PALAJARAN 45
Karajaan nu Kabagi
Salila Suléman nyembah Yéhuwa, kaayaan Israil ayem tengtrem. Tapi, Suléman nikah jeung awéwé-awéwé ti bangsa séjén nu nyembah brahala. Lila-lila, Suléman pipilueun nyembah brahala. Yéhuwa jadi ambek. Yéhuwa ngomong ka Suléman, ’Israil rék dicokot ti kulawarga manéh, rék dibagi dua. Karajaan nu leuwih gedé bakal dibikeun ka hiji palayan manéh, kulawarga manéh ngan meunang nu leutik.’
Yéhuwa masihan terang ka pihak séjénna ogé ngeunaan putusana-Na. Pas keur jalan-jalan, Yarobam, palayanna Suléman, paamprok jeung Nabi Abia. Béréwék Abia nyosoéh jubahna jadi 12 sosoéhan, terus ngomong, ’Yéhuwa rék nyokot Karajaan Israil ti kulawarga Suléman jeung ngabagi dua. Cokot sosoéhan sapuluh lambar sabab manéh bakal ngarajaan sapuluh kaom.’ Pas Suléman nyaho, manéhna hayang maéhan Yarobam. Jadi, Yarobam kabur ka Mesir. Sanggeus Suléman maot, Réhabam, anakna, jadi raja Israil. Sanggeus ngarasa aman, Yarobam balik deui ka Israil.
Para sesepuh méré naséhat ka Réhabam, ’Lamun manéh bageur ka rahayat, rahayat bakal satia.’ Tapi, batur-batur Réhabam nu ngarora kénéh ngomong, ’Jalma-jalma téh kudu ditindes! Kudu digawé leuwih beurat deui!’ Réhabam nurutkeun naséhat babaturanana, manéhna ngagencét rahayatna. Jadi sapuluh kaom Israil barontak, terus ngangkat Yarobam jadi raja maranéhna. Karajaanana disebut karajaan Israil. Tapi, dua kaom séjénna tetep satia ka Réhabam. Karajaanana disebut karajaan Yuda. Ayeuna, 12 kaom Israil geus kabagi.
Yarobam embung rahayatna indit ibadah ka Yérusalém, nu aya di wilayah karajaan Réhabam. Hidep apal ku naon? Yarobam sieun lamun rahayatna malik satia deui ka Réhabam. Seug wé manéhna nyieun dua babanténgan emas, geus kitu ngomong, ’Yérusalém mah jauh teuing. Maranéh bisa ibadah di dieu.’ Jalma-jalma jadi ibadah ka babanténgan emas jeung ninggalkeun Yéhuwa deui.
”Kade ulah bareng baranggawe jeung anu henteu palercaya ka Allah, da moal aya beubeunanganana. Mana bisa nu bener ngahiji jeung nu teu bener. . . . Rek meunang kaboga naon anu palercaya ka Allah cacampuran jeung anu henteu palercaya? —2 Korinta 6:14, 15