ARTIKEL PALAJARAN 38
”Hiap ka Dieu ka Kami, . . . Ku Kami Maraneh Rek Sina Reureuh”
”Hiap ka dieu ka Kami, sakur nu mopo sarta kalempohan jeung nu loba kabeubeurat, ku Kami maraneh rek sina reureuh.”—MAT. 11:28, Sunda Formal [SF].
KAWIH 17 ”Kami Daék”
NU DIBAHAS *
1. Naon nu dijangjikeun ku Yésus dina Mateus 11:28-30?
YÉSUS méré jangji nu luar biasa ka jalma-jalma nu ngadéngékeun anjeunna. Ceuk anjeunna, ”Hiap ka dieu ka Kami, . . . ku Kami maraneh rek sina reureuh.” (Baca Mateus 11:28-30 tina Sunda Formal.) Ieu lain ngan omongan wungkul. Pék pikirkeun naon nu dilakukeun ku Yésus ka saurang awéwé nu sangsara lantaran kasakit nu parah.
2. Naon nu dilakukeun ku Yésus ka saurang awéwé nu boga kasakit?
2 Awéwé éta geus pegat harepan. Manéhna geus tatamba ka loba tabib lantaran hayang cageur. Tapi geus 12 taun, kasakitna teu cageur-cageur. Numutkeun Torét, kasakitna ngalantarankeun manéhna najis. (Ima. 15:25) Tuluy, manéhna meunang béja yén Yésus bisa nyageurkeun nu gering, jadi ku manéhna ditéangan. Waktu geus panggih, manéhna nyabak tungtung jubah Yésus. Manéhna langsung cageur! Yésus teu ngan saukur nyageurkeun awakna, tapi ogé ngangkat martabatna. Contona, ku cara nu soméah, Yésus nyebut manéhna ”anaking”. Tangtu awéwé éta ngarasa bener-bener disegerkeun, atawa dikuatkeun!—Luk. 8:43-48.
3. Pananya naon waé nu bakal dibahas?
3 Perhatikeun yén awéwé éta hideng ngadatangan Yésus. Kitu ogé, urang kudu nyieun upaya pikeun datang ka Yésus. Kiwari, Yésus teu nyieun mujijat pikeun nyageurkeun kasakit ti jalma-jalma nu datang ka anjeunna. Tapi, anjeunna tetep ngondang urang, ”Hiap ka dieu ka Kami, . . . ku Kami maraneh rek sina reureuh.” Ayeuna, urang bakal ngabahas lima pananya: Kumaha urang bisa datang ka Yésus? Naon nu dimaksud ku Yésus waktu anjeunna ngomong, ’Pake pasangan Kami’? Urang bisa diajar naon ti Yésus?
Ku naon pagawéan nu ditugaskeun ku anjeunna téh matak reureuh atawa seger? Jeung, kumaha urang bisa terus disegerkeun waktu manggul pasangan ti Yésus?”HIAP KA DIEU KA KAMI”
4-5. Kumaha waé carana datang ka Yésus?
4 Hiji cara datang ka Yésus téh diajar saloba-lobana ngeunaan omongan jeung lalampahan anjeunna. (Luk. 1:1-4) Urang teu bisa ngandelkeun batur, ieu kudu dilakukeun ku urang sorangan. Urang gé datang ka Yésus waktu mutuskeun pikeun dibaptis jeung jadi murid Kristus.
5 Cara séjén datang ka Yésus téh nyaéta datang ka kokolot sidang waktu butuh bantuan. Maranéhna téh ”kurnia” nu digunakeun ku Yésus pikeun ngurus domba-dombana. (Epe. 4:7, 8, 11; Yoh. 21:16; 1 Pet. 5:1-3) Urang nu kudu hideng ménta bantuan. Tong mikir para kokolot bisa maca pikiran urang jeung nyaho naon nu dibutuhkeun ku urang. Sadérék nu ngaranna Julian ngomong, ”Basa abdi kudu eureun ti Bétel lantaran gering, aya nu méré saran sangkan abdi ménta dianjangan ku kokolot. Mimitina mah asa teu butuh. Tapi ka dieunakeun, abdi ménta dianjangan. Sanggeusna, abdi bener-bener ngarasa meunang berkah nu luar biasa.” Para kokolot nu satia, saperti dua kokolot nu nganjangan Julian, bisa ngabantu urang boga pikiran Kristus, ku kituna urang bisa paham sarta nyonto cara pikir jeung sikepna Yésus. (1 Kor. 2:16; 1 Pet. 2:21) Éta berkah luar biasa nu bisa ditarima ku urang ti para kokolot.
’PAKE PASANGAN KAMI’
6. Naon maksud Yésus waktu ngomong, ’Pake pasangan Kami’?
6 Waktu Yésus ngomong, ’Pake pasangan Kami,’ ieu bisa jadi hartina ’Pék tunduk kana wewenang Kami’. Ieu bisa ogé ngamaksudkeun, ”Hayu urang panggul babarengan pasangan éta, jeung babarengan digawé keur Yéhuwa.” Nu pasti mah maké pasangan * téh hartina urang kudu digawé.
7. Numutkeun Mateus 28:18-20, pagawéan naon nu kudu dijalankeun ku urang, sarta urang bisa yakin kana hal naon?
7 Urang narima ondangan Yésus waktu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa tuluy dibaptis. Ondangan ieu keur kabéh jalma. Yésus moal nolak saha waé nu bener-bener hayang ngawula ka Allah. (Yoh. 6:37, 38) Kabéh murid Yésus meunang kahormatan pikeun milu ngajalankeun pagawéan nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka Yésus. Urang yakin Yésus bakal nyarengan tur nulungan urang dina ngajalankeunana.—Baca Mateus 28:18-20.
’GUGURU KA KAMI’
8-9. Ku naon jalma nu rendah haté resep deukeut jeung Yésus, sarta pananya naon nu kudu dipikirkeun ku urang?
8 Jalma rendah haté resep deukeut jeung Yésus. (Mat. 19:13, 14; Luk. 7:37, 38) Ku naon? Pék bandingkeun antara Yésus jeung urang Parisi. Para pamingpin agama éta teu boga kanyaah jeung sombong. (Mat. 12:9-14) Tapi, ari Yésus mah nyaahan jeung rendah haté. Urang Parisi hayang kasohor jeung hayang dianggap penting di masarakat. Yésus mah ngomong murid-muridna teu meunang kitu, tapi kudu rendah haté jeung daék ngaladénan batur. (Mat. 23:2, 6-11) Urang Parisi nyingsieunan jeung ngancam batur pikeun ngawasaan maranéhna. (Yoh. 9:13, 22) Tapi, tindakan jeung kekecapan Yésus mah nyegerkeun batur.
9 Naha Sadérék geus nyonto tuladan Yésus ieu? Pék pikirkeun: ’Naha batur nganggap abdi téh jalma nu rendah haté jeung teu gancang ambek? Naha abdi daék ngagawékeun hal nu dianggap rendah keur kapentingan batur? Naha abdi bageur ka batur?’
10. Ku naon jalma-jalma resep digawé bareng jeung Yésus?
10 Lamun aya Yésus, kaayaanana téh jadi tengtrem, matakna batur resep digawé bareng jeung Yésus. Anjeunna gé resep ngalatih maranéhna. (Luk. 10:1, SF; 10:19-21) Lantaran sikepna éta, murid-murid teu asa-asa nanya ka anjeunna. Yésus gé hayang nyaho pandangan maranéhna. (Mat. 16:13-16) Kawas pepelakan di taman nu loba caina, murid-murid Yésus nyerep loba hal tina pangajaran Yésus, ku kituna maranéhna bisa ngahasilkeun hal-hal nu hadé.
11. Pananya naon waé nu kudu dipikirkeun ku urang?
11 Naha Sadérék téh jalma nu boga wewenang? Mun enya, pék pikirkeun, ’Waktu abdi aya di tempat gawé atawa di imah, batur ngarasa kumaha? Naha batur bakal ngarasa tenang mun deukeut jeung abdi? Naha batur teu asa-asa tatanya ka abdi? Naha abdi daék ngadéngékeun pandangan batur?’ Urang pasti embung siga urang Parisi nu ambek lamun aya nu cangcaya kana pangajaranana sarta nindes jalma nu pandanganana béda.—Mar. 3:1-6; Yoh. 9:29-34.
”MARANEH REK SINA REUREUH”
12-14. Ku naon ngajalankeun pagawéan ti Yésus téh matak seger?
12 Ku naon ngajalankeun pagawéan ti Yésus téh matak reureuh atawa seger? Aya loba alesan, tapi hayu urang perhatikeun sababaraha di antarana.
13 Urang boga pangawas nu panghadéna. Yéhuwa, Pangawas urang nu Maha Agung, lain pribadi nu tara nganuhunkeun atawa kejem. Mantenna ngahargaan naon nu dilakukeun ku urang. (Ibr. 6:10) Mantenna masihan kakuatan supaya urang bisa ngajalankeun tanggung jawab urang. (2 Kor. 4:7; Gal. 6:5) Yésus Raja urang gé méré tuladan. (Yoh. 13:15) Sarta, para kokolot nu ngurus urang bakal satékah polah nyonto Yésus, ”Pangangon Agung”. (Ibr. 13:20; 1 Pet. 5:2) Maranéhna sabisa-bisa nguatkeun urang, bageur, sarta wani waktu ngabingbing jeung ngalindungan urang.
14 Urang boga babaturan nu panghadéna. Batur mah teu boga sobat nu dipikanyaah jeung pagawéan nu nyugemakeun kawas urang. Pék pikirkeun: Urang boga kahormatan pikeun digawé bareng jeung jalma-jalma nu boga prinsip moral nu luhur, tapi teu ngarasa pangbenerna. Maranéhna boga bakat tapi tetep rendah haté, jeung nganggap batur leuwih luhur. Urang teu ngan saukur dianggap batur gawé tapi ogé sobat. Saking nyaahna, maranéhna réla maot demi urang!
15. Kumaha sakuduna parasaan urang kana pagawéan nu ditugaskeun ka urang?
15 Urang boga pagawéan nu panghadéna. Urang ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung ngabolékérkeun kabohongan si Iblis. (Yoh. 8:44) Sétan ngabeungbeurat jalma-jalma ku kabohongan nepi ka maranéhna pegat harepan. Misalna, urang dibohongan yén urang teu layak dipikanyaah jeung dosa-dosa urang moal dihampura ku Yéhuwa. Ieu kabohongan nu jahat pisan! Jalma-jalma jadi leutik haté. Sabenerna, waktu urang datang ka Kristus, dosa urang dihampura. Yéhuwa ogé kacida nyaahna ka urang. (Rum 8:32, 38, 39) Urang bungah bisa ngabantu jalma-jalma muntang ka Yéhuwa jeung ningali kahirupan maranéhna jadi leuwih hadé!
TERUS DISEGERKEUN WAKTU MANGGUL PASANGAN TI YÉSUS
16. Naon bédana tanggung jawab ti Yésus jeung tanggung jawab séjénna?
16 Tanggung jawab ti Yésus nu kudu dipanggul ku urang téh béda jeung tanggung jawab séjénna. Misalna, sanggeus sapoéan néangan napkah, loba nu ngarasa lalungsé jeung teu bagja. Sabalikna, sanggeus ngagunakeun waktu pikeun ngawula Yéhuwa jeung Kristus, urang ngarasa sugema. Sanggeus balik gawé bisa jadi urang lalungsé jeung kudu maksakeun datang ka pasamoan peutingna. Tapi, seringna mah, pas balik masamoan urang ngarasa seger jeung dikuatkeun. Kitu ogé, lamun urang nyieun upaya pikeun ngawawar jeung diajar Alkitab pribadi, berkah nu ditarima jauh leuwih gedé ti batan tanaga nu dikaluarkeun!
17. Ku naon urang kudu asup akal jeung bijaksana?
17 Urang kudu asup akal, tanaga urang téh aya watesna. Jadi, urang kudu bijaksana ngagunakeun tanaga urang. Misalna, urang bisa miceunan tanaga pikeun ngumpulkeun harta banda. Perhatikeun jawaban Yésus ka lalaki beunghar nu nanya, ”Kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?” Lalaki éta téh jalma nu taat kana Hukum. Manéhna pasti jalma bageur lantaran Injil Markus ngajéntrékeun yén Yésus ”nyaah” ka manéhna. Yésus ngondang manéhna, ”Jualan kabeh babandaan hidep . . . Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.” Manéhna nalangsa, hayangna mah nuturkeun Yésus, tapi beurat ninggalkeun harta banda lantaran manéhna ”kacida beungharna”. (Mar. 10:17-22) Jadi, manéhna embung manggul pasangan ti Yésus tapi terus ”ngawula kana duit”. (Mat. 6:24) Lamun Sadérék rék milih naon?
18. Naon nu kudu rutin dilakukeun ku urang, jeung naon sababna?
18 Alus lamun urang rutin mariksa naon nu diutamakeun ku urang. Naon sababna? Supaya bisa mastikeun yén urang bijaksana dina ngagunakeun tanaga urang. Perhatikeun, Mark nu ngora kénéh nyebutkeun kieu, ”Salila mangtaun-taun, abdi ngarasa geus hirup saderhana. Abdi naratas, tapi abdi sering mikirkeun duit jeung carana supaya hirup leuwih genah. Abdi bingung ku naon hirup téh asa jadi beurat. Tungtungna abdi sadar, kalolobaan waktu jeung tanaga abdi dipaké keur ngudag kapentingan pribadi, ari keur Yéhuwa mah ngan sésana.” Mark ngarobah cara pikir jeung gaya hirupna sangkan bisa ngalakukeun leuwih loba dina palayanan ka Yéhuwa. Ceuk Mark, ”Sakapeung, abdi sok hariwang kana duit, tapi ku dukungan Yéhuwa jeung Yésus, abdi bisa nyanghareupan tangtangan éta.”
19. Ku naon boga pandangan nu bener téh penting?
19 Urang bisa tetep disegerkeun waktu manggul pasangan ti Yésus lamun ngalakukeun tilu hal ieu. Kahiji, boga pandangan nu bener. Urang ngalaksanakeun pagawéan ti Yéhuwa, jadi kudu nuturkeun carana Yéhuwa. Urang pagawéna, jeung Yéhuwa Dununganana. (Luk. 17:10) Ibaratna, munding nu bedas gé bakal raraheut jeung susah sorangan lamun teu daék dikadalikeun ku dununganana. Kitu ogé lamun maké cara sorangan, urang bakal susah sorangan. Sabalikna, urang bakal bisa ngahontal hal-hal nu luar biasa jeung nyanghareupan hahalang naon waé asal nuturkeun bingbingan Yéhuwa. Euweuh nu bisa ngahalangan kahoyong Yéhuwa laksana!—Rum 8:31; 1 Yoh. 4:4.
20. Naon sakuduna motif urang manggul pasangan ti Yésus?
20 Kadua, boga motif nu bener. Urang réla manggul pasangan ti Yésus lantaran hayang ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan. Dina abad kahiji, jalma nu sarakah jeung mentingkeun diri ka dieunakeun jadi teu resep manggul pasangan ti Yésus jeung ninggalkeun anjeunna. (Yoh. 6:25-27, 51, 60, 66; Pil. 3:18, 19) Sabalikna, jalma nu motifna bener jeung teu mentingkeun diri, nyaéta nu nyaah ka Allah jeung ka sasama, resep manggul pasangan saumur hirupna, sarta boga harepan pikeun ngawula bareng jeung Kristus di sawarga. Kitu ogé, urang bakal terus bungah lamun manggul pasangan ti Yésus ku motif nu bener.
21. Numutkeun Mateus 6:31-33, urang yakin Yéhuwa bakal ngalakukeun naon?
21 Katilu, kudu terus yakin. Sabagé urang Kristen, urang nyaho kudu nyieun pangorbanan jeung getol digawé. Yésus ogé ngélingan yén urang bakal dikaniaya. Tapi urang yakin Yéhuwa bakal masihan kakuatan pikeun nyanghareupan sagala cocoba. Beuki tabah, urang bakal beuki kuat. (Yak. 1:2-4) Urang gé bisa yakin Yéhuwa bakal nyadiakeun pangabutuh urang, Yésus bakal ngurus urang, jeung dulur saiman bakal nguatkeun urang. (Baca Mateus 6:31-33; Yoh. 10:14, 15; 1 Tes. 5:11) Sagala nu dibutuhkeun ku urang geus aya!
22. Urang bungah kana hal naon?
22 Awéwé nu gering tadi disegerkeun ti saprak manéhna dicageurkeun ku Yésus. Tapi, supaya bisa seger salilana, manéhna kudu satia jadi murid Kristus. Ceuk Sadérék, naon nu dilakukeun ku manéhna? Lamun manéhna milih pikeun manggul pasangan ti Yésus, bayangkeun pahalana! Manéhna bisa ngawula bareng jeung Yésus di sawarga! Pahala nu ditarima ku manéhna jauh leuwih gedé ti batan sakabéh pangorbananana. Teu sual urang boga harepan hirup langgeng di sawarga atawa di bumi, urang bungah pisan geus narima ondangan Yésus, ”Hiap ka dieu ka Kami.”
KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang
^ par. 5 Yésus ngondang urang pikeun datang ka anjeunna. Naon nu kudu dilakukeun pikeun narima ondangan éta? Urang bakal ngabahas pananya ieu. Urang ogé diingetkeun yén urang bakal disegerkeun lamun gawé bareng jeung Kristus.
^ par. 6 KATERANGAN TAMBAHAN: Pasangan atawa rancatan téh kai nu dipanggul ku saurang jelema pikeun mawa barang. Pasangan ogé bisa ngamaksudkeun kai nu dipasangkeun dina punduk dua sato pikeun ngawuluku.