KAHIRUPAN KRISTEN
Sakumaha Gedé Panghargaan Sadérék kana Firman Allah?
Alkitab ngamuat omongan jeung pipikiran Yéhuwa, Allah nu ngilhamkeun buku suci éta. (2Pet 1:20, 21) Alkitab nandeskeun dipulihkeunana hak Allah pikeun maréntah ku jalan Karajaana-Na. Ku kituna, Alkitab méré harepan ka sakabéh umat manusa yén kahirupan téh bakal leuwih bagja kahareupna. Alkitab ogé nyaritakeun yén Yéhuwa téh Bapa nu welas asih.—Jab 86:15.
Urang masing-masing boga alesan ku naon urang ngahargaan Firman Yéhuwa. Tapi, naha urang némbongkeun yén urang ngahargaan hadiah nu luar biasa ieu ku cara maca unggal poé jeung ngajalankeun pangajaranana dina kahirupan? Naha laku lampah urang ngabuktikeun yén urang téh saperasaan saperti nu nulis jabur, ”Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti”?—Jab 119:97.
TONGTON VIDÉO CUPLIKAN—MARANÉHNA NGAHARGAAN PISAN KANA ALKITAB (WILLIAM TYNDALE), TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:
-
Ku naon William Tyndale narjamahkeun sabagian tina eusi Alkitab?
-
Ku naon upayana pikeun narjamahkeun Alkitab téh luar biasa?
-
Kumaha salinan-salinan Alkitab tarjamahan Tyndale diasupkeun susulumputan ka Inggris?
-
Kumaha urang masing-masing bisa némbongkeun yén urang ngahargaan Firman Allah?