Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 51

Sing Terus ”Nurut ka Manéhna”

Sing Terus ”Nurut ka Manéhna”

”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.”​—MAT. 17:5.

KAWIH 54 ”Ieu Jalanna”

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Tilu rasulna Isa téh dititah naon, jeung naon tanggapan maranéhna? (b) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon?

SANGGEUS Paskah taun 32 M, Rasul Pétrus, Yakobus, jeung Yahya ningali kajadian nu luar biasa pisan. Harita maranéhna keur aya di gunung nu luhur, katingalina di daérah Gunung Hérmon. Rupa Isa barobah di hareupeun maranéhna. ”Beungeutna caang kawas panonpoé, baju luarna bodas nyacas.” (Mat. 17:1-4) Terus pas kajadianana téréh bérés, para rasul ngadéngé Allah ngomong, ”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.” (Mat. 17:5) Cara hirup tilu rasul ieu ngabuktikeun yén maranéhna téh daék nurut, atawa ngadéngékeun Isa. Urang hayang nyonto maranéhna.

2 Dina artikel saacanna, urang geus diajar yén ngadéngékeun sora Isa téh nyaéta urang nyingkahan hal-hal nu ulah dilakukeun. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas dua hal nu sakuduna dilakukeun.

”HEUG ARASUP KA GERBANG NU SEMPIT”

3. Dumasar Matius 7:13, 14, urang kudu ngalakukeun naon?

3 Baca Matius 7:13, 14. Isa méré nyaho aya dua gerbang anu brasna ka dua jalan nu béda. Nu hiji mah jalanna ”lega”, nu hiji deui mah jalanna ”heurin”. Jalanna téh ngan dua, euweuh jalan nu katilu. Urang sorangan nu kudu milih urang hayang aya di jalan nu mana. Ieu téh putusan nu paling penting, ku lantaran ngan aya hiji jalan nu bakal mawa urang kana hirup nu langgeng.

4. Jiga kumaha jalan nu ”lega” téh?

4 Urang kudu inget bédana dua jalan éta. Loba jalma milih jalan nu ”lega”, lantaran éta téh leuwih gampang ditempuhna. Hanjakalna, maranéhna hayang terus aya dina jalan lega lantaran hayang nuturkeun loba jalma. Maranéhna teu sadar yén sabenerna Sétan si Iblis nu hayang maranéhna aya dina jalan éta, padahal jalanna téh brasna kana kabinasaan.​—1 Kor. 6:9, 10; 1 Yah. 5:19.

5. Naon waé nu geus diusahakeun ku sababaraha jalma pikeun néangan jeung nempuh jalan nu ”heurin”?

5 Salian jalan nu ”lega” téh, aya jalan nu ”heurin”. Isa ngomong yén ngan saeutik nu bisa manggihan jalan ieu. Ku naon? Dina ayat saterusna, Isa ngingetkeun ka para muridna pikeun ati-ati ka nabi-nabi palsu. (Mat. 7:15) Aya nu ngomong, agama téh aya rébuan, jeung ampir kabéhanana ngaku ngajarkeun bebeneran. Ku lantaran éta, jalma-jalma téh jadi bingung jeung embung néangan jalan nu brasna kana kahirupan. Tapi urang bisa manggihan jalan éta. Ceuk Isa, ”Lamun maranéh tetep nyekel pangajaran urang, maranéh bener-bener murid urang. Maranéh gé bakal nyaho naon nu bener, jeung nu bener éta bakal ngabébaskeun maranéh.” (Yah. 8:31, 32) Kitu gé jeung Sadérék. Sadérék téh teu pipilueun loba jalma, tapi justru néangan bebeneran. Éta téh alus pisan. Sadérék mulai bener-bener diajar Firman Allah supaya nyaho kahayang Yéhuwa ti Sadérék. Sadérék gé ngadéngékeun pangajaran Isa. Sadérék diajar yén Yéhuwa hayang urang ninggalkeun pangajaran jeung parayaan agama palsu. Meureun, Sadérék ngarasa teu gampang pikeun ngalakukeun kahayang Yéhuwa jeung eureun ngalakukeun nu dipikageuleuh ku Yéhuwa. (Mat. 10:34-36) Bisa jadi, baheula Sadérék téh hésé nyieun parobahan siga kitu. Tapi éta tetep diusahakeun ku Sadérék, ku lantaran Sadérék téh nyaah ka Bapa nu di sorga jeung hayang nyenangkeun haté Anjeunna. Yéhuwa pasti resep pisan ka Sadérék.​—Sil. 27:11.

CARANA TETEP AYA DINA JALAN NU HEURIN

Naséhat jeung patokan hirup ti Allah bisa ngabantu urang pikeun terus aya dina jalan nu ”heurin” (Tingali paragrap 6-8) *

6. Dumasar Jabur 119:9, 10, 45, 133, kumaha supaya urang tetep aya dina jalan nu heurin?

6 Lamun urang geus nempuh jalan nu heurin, kumaha supaya urang tetep aya dina jalan éta? Perhatikeun conto ieu. Waktu urang keur nyetir di gunung, biasana di péngkolan-péngkolan jalan téh aya pager. Nah, pager-pager éta ngajaga supaya urang nyetirna teu ka sisi teuing jeung teu cilaka. Urang pasti moal ngomong yén pager éta téh ngahalangan urang. Naséhat Yéhuwa nu aya dina Alkitab sarua jiga pager éta. Naséhatna ngabantu urang supaya tetep aya dina jalan nu heurin.​—Baca Jabur 119:9, 10, 45, 133.

7. Kumaha sakuduna pandangan barudak ngora kana jalan nu heurin?

7 Barudak ngora, na anjeun ngarasa patokan hirup ti Yéhuwa téh sok ngahalangan anjeun? Sétan hayang anjeun mikir kitu. Manéhna hayang anjeun kabita kana kahirupan jalma-jalma nu aya dina jalan nu lega, nu katingalina téh bagja pisan. Manéhna hayang anjeun ngarasa hirup anjeun téh pikaboseneun, teu jiga babaturan sakola atawa jalma-jalma nu aya dina Internét. Sétan hayang anjeun nganggap patokan hirup ti Yéhuwa téh ngahalangan anjeun pikeun hirup senang. * Tapi ulah poho, Sétan mah teu némbongkeun tungtung tina jalan éta. Tapi ari Yéhuwa mah némbongkeunana. Hirup urang bakal bagja lamun urang terus aya dina jalan nu brasna kana kahirupan.​—Jab. 37:29; Yes. 35:5, 6; 65:21-23.

8. Barudak ngora bisa diajar naon tina pangalaman Olaf?

8 Anjeun bisa diajar tina pangalaman saurang budak ngora nu ngaranna Olaf. * Babaturan sakelasna ngagoda manéhna pikeun ngalakukeun hal cabul. Olaf ngajelaskeun yén cara hirup Saksi-Saksi Yéhuwa téh nuturkeun bingbingan tina Alkitab. Tapi awéwé-awéwé di kelasna kalah ka jadi beuki ngagoda manéhna pikeun ngalakukeun hubungan séks. Najan kitu, Olaf tetep teu kagoda. Teu ngan éta hungkul, Olaf gé nyanghareupan tangtangan séjénna. Ceuk Olaf, ”Guru-guru di sakola nitah supaya abdi kuliah. Cenah lamun abdi henteu kuliah, abdi moal boga pagawéan nu alus jeung hirup abdi ogé moal suksés.” Naon nu ngabantu Olaf nyanghareupan tangtangan éta? Manéhna ngomong, ”Abdi jadi leuwih sering gaul jeung sadérék-sadérék di sidang. Maranéhna téh geus jiga kulawarga abdi. Abdi ogé jadi leuwih enya-enya diajar Alkitabna. Beuki loba abdi diajar Alkitabna, abdi jadi beuki yakin ieu téh bebeneran. Ku kituna, abdi mutuskeun pikeun dibaptis.”

9. Naon nu kudu dilakukeun lamun urang hayang terus aya dina jalan nu heurin?

9 Sétan hayang urang kaluar tina jalan nu brasna kana kahirupan. Manéhna hayang urang pindah jalur jeung nuturkeun loba jalma nu aya dina jalan nu lega nu ”brasna kana kabinasaan”. (Mat. 7:13) Tapi urang bisa terus aya dina jalan nu heurin lamun urang terus ngadéngékeun Isa jeung nganggap jalan ieu téh sabagé panyalindungan keur urang. Ayeuna hayu urang bahas naon deui nu diajarkeun ku Isa nu kudu dilakukeun.

UPAYAKEUN KARUKUNAN JEUNG DULUR-DULUR SAIMAN

10. Dumasar kekecapan Isa dina Matius 5:23, 24, naon nu kudu dilakukeun ku urang?

10 Baca Matius 5:23, 24. Dina ayat ieu, Isa keur ngabahas hiji kagiatan nu dianggap penting ku urang Yahudi. Caritana, aya saurang jalma nu rék méré kurbanna ka imam di bait. Tapi manéhna téh inget aya dulurna nu nyeri haté kana kalakuan manéhna. Éta kurban kudu ditunda heula, terus manéhna kudu ”geuwat indit”. Ku naon? Na aya nu leuwih penting tibatan méré kurban ka Yéhuwa? Isa méré nyaho, ”Téangan heula dulur manéh tuluy ménta hampura.”

Na Sadérék daék nuturkeun tuladan Yakub nu ngarendahkeun dirina supaya bisa rukun deui jeung lanceukna? (Tingali paragrap 11-12) *

11. Naon nu diupayakeun ku Yakub pikeun rukun deui jeung Ésau?

11 Urang gé bisa diajar ngeunaan ngupayakeun karukunan tina pangalamanana Yakub. Sanggeus 20 taun ninggalkeun tempat asalna, Yéhuwa ngagunakeun malaikat-Na pikeun nitah Yakub balik deui ka ditu. (Kaj. 31: 11, 13, 38) Tapi aya masalah. Ésau, lanceukna, téh hayang pisan maéhan Yakub. (Kaj. 27: 41) Katingalina Ésau téh masih kacida ambekna ka Yakub. Yakub jadi ”sakalangkung gugup bawaning ngaraos gimir”. (Kaj. 32: 7) Naon nu diupayakeun ku Yakub pikeun rukun deui jeung lanceukna? Mimitina, manéhna ngadoakeun masalah ieu ka Yéhuwa. Geus kitu, manéhna gé méré loba pisan hadiah ka Ésau. (Kaj. 32: 9-15) Terus pas panggih, Yakub téh maju pikeun nunjukkeun rasa hormat ka Ésau. Yakub sujud di hareupeun Ésau, teu ngan sakali dua kali, tapi nepi ka tujuh kali! Yakub daék ngarendahkeun dirina jeung ngahormat ka lanceukna. Ku kituna, manéhna bisa rukun deui jeung lanceukna.​—Kaj. 33: 3, 4.

12. Urang bisa diajar naon ti Yakub?

12 Urang bisa diajar hal penting ti Yakub. Manéhna téh nyiapkeun diri heula saacan panggih jeung Ésau sarta ngusahakeun pikeun narik ati Ésau. Ku cara nu rendah haté, Yakub ménta bantuan Yéhuwa. Terus, manéhna gé nyieun tindakan anu sajalan jeung doana éta. Waktu panggih jeung lanceukna, Yakub henteu ngaributkeun saha nu bener jeung saha nu salah. Kahayang Yakub téh nyaéta rukun deui jeung lanceukna. Kumaha carana urang nyonto Yakub?

CARANA NGUPAYAKEUN KARUKUNAN

13-14. Lamun urang sadar urang téh geus nganyenyeri dulur saiman, naon nu kudu dilakukeun?

13 Lamun urang hayang terus aya dina jalan nu brasna kana kahirupan, urang kudu sabisa-bisa rukun jeung dulur saiman urang. (Rm. 12:18) Lamun urang sadar urang téh geus nganyenyeri dulur saiman urang, naon nu kudu dilakukeun? Sarua jiga Yakub, urang bisa ngadoa ka Yéhuwa. Urang ménta tulung supaya Anjeunna ngaberkahan upaya urang pikeun rukun deui jeung dulur saiman urang.

14 Pék sadiakeun waktu pikeun mariksa diri sorangan. Misalna urang bisa mikirkeun, ’Na urang téh daék ngaku yén urang nu salah, daék ménta hampura, jeung ngupayakeun karukunan? Kumaha parasaan Yéhuwa jeung Isa lamun ningali urang daék ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman?’ Tina jawabanana, urang bakal kageuing pikeun ngadéngékeun Isa sarta daék ngarendahkeun diri pikeun rukun deui jeung dulur saiman urang. Ku kituna, urang bisa nyonto Yakub.

15. Kumaha urang bisa ngalarapkeun Éfésus 4:2, 3 pikeun rukun jeung dulur saiman?

15 Bayangkeun lamun Yakub masih kénéh keukeuh ngaributkeun saha nu bener jeung saha nu salah. Meureun, harita Yakub jeung Ésau kalah ka jadi paséa. Jadi lamun urang hayang ngabéréskeun masalah urang jeung dulur saiman, urang téh kudu rendah haté. (Baca Éfésus 4:2, 3.) Dina Terjemahan Dunia Baru, Siloka 18:19 nyebutkeun, ”Nenangkeun dulur nu nyeri haté leuwih hésé tibatan nalukkeun kota nu dibénténgan, jeung aya jalma-jalma nu pagétréng nu hésé dirukunkeun kawas gerbang bénténg nu dipalangan.” Lamun urang daék ménta hampura, urang téh jiga nyingkirkeun palang jeung asup ka ’bénténgna’.

16. Naon nu kudu dipikirkeun ku urang, jeung ku naon?

16 Urang kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diomongkeun ka dulur saiman urang sarta cara nepikeunana. Lamun urang geus siap, urang bisa ngajak ngobrol sadérék nu nyeri haté ka urang sarta nyoba menerkeun hubungan urang jeung manéhna. Bisa jadi, mimitina omongan manéhna téh teu ngeunah kadéngéna. Meureun urang jadi gampang kabawa ambek atawa hayang ngabéla diri. Mun urang jiga kitu, na urang bakal rukun deui jeung manéhna? Bororaah. Sing inget, karukunan urang jeung dulur saiman téh leuwih penting tibatan néangan saha nu bener jeung saha nu salah.​—1 Kor. 6:7.

17. Sadérék bisa diajar naon tina pangalaman Gilbert?

17 Saurang sadérék nu ngaranna Gilbert bener-bener ngupayakeun karukunan. Manéhna nyarita, ”Baheula, abdi téh teu akur jeung budak awéwé abdi. Salila dua taun leuwih, abdi nyobaan pikeun ngabahas masalahna jeung budak awéwé abdi supaya urang duaan bisa akur deui.” Naon deui nu dilakukeun ku Gilbert? ”Saacan abdi ngobrol jeung budak, abdi ngadoa heula jeung nyiapkeun diri, bisi omongan manéhna téh nganyenyeri abdi. Abdi gé kudu siap ngahampura. Abdi lainna hayang ngabuktikeun yén nu bener téh abdi, tapi abdi téh mémang kudu ngupayakeun karukunan.” Naon hasilna? Ceuk Gilbert, ”Ayeuna pikiran abdi jadi tengtrem lantaran abdi akur jeung sakabéh anggota kulawarga.”

18-19. Lamun urang sadar urang téh geus nganyenyeri dulur saiman, naon nu kudu dilakukeun, jeung ku naon?

18 Jadi kumaha lamun Sadérék sadar Sadérék téh geus nganyenyeri dulur saiman? Tuturkeun naséhat Isa pikeun ngupayakeun karukunan. Pék doakeun masalahna jeung ménta kawasa suci ti Yéhuwa supaya Sadérék bisa ngupayakeun karukunan. Ku kituna, Sadérék bakal bagja jeung kabukti yén Sadérék téh daék ngadéngékeun Isa.​—Mat. 5:9.

19 Urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sabab geus méré naséhat liwat ’kapala sidang jamaah’ urang, nyaéta Isa Al-Masih. (Éf. 5:23) Urang gé hayang ngadéngékeun atawa ”nurut ka manéhna”, siga nu dilakukeun ku Rasul Pétrus, Yakobus, jeung Yahya. (Mat. 17:5) Urang geus ngabahas carana pikeun ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman nu geus dinyenyeri. Lamun urang ngalakukeunana sarta terus aya dina jalan heurin nu brasna kana kahirupan, urang bakal narima loba berkah ayeuna. Tuluy, dina mangsa ka hareup gé urang bakal hirup bagja salilana!

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

^ par. 5 Isa ngajurung urang pikeun asup ka gerbang nu sempit nu brasna kana jalan kahirupan. Manéhna ogé nitah urang supaya hirup rukun jeung dulur-dulur saiman. Urang hayang ngalarapkeun naséhat ieu, tapi bisa jadi urang nyanghareupan tangtangan. Naon tangtanganana jeung kumaha cara nyanghareupanana?

^ par. 7 Tingali Pananya 6 ti brosur Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora, Kumaha Abdi Bisa Nolak Godaan?” jeung animasi papan tulis Tolak Godaan ti Babaturan! dina www.jw.org (Tingali PANGAJARAN KITAB SUCI > BUDAK NGORA.)

^ par. 8 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Lamun tetep aya dina jalan ”heurin” nu dipageran ku Allah, urang bakal dilindungan tina hal nu pibahayaeun, jiga hal cabul, babaturan nu sok ngalakukeun hal cabul, jeung pendidikan nu luhur.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Supaya bisa rukun jeung lanceukna, Yakub sababaraha kali sujud di hareupeun Ésau.