PANGALAMAN HIRUP
Bagja Ngawula Yéhuwa
ABDI asup Bétel Kanada dina taun 1958, waktu umur 18 taun. Tugas abdi anu mimiti téh nyaéta ngepél téhel gedong percitakan. Teu lila, abdi ditugaskeun pikeun ngagunakeun mesin potong keur motongan majalah-majalah anu kakara dicitak. Abdi bungah pisan bisa ngawula di Bétel!
Taun hareupna, aya béwara yén kantor cabang Afrika Selatan butuh sababaraha sadérék pikeun ngurus mesin citak nu anyar di ditu. Jadi, abdi ngadaptar. Terus abdi bungah pisan waktu kapilih pikeun indit ka Afrika Selatan. Abdi indit bareng tilu sadérék séjén ti Bétel Kanada, nyaéta Dennis Leech, Bill McLellan, jeung Ken Nordin. Urang opatan dibéré nyaho, urang bakal lila cicing di ditu!
Jadi abdi nelepon ka si Mamah, ”Mah, aya nu rék diomongkeun, abdi rék indit ka Afrika Selatan.” Harita waktu di telepon, Mamah teu loba ngomong. Tapi abdi apal, Mamah ngadukung abdi. Si Mamah mémang cicingeun, tapi Mamah boga iman anu kuat sarta akrab jeung Yéhuwa. Nya, Mamah jeung Bapa pasti sedih lantaran abdi jadi jauh ti maranéhna. Sanajan kitu, maranéhna teu ngalarang abdi indit.
INDIT KA AFRIKA SELATAN!
Mimitina, urang opatan indit ka Bétel Brooklyn. Di ditu, urang dilatih ngagunakeun mesin citak salila tilu bulan. Terus urang ka Cape Town, Afrika Selatan, maké kapal. Harita, abdi umur 20. Nah, sanggeus nepi di Cape Town, urang indit ka Johannesburg maké karéta. Urang inditna peuting-peuting, terus pas subuh urang nepi di hiji kota leutik ngaranna Karoo. Daérahna téh jiga gurun, kebul jeung panas. Urang ningali ka luar jandéla sabab panasaran sakaligus hariwang. Engké tempat tugasna jiga kumaha? Sababaraha taun sanggeusna, waktu balik deui ka kota ieu, urang sadar ieu téh kota anu éndah jeung tengtrem.
Keur sababaraha taun mah abdi ditugaskeun pikeun ngagunakeun mesin Linotype anu canggih. Tugas abdi téh nyusun hurup-hurup dina plat timah anu engkéna bakal dipaké pikeun nyitak majalah Warta Hadé jeung Éling! Kantor cabang Afrika Selatan téh nyitak majalah dina rupa-rupa basa anu dipaké di sakuliah Afrika, teu ngan basa nu dipaké di Afrika Selatan hungkul. Urang opatan bungah, lantaran upaya urang pikeun jauh-jauh datang ka dieu téh henteu percumah. Mesin citak anu anyar ieu bener-bener kapaké!
Ka dieunakeun, abdi ditugaskeun pikeun ngawula di Kantor Percetakan anu ngurus rupa-rupa hal anu aya hubunganana jeung nyitak, ngirimkeun, sarta narjamahkeun bacaan. Harita abdi téh meni sibuk, tapi abdi bagja pisan!
PERKAWINAN JEUNG TUGAS ANU ANYAR
Dina taun 1968, abdi nikah jeung saurang panaratas nu ngaranna Laura Bowen. Manéhna téh cicing di deukeut Bétel. Manéhna gé mantuan Departemen Penerjamahan sabagé tukang ketik. Harita, pasangan anu kakara nikah biasana henteu ditugaskeun di Bétel, jadi urang duaan ditugaskeun ku kantor cabang pikeun jadi panaratas istiméwa. Nya, abdi rada hariwang, sabab salila sapuluh taun ieu abdi cicing di Bétel. Jadi, dahareun geus disadiakeun, panyicingan gé geus aya. Abdi mikir, engké mun jadi panaratas istiméwa, duit téh bakal cukup teu nya keur kabutuhan sapopoé? Unggal bulanna, urang masing-masing bakal dibéré 25 rand (baheula mah éta téh kira-kira 10.000 rupiah). Tapi, éta gé lamun urang bisa nyumponan kuota keur jam dines, ngadatangan deui jalma-jalma anu minat, jeung nempatkeun bacaan. Duit sakitu téh kudu cukup keur mayar kontrakan, meuli dahareun, mayar ongkos, dipaké ka dokter jeung kabutuhan séjénna.
Abdi duaan ditugaskeun ka kelompok leutik di deukeut kota Durban, nu aya di basisir Samudra Hindia. Di ditu téh aya loba urang India, maranéhna téh turunan ti para buruh anu datang ka Afrika Selatan kira-kira dina taun 1875. Baheula, urang India datang pikeun gawé di pabrik gula. Nya, ayeuna mah maranéhna geus boga rupa-rupa pagawéan, tapi kabudayaan jeung kadaharan maranéhna tetep sarua jiga baheula. Misalna, maranéhna téh masih osok masak kari. Urang India anu cicing di dieu ngomong maké basa Inggris, jadi abdi duaan bisa ngawawar ka maranéhna.
Panaratas istiméwa téh dibéré kuota jam dines unggal bulanna, nyaéta 150 jam. Jadi waktu pindah ka ditu, dina poé kahiji abdi jeung Laura rencanana rék dines genep jam. Di ditu téh hawana panas jeung ngelekeb, terus urang duaan can boga palajar Alkitab. Jadi, urang kudu ngawawar salila genep jam. Sanggeus sababaraha lila ngawawar, abdi ningali jam. Éh, geuningan ngawawar téh kakara 40 menit! Abdi mikir, mun kieu mah, kumaha atuh bisa minuhan kuota jam dines?
Teu lila, abdi duaan geus bisa ngabiasakeun diri. Unggal poé, urang mekel roti jeung sop atawa kopi kana térmos. Mun geus capé, urang bakal markirkeun mobil di deukeut tangkal ngarah iuh. Kadang, aya barudak India anu ngadeukeutan jeung ningalikeun urang, meureun lantaran urang duaan téh katingali béda ti maranéhna. Sanggeus sababaraha poé, abdi duaan ngarasa mun geus dines salila dua atawa tilu jam mah, ka dituna téh waktu asa gancang pisan.
Jalma-jalma di ditu téh soméah. Meni bungah téh bisa méré nyaho bebeneran Alkitab ka maranéhna! Urang duaan ningali, urang India téh ngahargaan jeung nyaah ka Allah. Loba urang India, anu agamana Hindu, daék ngadéngékeun warta hadé. Maranéhna daék diajar ngeunaan Yéhuwa, Yésus, Alkitab, harepan pikeun hirup tengtrem di dunya anyar, jeung harepan dihirupkeunana deui jalma anu geus maot. Sanggeus sataun, urang duaan boga 20 palajar Alkitab. Unggal beurang, urang dahar di imah kulawarga nu diajar Alkitab jeung urang. Meni resep téh!
Teu lila, abdi duaan dibéré tugas anu anyar, nyaéta tugas kuriling di sapanjang pantai Samudra Hindia anu éndah. Unggal minggu, abdi duaan mondok di imah kulawarga anu didatangan. Urang gé digawé bareng jeung para pawarta di sidang sarta nguatkeun maranéhna. Maranéhna geus nganggap urang duaan sabagé kulawargana sorangan. Urang gé resep bisa gaul jeung maranéhna sarta barudak maranéhna. Malah, urang ogé resep ulin jeung piaraan maranéhna. Henteu karasa, dua taun geus liwat. Dina hiji poé, ujug-ujug aya telepon ti kantor cabang. Ceuk nu neleponna, ”Urang rék ngondang maranéh duaan balik ka Bétel.” Abdi ngajawab, ”Abdi duaan geus resep pisan di dieu.” Nya sanajan kitu, abdi duaan daék ditugaskeun di mana waé.
BALIK DEUI KA BÉTEL
Ayeuna, abdi dibéré tugas di Departemen Dinas di Bétel. Abdi jadi bisa gawé bareng jeung sadérék-sadérék anu geus leuwih pangalaman. Harita, sanggeus pangawas wilayah datang ka hiji sidang, manéhna bakal ngirim laporan ka kantor cabang. Terus kantor cabang bakal méré surat balesan ka sidang dumasar kana laporan ti pangawas wilayah. Surat-surat éta téh dikirimkeun pikeun
nguatkeun sidang jeung méré pituduh anu diperlukeun. Departemen Dinas boga sékertaris nu tugasna narjamahkeun surat ti basa Xhosa, Zulu, jeung basa séjénna di Afrika ka basa Inggris. Terus, para sékertaris gé narjamahkeun surat ti basa Inggris ka basa-basa di Afrika. Abdi ngahargaan pisan naon nu dilakukeun ku para sékertaris. Abdi gé jadi bisa ningali masalah naon waé nu kaalaman ku sadérék-sadérék kulit hideung di Afrika.Harita, pamaréntah Afrika Selatan téh ngagunakeun sistim apartheid. Unggal sélér boga daérahna masing-masing. Jadi, jalma-jalma jarang gaul jeung batur nu béda sélérna. Sadérék-sadérék kulit hideung di Afrika gé ngan ngomong, ngawawar, jeung masamoan maké basana sorangan.
Abdi ngan kenal ka sababaraha sadérék kulit hideung, sabab sidang tempat abdi ditugaskeun pasti ngagunakeun basa Inggris. Tapi, ayeuna abdi jadi bisa ningali kumaha kaayaan jalma-jalma kulit hideung, terus kumaha kabudayaan jeung kabiasaan maranéhna. Geuningan sadérék-sadérék kulit hideung téh kudu bener-bener upaya pikeun nolak kabiasaan jeung kapercayaan jalma-jalma di daérahna. Maranéhna wani pisan! Maranéhna réla dimusuhan ku kulawarga jeung jalma-jalma di désana demi ngajauhan kabiasaan-kabiasaan nu teu sajalan jeung Alkitab sarta nu aya hubunganana jeung hal-hal gaib. Di daérah-daérah anu leuwih mencil mah, jalma-jalma téh miskin pisan. Di ditu loba nu teu sakola, tapi maranéhna ngahargaan Alkitab.
Di Bétel, abdi ngurus sababaraha kasus hukum anu aya patalina jeung kabébasan ibadah sarta sikep nétral sabagé urang Kristen. Iman abdi dikuatkeun ningali barudak Saksi anu wani jeung satia. Maranéhna daék ngabéla iman, sanajan aya nu nepi ka dikaluarkeun ti sakola lantaran nolak miluan doa atawa nyanyi lagu pupujian.
Sadérék-sadérék di nagri nu harita disebut Swaziland (Eswatini) boga tangtangan séjén. Waktu Raja Sobhuza II maot, rahayat kudu miluan adat kabiasaan anu dilakukeun pas saurang jalma maot. Pikeun ngahormat karuhun, anu lalaki kudu ngagundulan sirahna, ari nu awéwé kudu nyukur pondok buukna. Tapi, sadérék-sadérék urang embung ngalakukeun hal éta, jadi maranéhna dikaniaya. Urang jadi gedé haté ningali kasatiaan maranéhna. Urang diajar loba hal ngeunaan kasatiaan jeung kasabaran ti sadérék-sadérék urang di Afrika. Éta nguatkeun iman urang.
BALIK DEUI KA BAGIAN PERCITAKAN DI AFRIKA SELATAN
Dina taun 1981, abdi balik deui ka bagian percitakan. Di ditu, abdi ditugaskeun ngagunakeun komputer pikeun nyitak bacaan-bacaan. Éta téh pagawéan anu pikaresepeun. Téknologi percitakan téh geus maju pisan. Harita, aya saurang sales anu datang ka kantor cabang. Manéhna ngidinan urang nyobaan mesin nu anyar pikeun ngagantikeun Linotype. Urang teu kudu mayar. Nah, sanggeus nyobaan mesinna, ahirna salapan mesin Linotype diganti ku lima mesin nu anyar ieu. Salian ti éta, urang gé masang mesin citak anu anyar. Nyitak bacaan-bacaan téh jadi gancang pisan!
Ku ayana komputer, urang jadi bisa nyieun program anyar pikeun nyusun hurup-hurup dina majalah. Ngaran programna téh nyaéta MEPS (Multilanguage Electronic Publishing System). Mun dibandingkeun jeung waktu urang kakara datang ka Afrika Selatan mah, harita téh téknologi geus maju pisan! (Yes. 60:17) Harita gé, abdi jeung tilu sadérék séjén ti Bétel Kanada geus kawin jeung panaratas anu sarumanget. Abdi jeung Bill masih tetep ngawula di Bétel, ari Ken jeung Dennis mah cicing jeung kulawargana di deukeut Bétel.
Pagawéan di Bétel gé jadi beuki loba. Urang narjamahkeun jeung nyitak bahan bacaan ka leuwih loba basa, terus ngirimkeunana ka cabang-cabang séjén. Tapi, urang gé jadi butuh komplék Bétel anu anyar. Jadi, sadérék-sadérék ngawangun di hiji tempat anu éndah di beulah kulon Johannesburg. Terus, éta diresmikeun dina taun 1987. Abdi bungah bisa ningali hal-hal ieu jeung bisa ngalayanan sabagé anggota Panitia Cabang salila mangtaun-taun.
MEUNANG TUGAS ANU ANYAR DEUI!
Dina taun 2001, abdi reuwas pisan sabab dibéré tugas jadi anggota Panitia Cabang di Bétel Amerika Serikat anu kakara dibentuk. Urang duaan sedih lantaran kudu ninggalkeun tugas jeung babaturan di Afrika Selatan. Tapi, urang duaan resep lantaran bisa jadi anggota kulawarga Bétel Amerika Serikat.
Sanajan kitu, abdi jeung Laura gé ngarasa hariwang lantaran kudu ninggalkeun indungna Laura nu geus sepuh. Ayeuna urang cicing di New York, jadi teu bisa loba ngurus si Mamah. Tapi, sukur adi-adina Laura daék ngurus si Mamah. Ceuk maranéhna, ”Urang teu bisa ngawula sapinuh waktu, tapi ku cara ngurus si Mamah, urang jadi bisa ngadukung maranéh pikeun terus ngawula sapinuh waktu.” Abdi jeung Laura bener-bener nganuhunkeun kana bantuan maranéhna.
Lanceuk lalaki abdi jeung pamajikanana nu cicing di Toronto, Kanada, ogé réla ngurus indung abdi nu geus randa. Nepi ka harita, si Mamah téh geus 20 taun leuwih cicing jeung maranéhna. Teu lila sanggeus urang duaan datang ka New York, si Mamah maot. Urang nganuhunkeun pisan ka maranéhna lantaran geus ngurus si Mamah nepi ka ahir. Urang bener-bener nganuhunkeun pisan sabab boga kulawarga anu ngadukung jeung réla nyieun pangorbanan pikeun ngurus kolot anu geus sepuh, sabab kadang éta téh teu gampang!
Pikeun sababaraha taun, abdi ditugaskeun di bagian percitakan di Bétel Amerika Serikat. Téknologi percitakan téh geus canggih pisan, jadi nyitak téh leuwih gampang. Terus ka dieunakeun, abdi ditugaskeun di Departemen Pembelian. Bungah pisan bisa jadi anggota kulawarga Bétel di Amerika salila 20 taun ieu. Ayeuna, di dieu aya kira-kira 5.000 anggota kulawarga Bétel jeung kurang leuwih 2.000 rélawan Bétel!
Genep puluh taun ka tukang mah, teu kabayang hirup téh bakal bagja jiga kieu. Ti saprak nikah nepi ka ayeuna, Laura terus ngadukung abdi. Urang duaan resep sabab dibéré rupa-rupa tugas ku organisasi sarta bisa digawé bareng jeung dulur-dulur saiman anu luar biasa. Éta kaasup dulur-dulur anu aya di kantor-kantor cabang anu didatangan ku urang. Ayeuna, umur abdi geus leuwih ti 80 taun. Jadi pagawéan abdi dikurangan, komo ayeuna mah loba sadérék-sadérék ngora anu tarampil.
Ceuk nu nulis jabur, ”Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN.” (Jab. 33:12) Éta téh bener pisan! Abdi bener-bener bagja bisa ngawula ka Yéhuwa bareng jeung umat-Na.