Pananya ti Nu Maca
Ku naon Yésus ngutip kekecapan Daud nu dicatet dina Jabur 22:2 percis saacan anjeunna maot?
Kekecapan Yésus percis saacan maot téh ditulis dina Mateus 27:46, ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?” Sabenerna waktu Yésus ngomong saperti kitu, kekecapan Daud nu dicatet dina Jabur 22:2 téh keur laksana. (Mar. 15:34) Yésus ngomong kitu téh lain lantaran kuciwa atawa geus teu boga iman ka Allah. Yésus paham pisan ku naon anjeunna kudu maot, anjeunna gé réla ngalakukeunana. (Mat. 16:21; 20:28) Yésus apal, Yéhuwa moal nyegah anjeunna dipaéhan. (Ayub 1:10) Éta téh lantaran Yéhuwa hayang méré kasempetan ka Yésus pikeun ngabuktikeun yén anjeunna bakal terus satia, teu sual kumaha cara anjeunna dipaéhan.—Mar. 14:35, 36.
Jadi, ku naon Yésus ngutip kekecapan dina jabur éta? Mémang urang teu nyaho alesan pastina, tapi pikirkeun sababaraha alesan ieu. *
Meureun harita Yésus rék nandeskeun yén Yéhuwa moal nulungan anjeunna basa rék dihukum pati. Yésus kudu mayar tebusan tanpa pitulung ti Yéhuwa. Anjeunna téh hirup sabagé manusa jeung kudu maot, supaya bisa ”nemahan pupus” demi kabéh jalma.—Ibr. 2:9.
Jab. 22:8, 9, 16, 17, 19, 25) Terus dina bagian ahir jabur éta, nu nulisna téh ngamulyakeun Yéhuwa jeung nyebutkeun Mantenna téh Raja sakuliah bumi.—Jab. 22:28-32.
Meureun Yésus hayang jalma-jalma mikirkeun sakabéh eusi tina jabur éta. Harita, geus biasa mun urang Yahudi ngapalkeun loba jabur. Jadi mun ngadéngé hiji ayat tina jabur, maranéhna biasana bakal langsung inget kana sakabéh eusi jabur éta. Lamun éta tujuan Yésus, hartina anjeunna hayang urang Yahudi nu jadi muridna inget kana ramalan ngeunaan kajadian-kajadian pas anjeunna téréh maot. (Meureun Yésus téh hayang nandeskeun yén anjeunna teu salah nanaon. Saacan dipaéhan, Yésus téh dihakiman sacara teu adil jeung dituduh ngahina Allah. (Mat. 26:65, 66) Harita, para anggota Sanhédrin buru-buru ngumpul tengah peuting jeung ngayakeun pangadilan nu henteu sah. (Mat. 26:59; Mar. 14:56-59) Jadi ku cara ngutip kekecapan Daud, meureun Yésus hayang nandeskeun yén anjeunna téh teu salah nanaon sarta teu pantes dibéré hukuman jiga kitu.
Meureun Yésus rék nunjukkeun, anjeunna tetep dipikaresep ku Yéhuwa. Baheula gé, Daud ngalaman kasusah, tapi lain hartina manéhna teu dipikaresep ku Yéhuwa. Daud ngomong kitu téh lain lantaran teu boga iman. Malah sanggeus ngomong kitu, Daud ngungkabkeun yén manéhna yakin Yéhuwa bisa nulungan umat-Na. Daud gé terus diberkahan ku Yéhuwa. (Jab. 22:24, 25, 28) Kitu ogé, najan Yésus ”Putra Daud” disiksa dina tihang, éta lain hartina Yéhuwa geus teu mikaresep Yésus.—Mat. 21:9.
Meureun Yésus rék nunjukkeun anjeunna téh sedih pisan lantaran Yéhuwa kudu ngantep anjeunna dipaéhan pikeun ngabuktikeun kasatiaanana. Sabenerna, Yéhuwa teu boga niat pikeun ngantep Putra-Na sangsara jeung dipaéhan. Tapi, éta jadi kudu dilakukeun lantaran Adam jeung Hawa teu satia. Yésus téh teu salah nanaon, tapi anjeunna kudu sangsara jeung maot pikeun ngabuktikeun yén tuduhan Sétan téh salah. Anjeunna gé kudu nebus naon nu geus dileungitkeun ku Adam. (Mar. 8:31; 1 Pet. 2:21-24) Éta kabéh bisa laksana lamun Yéhuwa teu ngalindungan Yésus pikeun saheulaanan. Saacanna mah, Yésus teu pernah teu dilindungan jiga kitu.
Meureun Yésus hayang murid-muridna mikirkeun ku naon Yéhuwa ngantep anjeunna maot dina tihang siksaan. * Yésus nyaho bakal loba nu naringgalkeun anjeunna lantaran anjeunna maot sabagé penjahat dina tihang siksaan. (1 Kor. 1:23, Terjemahan Dunia Baru) Tapi lamun murid-muridna ngarti alesan nu sabenerna, maranéhna bakal paham ku naon anjeunna kudu maot jiga kitu. (Gal. 3:13, 14) Maranéhna moal nganggap Yésus sabagé penjahat, tapi sabagé Jurusalamet.
Teu sual naon alesanana Yésus ngutip kekecapan dina jabur, Yésus apal anjeunna keur ngalaksanakeun tujuan Yéhuwa. Teu lila sanggeus ngutip éta jabur, Yésus ngomong, ”Geus tutas!” (Yoh. 19:30; Luk. 22:37) Lantaran harita Yéhuwa teu ngalindungan Yésus, Yésus jadi bisa nganggeuskeun tugasna di bumi. Anjeunna gé jadi bisa ngawujudkeun ramalan ngeunaan anjeunna nu ditulis ”dina Kitab Hukum Musa, dina Kitab Nabi-nabi jeung dina Kitab Jabur”.—Luk. 24:44.
^ par. 2 Tingali ogé paragrap 9 jeung 10 tina artikel ”Diajar tina Omongan Yésus Saacan Anjeunna Maot” dina édisi ieu.
^ par. 4 Salila palayananana, Yésus sok ngucapkeun hiji hal atawa méré pananya ka murid-muridna. Tapi, éta téh lain lantaran Yésus hayang ngungkabkeun parasaanana atawa teu ngarti kana hiji hal. Yésus jiga kitu téh lantaran hayang nyaho naon nu dipikirkeun ku murid-muridna.—Mar. 7:24-27; Yoh. 6:1-5; tingali Menara Pengawal 15 Oktober 2010, kaca. 4-5.