PALAJARAN 28
Kaldé nu Bisa Ngomong
Geus téréh 40 taun bangsa Israil ngumbara di gurun. Loba kota geus ditalukkeun. Ayeuna, maranéhna geus nepi di daérah Moab, beulah wétan Walungan Yordan. Geus waktuna asup ka Tanah Perjangjian. Raja Moab nu ngaranna Balak sieun nagrina direbut. Jadi, manéhna ménta Balhum datang ka Moab jang ngutuk bangsa Israil.
Tapi Yéhuwa ngalarang Balhum, ’Ulah ngutuk urang Israil.’ Jadi, Balhum embung indit. Raja Balak manggil deui jeung jangji méré naon waé nu Balhum hayang. Tapi, Balhum tetep nolak. Terus Allah ngomong, ’Jig wé indit, tapi manéh ngan meunang nepikeun omongan Urang.’
Tapi di jero haté, Balhum hayang ngutuk sanajan teu meunang ku Yéhuwa. Clak Balhum numpak kaldé, indit ka Moab. Di tengah jalan, malaikat Yéhuwa megatan nepi ka tilu kali. Éta malaikat teu bisa ditingali ku Balhum, tapi ku kaldéna mah bisa. Pas mimiti dipegat, kaldéna nyimpang mapay ladang. Pas kadua kali, kaldéna mépéd kana pager témbok nepi ka suku Balhum kagasruk. Katilu kalina, éta kaldé ngagolér di tengah-tengah jalan. Unggal dipegat, Balhum ngagebug kaldéna maké iteuk.
Sanggeus kitu, Yéhuwa nyieun éta kaldé bisa ngomong. Ngong kaldé ngomong, ’Juragan, ku naon abdi digebugan terus?’ Balhum ngajawab, ’Titah saha ngajéngkélkeun urang! Mun aya pedang mah, manéh geus dipaéhan!’ Éta kaldé ngomong, ’Geus mangtaun-taun Juragan numpak abdi. Na abdi pernah siga kieu saacanna?’
Terus, Yéhuwa nyieun Balhum bisa ningali éta malaikat. Malaikat ngomong, ’Yéhuwa geus ngalarang manéh ngutuk Israil.’ Balhum ngajawab, ’Hampura. Abdi bakal balik deui.’
Tapi malaikat ngomong, ’Jig baé rék ka Moab mah, tapi manéh ngan meunang nepikeun omongan Yéhuwa.’Ceuk hidep, Balhum bakal nurut teu? Henteu. Balhum tetep hayang ngutuk Israil tilu kali. Tapi unggal ngutuk, kutukanana téh dirobah jadi berkah ku Yéhuwa. Ahirna Moab diserang ku bangsa Israil. Balhum ogé dipaéhan. Hidep satuju teu lamun Balhum kuduna nurut ka Yéhuwa ti mimiti?
”Ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae; sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana.”—Lukas 12:15