Naha Sadérék Terang?
Kumaha asal-usulna sinagoga?
KECAP nu ditarjamahkeun jadi imah ibadah dina Alkitab Sunda asalna tina kecap Yunani ”sinagoga” nu hartina ”pasamoan” atawa ”tempat ngumpul”. Istilah ieu cocog lantaran sinagoga téh tempat ngumpul pikeun narima pangajaran jeung ngajalankeun ibadah masarakat Yahudi di jaman baheula. Dina Kitab-Kitab Ibrani euweuh istilah ieu, tapi dina Kitab-Kitab Yunani Kristen katingali yén tempat ngumpul siga kieu téh geus loba dina abad kahiji M.
Loba ahli nyebutkeun yén sinagoga téh mimiti aya waktu urang Yahudi ditawan ka Babul. Encyclopaedia Judaica ngajelaskeun, ”Di pangbuangan téh euweuh Bait, nagrina asing, jadi maranéhna butuh dililipur. Ku kituna, maranéhna rutin ngumpul jeung maca Kitab Suci, bisa jadi dina poé Sabat.” Sanggeus kaluar ti pangbuangan, katingalina urang Yahudi tetep rutin ngumpul pikeun ngadoa jeung maca Kitab Suci. Maranéhna gé ngadegkeun sinagoga di mana waé maranéhna matuh.
Dina abad kahiji M, sinagoga téh pusatna ibadah jeung tempat ngumpul urang Yahudi nu sumebar di daérah Mediterania, Timur Tengah, jeung Israel. Propésor Lee Levine ti Hebrew University of Jerusalem ngomong, ”[Sinagoga] téh tempat keur diajar, dahar jamuan suci, pangadilan, ngumpulkeun sumbangan, sarta tempat ngabahas masalah pulitik jeung sosial.” Manéhna nambahkeun, ”Tangtu utamana mah dipaké keur kagiatan agama.” Jadi, teu héran lamun Yésus rutin ngumpul di sinagoga. (Mar. 1:21; 6:2; Luk. 4:16) Anjeunna ngajar, méré pituduh, jeung ngagedékeun haté jalma-jalma nu datang. Sanggeus sidang Kristen diadegkeun, Rasul Paulus katingalina sering ngawawar di sinagoga. Jalma-jalma nu hayang ngaraket ka Allah osok datang ka sinagoga. Jadi waktu datang ka hiji kota, Paulus biasana langsung datang ka sinagoga tuluy ngawawar di dinya.—Ras. 17:1, 2; 18:4.