ARTIKEL PALAJARAN 51
”PANGERAN . . . Nyalametkeun ka Nu Pegat Pangharepan”
”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”—JAB. 34:19.
KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi
NU DIBAHAS *
1-2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?
MEUREUN, kadang urang ngarasa hirup téh singget jeung ”seueur kasusahna”. (Ayub 14:1) Jadi, wajar mun urang osok leutik haté. Baheula, loba hamba Yéhuwa anu ngarasa jiga kitu, malah aya nu hayang paéh. (1 Rja. 19:2-4; Ayub 3:1-3, 11; 7:15, 16) Tapi, Yéhuwa, Allah anu dipercaya ku maranéhna, teterusan ngahibur jeung nguatkeun maranéhna. Kisah maranéhna dicatet supaya urang bisa kahibur, sarta diajar tina tuladan maranéhna.—Rum 15:4.
2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha di antarana, nyaéta Yusup putrana Yakub, saurang randa nu ngaranna Naomi jeung minantuna, nyaéta Rut, hiji urang Léwi nu nulis Jabur 73, sarta Rasul Pétrus. Kumaha Yéhuwa nguatkeun maranéhna? Jeung, urang bisa diajar naon waé tina pangalaman maranéhna? Jawabanana bisa ngayakinkeun urang yén ”PANGÉRAN teh raket ka jalma nu remuk hate” jeung ”nyalametkeun ka nu pegat pangharepan”.—Jab. 34:19.
YUSUP NGALAMAN KATEUADILAN ANU KEJEM
3-4. Naon nu kaalaman ku Yusup waktu manéhna ngora kénéh?
3 Basa Yusup kira-kira umur 17 taun, manéhna dibéré dua impian ku Allah. Dua impianna nunjukkeun, Yusup bakal jadi jalma penting nu dihormat ku kulawargana. (Kaj. 37:5-10) Tapi teu lila sanggeus meunang impian éta, kahirupan Yusup barobah pisan. Lainna dihormat, Yusup kalah ka dijual ku lanceuk-lanceukna. Manéhna jadi badéga di imah saurang pajabat Mesir nu teu kenal ka Yéhuwa, nyaéta Potipar. (Kaj. 37:21-28) Ngan di jero sakiceup mata, Yusup nu tadina putra nu dipikanyaah ku bapana, jadi badéga anu teu dihargaan di Mesir.—Kaj. 39:1.
Kaj. 39:14-20; Jab. 105:17, 18) Harita, Yusup téh ngora kénéh. Jadi, bayangkeun kumaha parasaanna waktu dipitnah jiga kitu. Terus, bisa waé nami Yéhuwa digogoréng gara-gara masalah éta. Jadi, sabenerna bisa waé Yusup leutik haté.
4 Terus, kaayaan téh beuki parah. Pamajikanna Potipar mitnah rék diperkosa ku Yusup. Potipar teu mariksa heula nu sabenerna. Manéhna kalah ka langsung ngagebluskeun Yusup ka panjara. Di ditu Yusup diranté. (5. Naon nu dilakukeun ku Yusup supaya manéhna teu leutik haté?
5 Waktu jadi badéga jeung waktu dipanjara, Yusup teu bisa ngalakukeun naon-naon jang ngarobah kaayaan. Jadi, naon nu Yusup lakukeun? Yusup henteu teterusan mikirkeun masalahna, tapi manéhna getol ngajalankeun tugasna. Terus nu pangpentingna, Yusup upaya pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Ku kituna, Yéhuwa ngaberkahan manéhna.—Kaj. 39:21-23.
6. Kumaha Yusup dikuatkeun ku impianna?
6 Yusup gé meureun gedé haté mun nginget-nginget deui impianna ti Yéhuwa sababaraha taun saacanna. Tina impianna, Yusup nyaho manéhna bakal panggih deui jeung kulawargana, sarta kaayaan bakal jadi leuwih hadé. Bener wé, éta jadi kanyataan. Waktu umurna kira-kira 37 taun, impian Yusup ngawujud ku cara nu ahéng!—Kaj. 37:7, 9, 10; 42:6, 9.
7. Sajalan jeung 1 Petrus 5:10, naon nu bisa ngabantu urang teger waktu aya cocoba?
7 Naon palajaranna keur urang? Urang diingetan, dunya ieu téh kejem, sarta batur bisa waé teu adil ka urang. Dulur saiman gé bisa waé nganyenyeri haté urang. Tapi, mun urang ngajadikeun Yéhuwa sabagé bénténg urang, urang moal leutik haté teuing atawa eureun ngawula Mantenna. (Jab. 62:7, 8; baca 1 Petrus 5:10.) Terus, pikirkeun ieu. Waktu Yéhuwa méré impian, Yusup téh umurna masih 17 taunan. Éta nunjukkeun, Yéhuwa percaya ka hamba-hamba-Na nu ngora kénéh. Ayeuna gé, loba budak ngora nu jiga Yusup. Maranéhna boga iman nu kuat ka Yéhuwa. Malah demi ngabéla imanna, aya nu dipanjara sacara teu adil.—Jab. 110:3.
DUA WANITA ANU NALANGSA
8. Naon nu kaalaman ku Naomi jeung Rut?
8 Lantaran aya kalaparan nu parah, Naomi sakulawarga ninggalkeun Yuda sarta ngungsi ka Moab. Di ditu, salakina Naomi, nyaéta Élimélék, maot. Ayeuna, Naomi hirup jeung dua putrana. Ka dieunakeun, dua putrana kawin jeung wanita Moab, Rut sarta Orpa. Tapi kira-kira sapuluh taun sanggeusna, putra-putrana Naomi gé maot saacan barogaeun budak. (Rut 1:1-5) Bayangkeun sakumaha sedihna tilu randa éta! Rut jeung Orpa mah bisa kawin deui. Tapi, ari Naomi kumaha? Manéhna téh geus sepuh. Saha nu rék ngurusna? Naomi nalangsa pisan, nepi ka ngomong, ”Tong disebut deui Naomi kuring mah, sebut wae Mara, lantaran hirup teh ku Allah Nu Maha Kawasa disina pinuh ku papait.” Bari remuk haté, Naomi mutuskeun rék balik deui ka Bétléhém. Rut milu jeung manéhna.—Rut 1:7, 18-20.
9. Sajalan jeung Rut 1:16, 17, 22, kumaha Rut nguatkeun Naomi?
9 Naon nu nguatkeun Naomi? Kanyaah nu teu eureun-eureun. Rut nunjukkeun kanyaah jiga kitu ku cara terus maturan Naomi. (Baca Rut 1:16, 17, 22.) Di Bétléhém, Rut getol digawé ngumpulkeun gandum keur manéhna jeung Naomi. Jalma-jalma gé bisa ningali, Rut téh awéwé nu bageur jeung getol digawé.—Rut 3:11; 4:15.
10. Kumaha carana Yéhuwa nunjukkeun kanyaah ka jalma-jalma nu miskin jiga Naomi jeung Rut?
10 Yéhuwa méré hukum ka urang Israil anu nunjukkeun kanyaah-Na ka jalma-jalma nu miskin, jiga Naomi jeung Rut. Hukumna nyebutkeun, mun keur panén, gandum nu di sisi-sisi kotakan ulah diala, keun wé antepkeun ngarah bisa dikumpulkeun ku nu miskin. (Ima. 19:9, 10) Jadi, Naomi jeung Rut teu kudu punta-pénta dahareun, sarta bakal tetep dihargaan ku batur.
11-12. Boas ngalakukeun naon nu mawa kabungah keur Naomi jeung Rut?
11 Rut téh ngumpulkeun gandumna di lahan saurang lalaki beunghar nu ngaranna Boas. Boas tajub ningali Rut mani satia jeung nyaah pisan ka Naomi, mitohana. Ku kituna, Rut ditikah ku Boas. Jadi, ayeuna kulawarga Naomi bisa ngapimilik deui warisan kulawarga, nu engkéna bisa dibikeun ka turunanna Rut. (Rut 4:9-13) Boas jeung Rut boga anak nu ngaranna Obéd, nu engkéna jadi akina Raja Daud.—Rut 4:17.
12 Bayangkeun sakumaha bungahna Naomi waktu ngais Obéd! Naomi pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa. Tapi engké waktu dihirupkeun deui, Naomi jeung Rut bakal leuwih bungah deui, sabab maranéhna bakal apal Obéd téh jadi karuhunna Mésias anu dijangjikeun, nyaéta Yésus Kristus.
13. Urang diajar naon tina kisah Naomi jeung Rut?
13 Naon palajaranna keur urang? Waktu nyanghareupan cocoba, bisa waé urang jadi leutik haté, atawa malah pegat pangharepan. Meureun urang ngarasa, teu aya jalan kaluarna. Dina kaayaan jiga kitu, urang kudu bener-bener percaya ka Bapa urang di sawarga, sarta tetep deukeut jeung dulur-dulur saiman. Nya mémang, can tangtu masalahna disingkirkeun ku Yéhuwa. Baheula gé, Yéhuwa teu ngahirupkeun deui salaki jeung putra-putrana Naomi. Tapi Yéhuwa bakal nguatkeun urang, misalna liwat kanyaah anu ditunjukkeun ku dulur-dulur saiman.—Sil. 17:17.
URANG LÉWI NU AMPIR EUREUN NGAWULA YÉHUWA
14. Ku naon hiji urang Léwi leutik haté pisan?
14 Nu nulis Jabur 73 téh hiji urang Léwi. Jadi, manéhna boga tugas nu istiméwa pikeun ngalayanan di tempat suci Yéhuwa. Tapi sakali waktu, manéhna leutik haté pisan. Ku naon? Manéhna sirik ningali kahirupan jalma-jalma nu teu ngutamakeun Yéhuwa. Manéhna sirik téh lain pédah hayang sangeunahna ngalakukeun hal nu goréng, tapi lantaran ningali jalma-jalma éta hirupna mani ngeunah. (Jab. 73:2-9, 11-14) Maranéhna jiga nu teu kakurangan nanaon. Hirupna beunghar, bagja, jeung teu aya kahariwang. Ningali kitu, anu nulis jabur jadi leutik haté, sarta ngomong, ”Percumah kaula hirup beresih, teu guna ngajauhan dosa oge.” Pamikiran jiga kitu téh bahaya pisan.
15. Dina Jabur 73:16-19, 22-25, ku naon urang Léwi anu nulis jabur henteu leutik haté deui?
15 Baca Jabur 73:16-19, 22-25. Urang Léwi éta ”asup ka bait Gusti”. Di ditu, manéhna gaul jeung jalma-jalma anu ngutamakeun Yéhuwa. Jadi, manéhna bisa leuwih tenang, bisa mikir leuwih bener, sarta bisa ngadoakeun masalahna. Ahirna manéhna sadar, manéhna téh teu bijaksana, sarta bisa ngaruksak sosobatanna jeung Yéhuwa. Manéhna gé paham, nu daroraka téh keur aya di tempat ”nu laleueur” sarta ’tungtungna pikagimireun’. Supaya teu teterusan sirik jeung leutik haté, manéhna kudu boga cara pikir jiga Yéhuwa. Ku kituna, manéhna bisa bagja jeung teu teterusan susah haté. Manéhna ngomong, ”Di dunya gé hoyong naon deui, da parantos gaduh [Yéhuwa].”
16. Urang bisa diajar naon ti urang Léwi nu nulis jabur?
16 Naon palajaranna keur urang? Ulah pernah sirik ka jalma-jalma nu teu ngutamakeun Yéhuwa jeung hirupna katingali senang. Kasenangan maranéhna téh ngan saharitaeun. Maranéhna gé moal hirup langgeng. (Pan. 8:12, 13) Mun urang sirik, urang bisa leutik haté. Sosobatan urang jeung Yéhuwa gé bisa ruksak. Jadi mun urang geus mulai sirik, pék conto urang Léwi tadi. Tuturkeun naséhat Allah, sarta gaul jeung jalma-jalma anu ngalakukeun kahayang Yéhuwa. Jadikeun Yéhuwa sumber kabungah Sadérék. Sadérék bakal bagja sarta bakal tetep aya dina jalan anu nungtun kana ”hirup sajati”.—1 Tim. 6:19.
PÉTRUS LEUTIK HATÉ LANTARAN KALEMAHANNA
17. Ku naon Pétrus jadi leutik haté?
17 Rasul Pétrus téh jalma nu sumanget. Tapi, kadang manéhna ngomong atawa nyieun tindakan bari teu dipikir heula, jadi wé manéhna osok kaduhung. Misalna, sakali waktu Yésus ngomong ka para rasul yén anjeunna bakal sangsara sarta maot. Tapi, ku Pétrus langsung dibantah, ”Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!” (Mat. 16:21-23) Harita, Pétrus dikoréksi ku Yésus. Terus, waktu gorombolan jalma rék néwak Yésus, Pétrus gagabah. Manéhna ngadék ceuli badégana imam agung nepi ka rampung. (Yoh. 18:10, 11) Sakali deui, Pétrus dikoréksi ku Yésus. Geus kitu, Pétrus gé pernah susumbar, saupama rasul séjénna ninggalkeun Yésus, manéhna mah moal ninggalkeun anjeunna. (Mat. 26:33) Tapi, geuningan kanyataanna mah teu kitu. Malah peuting éta kénéh, saking ku sieunna, tilu kali manéhna ngomong teu wawuh ka Guruna. Ahirna, Pétrus jadi leutik haté pisan. ”Leos bae Petrus kaluar, ceurik nalangsa kabina-bina.” (Mat. 26:69-75) Pétrus pasti mikir, meureun Yésus moal ngahampura manéhna.
18. Kumaha Yésus ngabantu Pétrus pikeun ngalawan parasaan leutik haté?
18 Untungna, Pétrus teu teterusan leutik haté. Sanggeus nyieun kasalahan, manéhna tetep ngawula Yéhuwa bareng jeung rasul-rasul séjén. (Yoh. 21:1-3; Ras. 1:15, 16) Naha bisa kitu? Pétrus inget, Yésus geus ngadoakeun manéhna supaya teu pecat iman. Yésus gé ménta Pétrus supaya sumanget deui sarta nguatkeun dulur-dulur saiman. Doa Yésus dijawab ku Yéhuwa. Geus kitu, Yésus gé némbongan ka Pétrus pikeun nguatkeun manéhna. (Luk. 22:32; 24:33, 34; 1 Kor. 15:5) Terus sakali waktu, sanggeus para rasul ngala lauk sapeupeuting tapi euweuh hasil, Yésus némbongan ka maranéhna. Harita, Yésus méré kasempetan ka Pétrus pikeun ngungkabkeun kanyaahna ka Yésus. Éta nunjukkeun, Yésus geus ngahampura sobatna ieu. Tuluy, anjeunna gé méré leuwih loba tugas ka Pétrus.—Yoh. 21:15-17.
19. Ceuk Jabur 103:13, 14, kumaha parasaan Yéhuwa waktu urang ngalakukeun dosa?
19 Naon palajaranna keur urang? Sikep Yésus ka Pétrus nunjukkeun yén anjeunna téh welas asih pisan, jiga Bapana. Jadi mun urang nyieun kasalahan, urang teu meunang mikir Yéhuwa moal ngahampura urang. Nu hayang urang mikir jiga kitu téh Sétan. Sing inget, Yéhuwa téh nyaah ka urang sarta paham kana kalemahan urang. Mantenna gé daék ngahampura urang. Jadi, urang kudu nyonto Mantenna mun aya nu nganyenyeri urang.—Baca Jabur 103:13, 14.
20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
20 Sanggeus ngabahas pangalaman Yusup, Naomi jeung Rut, urang Léwi nu nulis jabur, sarta Pétrus, urang yakin yén ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate”. (Jab. 34:19) Kadang, Yéhuwa teu nyegah urang ngalaman masalah nu beurat jeung ngarasa leutik haté. Tapi mun urang boga masalah, Yéhuwa bakal nulungan urang. Terus mun urangna teu nyerah, iman urang bakal beuki kuat. (1 Pet. 1:6, 7) Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas leuwih loba kumaha Yéhuwa mantuan hamba-hamba-Na nu leutik haté lantaran teu sampurna atawa boga masalah anu beurat.
KAWIH 7 Yéhuwa Kakuatan Abdi
^ par. 5 Yusup, Naomi jeung Rut, hiji urang Léwi, sarta Rasul Pétrus ngalaman loba cocoba anu matak leutik haté. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa ngahibur jeung nguatkeun maranéhna. Urang gé bakal diajar tina tuladan maranéhna, sarta ningali cara Yéhuwa nu pinuh kanyaah waktu nulungan maranéhna.
^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Naomi, Rut, jeung Orpa ngarasa sedih jeung leutik haté lantaran ditinggal maot ku salaki maranéhna. Ka dieunakeun, Naomi, Rut, jeung Boas bungah sanggeus Obéd lahir.