KAHIRUPAN KRISTEN | NETEPKEUN CITA-CITA DI TAUN DINES NU ANYAR
Pindah ka Tempat nu Leuwih Ngabutuhkeun
Waktu rék pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun, urang tangtu butuh iman. (Ibr 11:8-10) Lamun Sadérék boga cita-cita pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun, pék tatanya ka kokolot sidang. Kumaha supaya Sadérék apal biayana jeung bisa milih rék pindah ka mana? Baca artikel-artikel nu ngabahas ngeunaan pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun. Pék ngobrol jeung sadérék-sadérék nu geus mantuan sidang séjén. (Sil 15:22) Pénta bingbingan Yéhuwa liwat doa. (Yak 1:5) Téangan informasi ngeunaan tempat nu hayang Sadérék datangan. Atawa mun bisa pék indit ka ditu keur sababaraha poé saacan nyieun putusan.
TONGTON VIDÉO DENGAN IMAN, RAIHLAH KESEMPATAN UNTUK MELAYANI—PINDAH KE TEMPAT YANG LEBIH MEMBUTUHKAN, TULUY BAHAS:
-
Naon waé tangtangan nu disanghareupan ku Gabriel, jeung naon nu ngabantu manéhna?