh nu rék tur kudu nyieun jangji ti heula, teu sual sakumaha loba jalma dina hiji kelompok. Mangga jieun jangji pikeun tur, paling telat sahenteuna saminggu saacan tur. Lamun turna dina poé libur nasional atawa libur sakola, mangga jieun jangji tur ti jauh-jauh poé saacanna.
Sadérék bisa miluan tur teu lamun teu nyieun jangji heula? Lamun teu nyieun jangji ti heula, bisa jadi Sadérék teu bisa miluan tur. Lantaran tempatna teu pati gedé, jumlah jalma nu tur bakal diwatesan unggal poéna.
Jam sabaraha Sadérék kudu geus nepi? Supaya turna teu telat, alus lamun Sadérék bisa datang sahenteuna sapuluh menit saacanna.
Kumaha carana nyieun jangji pikeun tur? Mangga klik ”Jieun Jangji Tur.”
Sadérék meunang ngarobah atawa ngabatalkeun jangji tur teu? Meunang. Mangga klik ”Tingali atawa Robah Jangji Tur.”
Kumaha lamun teu bisa ngadaptar tur dina tanggal nu dipikahayang? Terus pariksa situs ieu. Bisa waé aya jangji tur nu dirobah atawa dibatalkeun.
Meunang teu urang mawa sato piaraan? Teu meunang. Teu meunang aya sato piaraan di kantor Bétel. Tapi, service animals (sato nu ngabantuan jalma nu disabilitas) mah diidinan asal geus dilatih.
Jieun Jangji Tur
Tingali atawa Robah Jangji Tur
Download Brosur pikeun Tur
Alamat jeung Telepon
Avenida Cundinamarca, Km. 1
Vía a Ecopetrol
FACATATIVÁ, CUND 253051
COLOMBIA
+57 601 891 1530
+57 601 594 8000
Tingali Lokasina