Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Yéhuwa Geus ”Nuduhkeun Jalan nu Lempeng” ka Abdi

Yéhuwa Geus ”Nuduhkeun Jalan nu Lempeng” ka Abdi

SAURANG sadérék ngora nanyakeun ayat karesep abdi. Abdi langsung ngajawab, ”Siloka 3:5, 6, nu nyebutkeun, ’Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.’” Nya, Yéhuwa geus nuduhkeun jalan nu lempeng ka abdi. Kumaha caritana?

KOLOT NGABANTU ABDI NÉANGAN JALAN NU LEMPENG

Kolot abdi diajar bebeneran dina taun 1920-an, saacan maranéhna nikah. Abdi lahir dina awal taun 1939. Pas leutik kénéh, abdi cicing di Inggris. Abdi osok milu jeung kolot ka pasamoan, terus abdi miluan Sekolah Pelayanan Teokratis. Nepi ka ayeuna, abdi inget kénéh waktu mimiti meunang tugas. Abdi kudu naék ka luhureun kotak supaya bisa ningali hadirin tina mimbar. Harita, abdi kakara umur genep taun. Abdi geumpeur pisan, lantaran hadirinna téh sadérék-sadérék nu geus déwasa.

Milu méré kasaksian di jalan jeung kolot abdi

Ari jang dines, si Bapa nuliskeun kecap panganteur nu gampang dina kartu supaya bisa dipaké ku abdi dina dines. Waktu mimiti pisan ngawawar sorangan, abdi umur dalapan taun. Harita, abdi bungah pisan lantaran nu boga imahna daék maca kartu abdi jeung narima buku ”Karena Allah Itu Benar Adanya”! Abdi langsung lumpat ka si Bapa, hayang nyaritakeun pangalaman éta. Dines jeung pasamoan téh nyieun abdi jadi bungah. Éta gé ngabantu abdi supaya boga kahayang pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu.

Lantaran si Bapa langganan majalah The Watchtower, abdi jadi beuki resep kana bebeneran Alkitab. Unggal majalah nu anyar nepi di kotak surat, abdi hayang geuwat maca. Abdi jadi beuki percaya ka Yéhuwa, terus ahirna abdi ngabaktikeun diri.

Dina taun 1950, abdi sakulawarga datang ka kongrés ”Paningkatan Téokratis” di New York. Téma kongrés pikeun poé Kemis, 3 Agustus, téh nyaéta ”Poé Utusan Injil”. Harita, Sadérék Carey Barber, nu ka dieunakeun jadi Badan Pingpinan, méré hutbah baptisan. Dina ahir hutbahna, sanggeus manéhna méré dua pananya ka para calon baptis, abdi ngadeg terus ngajawab, ”Sumuhun!” Harita abdi umur 11. Tapi abdi ngarti, abdi téh nyieun putusan nu penting pisan. Waktu rék dibaptis, abdi sieun asup ka kolam sabab abdi teu bisa ngojay. Si Emang maturan abdi ka kolam, terus ngayakinkeun, abdi moal nanaon. Éh bener wé, dibaptis téh asa gancang pisan, malah suku gé henteu nepi ka napak-napak acan. Abdi dicekelan ku dua urang sadérék. Nu hiji ngabaptis abdi, nu hiji deui ngangkat abdi tina kolam. Ti saprak harita, Yéhuwa terus nuduhkeun jalan nu lempeng ka abdi.

MILIH PIKEUN NGANDELKEUN YÉHUWA

Abdi boga cita-cita rék naratas sanggeus lulus SMA. Tapi, guru-guru nitah abdi kuliah. Lantaran terus diteken, ahirna abdi asup ka universitas. Tapi, teu lila abdi sadar, mun bari kuliah mah abdi moal bisa nyekel pageuh bebeneran. Jadi, abdi mutuskeun pikeun eureun kuliah. Abdi ngadoa ka Yéhuwa, terus nulis surat ka dosén, ngajelaskeun yén dina ahir seméster dua abdi rék eureun kuliah. Lantaran bener-bener ngandelkeun Yéhuwa, harita kénéh abdi langsung naratas.

Dina bulan Juli 1957, abdi ditugaskeun ka kota Wellingborough ku Bétel London. Di ditu, abdi dines bareng jeung Sadérék Bert Vaisey. Manéhna ngajarkeun loba hal ka abdi. Manéhna téh panaratas anu sumanget sarta ngabantu abdi supaya boga rutin dines nu alus. Harita, di sidang ngan aya genep sadérék istri anu geus sepuh, Sadérék Vaisey, jeung abdi. Unggal rék masamoan, abdi pasti persiapan. Abdi gé aktif di sidang. Ku kituna, abdi jadi beuki percaya ka Yéhuwa sarta iman abdi beuki kuat.

Abdi pernah dipanjara pikeun sababaraha waktu lantaran nolak dines militer. Sanggeus kaluar ti panjara, abdi panggih jeung Barbara, saurang panaratas istiméwa. Urang duaan nikah taun 1959. Urang duaan siap ditugaskeun ka mana waé. Terus dina bulan Januari 1961, abdi diondang ka Sekolah Pelayanan Kerajaan di Bétel London anu lilana sabulan. Éh, ari pék téh dina ahir sakola, abdi dibéré tugas kuriling. Jadi, abdi jeung Barbara narima palatihan salila dua minggu. Urang duaan dilatih di kota Birmingham ku saurang pangawas wilayah anu geus pangalaman. Sanggeus palatihan, urang duaan ditugaskeun deui ka Lancashire jeung Cheshire.

NGANDELKEUN YÉHUWA MAH MOAL MATAK KADUHUNG

Dina bulan Agustus taun 1962, waktu keur liburan, urang duaan narima surat ti kantor cabang. Eusina téh formulir keur Sekolah Gilead! Sanggeus ngadoa ka Yéhuwa, abdi jeung Barbara ngeusian formulirna, terus ngirimkeunana ka kantor cabang. Lima bulan sanggeusna, urang duaan indit ka Brooklyn, New York, pikeun miluan Sekolah Gilead kelas ka-38. Di ditu, abdi diajar Alkitab salila sapuluh bulan.

Di Sekolah Gilead, urang diajar ngeunaan Firman Allah, organisasi-Na, jeung duduluran sadunya. Harita abdi jeung Barbara umur 20-an. Urang duaan diajar loba hal ti siswa-siswa séjénna. Unggal poé, abdi boga kahormatan pikeun gawé bareng jeung Sadérék Fred Rusk, salah saurang instruktur. Salah sahiji hal penting nu diajarkeun ku manéhna téh nyaéta, lamun urang méré naséhat, pastikeun naséhatna téh dumasar kana Alkitab. Di ditu gé aya loba sadérék nu geus pangalaman anu nepikeun hutbah-hutbah, misalna Sadérék Nathan Knorr, Frederick Franz, jeung Karl Klein. Abdi jeung siswa-siswa séjén gé diajar tina tuladan Sadérék A.H. Macmillan anu rendah haté. Manéhna ngajarkeun kumaha Yéhuwa ngabantu organisasi-Na waktu nyanghareupan mangsa kasusah ti taun 1914 nepi ka awal 1919.

PAROBAHAN TUGAS

Basa sakolana téréh enggeusan, Sadérék Knorr méré nyaho yén abdi jeung Barbara bakal ditugaskeun ka Burundi di Afrika. Urang duaan buru-buru indit ka perpustakaan di Bétel pikeun néangan informasi tina Buku Tahunan. Urang hayang nyaho di Burundi téh aya sabaraha pawarta. Éh, geuningan euweuh informasi ngeunaan Burundi. Hartina, urang duaan téh ditugaskeun ka daérah anyar anu can aya Saksina! Urang duaan gé ngan nyaho saeutik ngeunaan tempat éta. Jadi kabayang, sakumaha waswasna urang duaan. Tapi sanggeus ngadoa, urang jadi tenang.

Di tempat tugas nu anyar, cuaca, budaya, jeung basana téh béda pisan. Urang jadi kudu diajar basa Prancis. Urang gé hésé néangan panyicingan di ditu. Dua poé sanggeus urang nepi, aya batur sakelas di Gilead nu datang, ngaranna Harry Arnott. Manéhna téh ditugaskeun balik ka Zambia. Saacan balik, manéhna nyimpang heula ka urang. Harry mantuan urang pikeun néangan apartemén. Éta téh jadi imah misionaris urang anu mimiti pisan. Tapi teu lila, urang duaan meunang tangtangan ti pamaréntah satempat. Maranéhna teu apal nanaon ngeunaan Saksi Yéhuwa. Pas urang geus mulai ngarasa resep kana palayanan di ditu, pamaréntah méré nyaho, mun hayang tetep cicing di ditu, urang duaan kudu boga idin digawé. Hanjakalna, urang kudu ninggalkeun nagri éta jeung pindah ka nagri séjén, nyaéta Uganda.

Pikeun cicing di Uganda, urang butuh visa. Tapi harita abdi jeung Barbara can boga visa, jadi urang duaan hariwang. Di ditu, aya saurang sadérék ti Kanada anu ngajelaskeun kaayaan urang ka patugas imigrasi. Terus, urang dibéré sababaraha bulan pikeun ngurus idin keur cicing di ditu. Katingali pisan éta téh bantuan ti Yéhuwa.

Kaayaan di Uganda téh béda pisan jeung kaayaan di Burundi. Di Uganda mah geus aya Saksi, najan ngan 28 urang. Terus, di ditu gé loba anu ngomong maké basa Inggris. Tapi urang sadar, mun hayang mantuan jalma-jalma diajar Alkitab, urang kudu diajar sahenteuna hiji basa daérah. Abdi jeung Barbara mulai ngawawar di kota Kampala jeung di daérah-daérah deukeut ditu. Jalma-jalmana ngomong maké basa Luganda, jadi urang duaan mutuskeun rék diajar basa éta. Mémang, butuh sababaraha taun supaya lancar ngomong maké basa éta, tapi karasa pisan bédana mun ngawawar maké basa Luganda. Urang jadi bisa ngarti naon anu dibutuhkeun ku para palajar Alkitab urang. Terus, maranéhna gé jadi daék nyarita sarta ngungkabkeun parasaanana ngeunaan bebeneran Alkitab.

IINDITAN KA LOBA TEMPAT

Iinditan ka tempat-tempat nu jauh di Uganda

Urang bungah pisan bisa mantuan batur diajar bebeneran, tapi urang beuki bungah deui lantaran dibéré tugas kuriling di ditu. Kantor cabang Kenya ménta abdi duaan néangan tempat-tempat nu engkéna bakal jadi tempat tugas para panaratas istiméwa. Di tempat-tempat éta, jalma-jalmana can pernah ngadéngé atawa panggih jeung Saksi. Tapi, maranéhna téh mani soméah pisan nyambut urang, malah nepi ka nyadiakeun dahareun pikeun urang.

Abdi dibéré tugas séjén. Ti Kampala, abdi naék karéta salila dua poé ka Palabuhan Mombasa di Kenya. Terus, abdi naék kapal ka Seychelles. Éta téh salah sahiji pulo nu aya di Samudra Hindia. Terus ti taun 1965 nepi ka 1972, Barbara rutin maturan abdi ka Seychelles. Mimitina mah, di ditu téh ngan aya dua pawarta, tapi ka dieunakeun jadi aya kelompok jeung sidang. Geus kitu, abdi dibéré tugas deui ka Eritrea, Etiopia, jeung Sudan.

Kaayaan pulitik di Uganda jadi kacow waktu kelompok militer ngarebut pamaréntahan. Pikeun sababaraha taun, kaayaan téh jadi susah pisan. Tapi ti dinya abdi diajar, nuturkeun naséhat Alkitab pikeun taat kana aturan pamaréntah téh gedé pisan mangpaatna. (Mar. 12:17) Sakali waktu, kabéh urang asing dititah ngadaptar ka kantor pulisi pangdeukeutna. Urang langsung nurut. Sababaraha poé sanggeusna, waktu keur di jalan ka Kampala, abdi jeung saurang misionaris séjénna dipegat ku sababaraha pulisi. Urang duaan ngadégdég pisan! Urang dituding sabagé mata-mata, terus dibawa ka kantor pulisi. Di ditu urang ngajelaskeun, urang mah utusan injil jeung embung néang piributeun. Urang gé méré nyaho, urang geus ngadaptarkeun diri ka kantor pulisi, tapi maranéhna teu percaya. Jadi, urang ditahan jeung dibawa ka kantor pulisi di deukeut imah misionaris. Ceuk pulisi di ditu, urang duaan mémang geus ngadaptar. Manéhna kenaleun ka urang, terus ménta supaya urang dibébaskeun. Urang duaan jadi tenang pisan.

Nyitak Pelayanan Kerajaan Kita di Abidjan, kantor cabang Pantai Gading

Urang sering ngarasa hariwang, komo mun pas dipegat ku tentara nu kakara nginum-nginum. Tapi unggal dipegat, urang ngadoa sarta ngarasa tenang. Urang teu dinanaonkeun sarta meunang liwat. Hanjakalna dina taun 1973, kabéh urang asing anu jadi misionaris dititah pikeun ninggalkeun Uganda.

Urang dibéré tugas nu anyar deui. Ayeuna mah urang ditugaskeun ka Pantai Gading, Afrika Barat. Jadi, urang kudu ngabiasakeun diri jeung kabudayaan anu anyar. Urang gé kudu ngomong maké basa Prancis deui sapanjang waktu, sarta hirup bareng jeung utusan injil ti nagri-nagri séjén. Tapi urang ningali, Yéhuwa narik loba jalma nu rendah haté jeung boga sikep anu bener pikeun narima warta hadé. Urang gé beuki yakin mun ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna bakal nuduhkeun jalan nu lempeng.

KAAYAAN BAROBAH

Ujug-ujug Barbara keuna panyakit kangker. Najan geus sering bolak-balik ka Eropa pikeun pangobatan Barbara, dina taun 1983, urang sadar urang geus teu bisa ngalayanan di Afrika. Urang duaan mani kuciwa pisan!

Basa urang duaan ngalayanan di Bétel London, panyakit kangker Barbara beuki parah. Ahirna, manéhna maot. Kulawarga Bétel bener-bener nguatkeun abdi. Aya sapasang salaki pamajikan anu ngabantu abdi pikeun tabah sarta terus percaya ka Yéhuwa. Ka dieunakeun, abdi panggih jeung saurang sadérék istri anu ngaranna Ann. Manéhna téh komuter di Bétel. Ann pernah jadi panaratas istiméwa. Abdi bisa ningali, manéhna téh nyaah pisan ka Yéhuwa. Dina taun 1989, urang duaan nikah. Ti saprak harita, urang ngalayanan bareng di Bétel London.

Bareng jeung Ann di hareupeun Bétel Inggris nu anyar

Ti taun 1995 nepi ka 2018, abdi dibéré tugas sabagé wakil kantor pusat anu baheula mah disebut hamba zona. Abdi geus ngadatangan ampir 60 nagri. Di unggal nagri, abdi bisa ningali Yéhuwa ngajaga umat-Na dina rupa-rupa kaayaan.

Taun 2017, abdi dibéré tugas pikeun indit ka Afrika. Abdi bungah lantaran bisa ngajak Ann ka Burundi. Ayeuna, di ditu geus loba jalma anu daék narima bebeneran. Pawartana gé geus aya 15.500 leuwih. Abdi gé inget, dina taun 1964, abdi pernah ngawawar di hiji jalan. Éh, ayeuna mah di jalan éta geus aya Bétel anu éndah.

Abdi atoh pisan waktu ningali jadwal perjalanan abdi pikeun taun 2018. Salah sahiji nagri nu kudu didatangan téh nyaéta Pantai Gading. Waktu urang nepi di Abidjan, ibukota Pantai Gading, asana téh jiga balik ka imah. Di ditu, abdi mondok di Bétel. Waktu mariksa daptar nomor telepon, abdi ningali, sadérék anu kamarna di sabeulah kamar abdi téh, nyaéta Sadérék Sossou. Abdi inget baheula manéhna ngalayanan sabagé pangawas kota. * Tapi geuningan, ieu mah lain Sadérék Sossou nu éta. Ieu mah anakna.

Yéhuwa henteu pernah ingkar jangji. Tina kabéh tangtangan nu pernah kaalaman ku abdi, abdi diajar mun ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna bakal nuduhkeun jalan anu lempeng keur urang. Ayeuna, abdi hayang terus nuturkeun jalan anu nungtun kana kahirupan anu leuwih éndah di dunya anyar.​—Sil. 4:18.

^ par. 33 Ayeuna mah geus teu aya pangawas kota.