Ceuk Jalma-Jalma Ngeunaan Doa
”Pas keur leutik haté, abdi osok ngadoa. Abdi ngarasa Gusti téh nyepengan leungeun abdi jeung nungtun abdi.”—MARÍA.
”Sanggeus 13 taun gering kangker, pamajikan abdi maot. Abdi ngadoa ka Gusti unggal poé. Unggal ngadoa, abdi ngarasa tengtrem. Abdi yakin doa abdi téh didéngékeun.”—RAÚL.
”Doa téh hadiah nu istiméwa ti Gusti keur manusa.”—ARNE.
Keur María, Raúl, Arne, jeung jalma-jalma séjénna, doa téh hadiah nu istiméwa. Waktu ngadoa, maranéhna bisa nyaritakeun eusi haté ka Gusti, ngucap sukur, jeung ménta pitulung. Maranéhna percaya kana kekecapan di Kitab Suci, ”Di payuneun Allah teh teger, lantaran yakin Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.”—1 Yohanes 5:14.
Tapi, loba jalma ngarasa cangcaya ka nu dijelaskeun Kitab Suci ngeunaan doa. Steve nyaritakeun parasaanana, ”Waktu urang kakara 17 taun, tilu babaturan urang maot. Nu hiji maot ku sabab kacilakaan mobil, nu dua deui tilelep di laut. Terus urang ngadoa ménta jawaban
ka Gusti, ku naon hal saperti kieu téh kajadian. Tapi doa urang teu dijawab. Urang jadi mikir, ’Naon gunana ngadoa?’” Katingalina, loba jalma gé ngarasa doa téh teu aya gunana.Aya alesan séjén deui ku naon jalma-jalma ngarasa doa téh teu aya mangpaatna. Ceuk pamikir jalma-jalma, Gusti téh geus nyaho sagala hal, kaasup pangabutuh jeung masalah urang. Jadi, keur naon éta didoakeun deui ka Gusti?
Nu séjénna yakin Gusti téh embung ngadéngékeun doa ku sabab maranéhna pernah nyieun kasalahan. Jenny ngomong, ”Abdi ngarasa teu boga harga diri, da geus ngalakukeun hal-hal nu goréng. Abdi yakin, doa abdi mah moal didéngé ku Allah.”
Kumaha jeung Sadérék? Lamun Sadérék gé ngarasakeun hal nu sarua, ulah hariwang, sabab Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék. Sadérék bisa meunangkeun jawaban ti pananya-pananya ngeunaan doa *:
-
Na doa urang didéngékeun ku Gusti?
-
Ku naon aya doa-doa nu teu dijawab?
-
Kumaha supaya doa urang didéngé ku Gusti?
-
Na enya doa bisa ngabantu urang?
^ par. 9 Kitab Suci ngamuat doa hamba-hamba Gusti, kaasup doa Isa Almasih. Kitab-Kitab Ibrani, nu sering disebut Perjangjian Lawas, ngamuat leuwih ti 150 doa.