Catetan Ahir
1 PRINSIP-PRINSIP
Hukum-hukum Allah dumasar kana prinsip-prinsip-Na. Prinsip-prinsip ieu téh bebeneran dasar nu aya dina Alkitab. Tina prinsip-prinsip éta, urang bisa ngarti cara pikir jeung pandangan Yéhuwa ngeunaan loba hal. Prinsip-prinsip ogé ngabantu urang pikeun nyieun putusan nu bener sarta ngalampahkeun nu bener, hususna dina kaayaan nu teu diatur sacara rinci ku hukum Allah.
2 TAAT
Taat ka Yéhuwa hartina réla ngalampahkeun paréntah Mantenna. Yéhuwa hoyong urang taat téh lantaran nyaah ka Mantenna. (1 Yohanes 5:3) Urang bakal nuturkeun naséhat Allah dina sagala kaayaan lamun nyaah jeung percaya ka Mantenna. Urang gé bakal taat sanajan hésé ngalampahkeunana. Taat ka Yéhuwa mawa mangpaat sabab Mantenna ngajarkeun carana hirup bagja ayeuna sarta ngajangjikeun loba berkah dina mangsa kahareup.—Yesaya 48:17.
3 KABÉBASAN MILIH
Yéhuwa masihan kabébasan milih ka unggal jalma. Mantenna teu nyiptakeun urang siga robot. (Pamindo 30:19; Yosua 24:15) Urang bisa ngagunakeun kamampuh ieu pikeun nyieun pilihan nu hadé. Tapi lamun teu ati-ati, urang bisa nyieun putusan nu teu bijaksana. Ku lantaran miboga kabébasan milih, urang sorangan nu kudu mutuskeun pikeun satia ka Yéhuwa jeung ngabuktikeun kanyaah urang ka Mantenna.
4 PAPAKON MORAL
Yéhuwa netepkeun papakon moral, atawa patokan tingkah laku. Tina Alkitab, urang bisa nyaho naon waé papakon éta téh sarta kumaha Siloka 6:16-19; 1 Korinta 6:9-11) Urang gé bisa nyaho naon waé nu dianggap bener jeung salah ku Allah. Patokan ieu bisa ngabantu urang sangkan nyaahan, nyieun putusan nu alus, sarta nyaho carana hadé ka batur. Sanajan papakon dunya ieu beuki ruksak, papakon Yéhuwa mah teu barobah. (Pamindo 32:4-6; Malaki 3:6) Urang moal ngalaman kanyeri fisik jeung émosi lamun nuturkeun papakon éta.
éta bisa ngabagjakeun hirup urang. (5 HATÉ SANUBARI
Haté sanubari téh parasaan ngeunaan bener salahna hiji hal. Yéhuwa masihan ieu ka unggal jalma. (Rum 2:14, 15) Supaya boga haté sanubari nu alus, éta kudu dilatih luyu jeung papakon moral Allah. Ku kituna, haté sanubari bisa ngabantu urang nyieun putusan nu nyukakeun Allah. (1 Petrus 3:16, SF) Haté sanubari bisa ngélingan waktu urang rék nyieun putusan nu teu bijaksana, atawa nyababkeun batin urang kasiksa sanggeus ngalampahkeun nu salah. Haté sanubari bisa lemah, tapi ku bantuan Yéhuwa, éta bisa kuat deui. Ku haté sanubari nu bersih, urang bisa ngarasa tengtrem jeung boga harga diri.
6 SIEUN KA ALLAH
Sieun ka Allah téh hartina urang nyaah jeung ngajénan pisan ka Allah nepi ka teu hayang ngalampahkeun naon waé nu dipikangéwa ku Mantenna. Jadi, urang bakal ngalampahkeun nu hadé jeung nyingkahan nu goréng. (Jabur 111:10) Urang gé kajurung pikeun ngaregepkeun sagala cariosan Yéhuwa. Lantaran bener-bener ngajénan Mantenna, urang nedunan ikrar ka Mantenna. Sieun ka Allah mangaruhan cara pikir urang, lalampahan urang ka batur, jeung putusan urang unggal poé.
7 TOBAT
Jalma nu tobat ngarasa sedih pisan lantaran geus ngalampahkeun nu salah. Jalma nu nyaah ka Allah bakal ngarasa kaduhung waktu sadar geus ngalanggar papakon-Na. Lamun urang ngalampahkeun nu salah, urang kudu ménta pangampura ka Yéhuwa dumasar kana korban tebusan Yésus. (Mateus 26:28; 1 Yohanes 2:1, 2) Lamun bener-bener tobat jeung eureun tina lalampahan nu salah, urang yakin bakal dihampura ku Yéhuwa. Urang teu perlu teterusan rumasa salah lantaran dosa nu baheula. (Jabur 103:10-14; 1 Yohanes 1:9; 3:19-22) Urang kudu sabisa-bisa diajar tina kasalahan, ngarobah cara pikir nu salah, sarta hirup luyu jeung papakon Yéhuwa.
8 DIPECAT
Hiji jalma nu nyieun dosa gedé, embung tobat, sarta nampik papakon Yéhuwa, moal bisa deui jadi anggota sidang. Manéhna kudu dipecat. Urang moal campur gaul sarta ngobrol jeung jalma nu dipecat. (1 Korinta 5:11; 2 Yohanes 9-11) Aturan ieu nyalindungan nami Yéhuwa jeung sidang. (1 Korinta 5:6) Dipecatna hiji jalma mangrupakeun disiplin nu bisa ngabantu manéhna tobat jeung balik deui ka Yéhuwa.—Lukas 15:17.
9 BINGBINGAN, PITUDUH, JEUNG NASÉHAT
Yéhuwa nyaah jeung hayang mantuan urang. Éta sababna Mantenna ngagunakeun Alkitab sarta jalma-jalma nu nyaah ka Allah pikeun masihan bingbingan, pituduh, jeung naséhat. Sabagé manusa nu teu sampurna, urang butuh pisan bantuan ieu. (Yermia 17:9) Waktu urang ngajénan jeung ngaregepkeun jalma nu digunakeun Yéhuwa pikeun ngabingbing urang, éta hartina urang ngajénan sarta taat ka Mantenna.—Ibrani 13:7.
10 SIPAT SOMBONG JEUNG RENDAH HATÉ
Lantaran teu sampurna, urang condong mentingkeun diri jeung sombong. Tapi, Yéhuwa hoyong urang rendah haté. Biasana, urang diajar rendah haté waktu ngabandingkeun diri jeung Yéhuwa tuluy sadar sakumaha leutikna urang. (Ayub 38:1-4) Jalma nu rendah haté bakal leuwih mikirkeun batur jeung kapentinganana ti batan dirina sorangan. Jalma nu sombong ngarasa diri leuwih punjul ti batur. Jalma nu rendah haté mah sadar kana kakurangan jeung kaleuwihanana. Manéhna teu éra ngaku salah, ménta pangampura, jeung daék narima saran tur naséhat. Manéhna ngandel ka Yéhuwa jeung nuturkeun pituduh-Na.—1 Petrus 5:5.
11 WEWENANG
Wewenang téh hak pikeun méré paréntah jeung nyieun putusan. Yéhuwa miboga wewenang nu pangluhurna di sawarga jeung di bumi. Sabagé nu nyiptakeun sagalana, Mantenna téh Pribadi nu mahakawasa di jagat raya. Mantenna salawasna ngagunakeun wewenang-Na pikeun kapentingan ciptaana-Na. Yéhuwa masihan tanggung jawab ka sababaraha manusa pikeun merhatikeun urang, contona indung bapa, kokolot sidang, sarta pamaréntah. Yéhuwa hoyong urang sabilulungan jeung maranéhna. (Rum 13:1-5; 1 Timoteus 5:17) Tapi, lamun hukum manusa papalingpang jeung hukum Allah, urang kudu leuwih taat ka Allah ti batan ka manusa. (Rasul 5:29) Ku cara ngajénan wewenang jalma-jalma nu digunakeun ku Yéhuwa, urang ngajénan putusan Mantenna.
12 KOKOLOT SIDANG
Yéhuwa ngagunakeun para kokolot, nyaéta priya-priya nu geus pangalaman, pikeun ngurus sidang. (Pamindo 1:13; Rasul 20:28) Maranéhna mantuan urang tetep raket jeung Yéhuwa sarta bisa ibadah kalawan tengtrem tur tartib. (1 Korinta 14:33, 40) Kokolot téh dilantik ku roh suci lantaran maranéhna nyumponan sarat-sarat nu dijéntrékeun dina Alkitab. (1 Timoteus 3:1-7; Titus 1:5-9; 1 Petrus 5:2, 3) Urang percaya sarta ngarojong organisasi Allah. Ku kituna, urang bungah bisa sabilulungan jeung para kokolot.—Jabur 138:6; Ibrani 13:17.
13 KAPALA KULAWARGA
Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kolot pikeun ngurus budak jeung rumah tanggana. Tapi numutkeun Alkitab, salaki téh kapala dina kulawarga. Lamun teu aya bapa, indung nu jadi kapala kulawarga. Tanggung jawabna kaasup nyadiakeun kadaharan, papakéan, sarta pamatuhan. Penting pisan sangkan kapala kulawarga mingpin kulawargana dina ibadah ka Yéhuwa. Contona, manéhna bakal mastikeun kulawargana rutin masamoan, milu ngawawar, jeung diajar Alkitab babarengan. Kapala kulawarga ogé boga tanggung jawab pikeun nyieun putusan. Manéhna bakal nulad ka Yésus nu bageur jeung asup akal sarta henteu kasar atawa kejem. Hasilna, kulawarga jadi silih pikanyaah, ngarasa aman, jeung bisa ngaraket ka Yéhuwa.
14 BADAN PINGPINAN
Badan Pingpinan nyaéta sakelompok priya nu boga harepan hirup di sawarga, maranéhna digunakeun Allah pikeun ngatur kagiatan umat-Na. Di abad kahiji, Yéhuwa ngagunakeun badan pingpinan pikeun ngabingbing sidang Kristen nu mimiti dina kagiatan ibadah jeung pangwawaran. (Rasul 15:2) Kiwari, sakelompok priya nu ngawula sabagé Badan Pingpinan boga tanggung jawab pikeun ngatur, ngabingbing, jeung nyalindungan umat Allah. Maranéhna ngandel ka bingbingan Firman Allah jeung roh suci-Na dina nyieun putusan. Yésus nyebut priya-priya nu diistrénan ieu sabagé ”gandek satia jeung bijaksana”.—Mateus 24:45-47.
15 TIUNG
Sakapeung, sadérék istri meunang tugas nu biasana dilakukeun ku sadérék pameget di sidang. Waktu ngajalankeun tugas ieu, sadérék istri ngajénan aturan ti Yéhuwa ku cara maké tiung. Tapi, lain hartina sadérék istri kudu teterusan maké tiung, éta ngan dipaké dina sababaraha kaayaan. Contona, waktu manéhna mandu palajaran Alkitab jeung di dinya aya salakina atawa sadérék pameget nu geus dibaptis.—1 Korinta 11:11-15.
16 NÉTRAL
Lamun urang nétral, urang moal bakal ngarojong salah sahiji pihak dina urusan pulitik. (Yohanes 17:16) Umat Yéhuwa ngarojong Karajaana-Na. Saperti Yésus, urang nétral dina sakabéh urusan dunya.
Yéhuwa maréntahkeun urang sangkan ”tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara”. (Titus 3:1, 2; Rum 13:1-7) Tapi, hukum Allah ogé ngalarang urang maéhan. Jadi, urang Kristen bakal kaganggu haté sanubarina lamun miluan perang. Lamun dines militér bisa diganti ku tugas séjén nu teu aya pakaitna jeung militér, urang Kristen kudu mikirkeun naha haté sanubarina bakal kaganggu atawa henteu.
Urang ngan nyembah Yéhuwa lantaran Mantenna Nu Nyiptakeun urang. Sanajan urang ngajénan lambang nagara, urang moal ngahormat bandéra atawa ngawihkeun lagu nasional. (Yesaya 43:11; Daniel 3:1-30; 1 Korinta 10:14) Hamba Yéhuwa gé mutuskeun moal milih partéy atawa calon pajabat dina pemilu, lantaran geus mihak ka pamaréntahan Allah.—Mateus 22:21; Yohanes 15:19; 18:36.
17 ROH DUNYA
Dunya ieu ngajurung loba jalma pikeun nuturkeun cara pikir Sétan. Ieu téh cara pikir nu geus jamak pikeun jalma-jalma nu teu nyaah 1 Yohanes 5:19) Cara pikir jeung lalampahan saperti kitu digambarkeun sabagé roh dunya. (Epesus 2:2) Umat Yéhuwa embung dikadalikeun ku roh éta. (Epesus 6:10-18) Sabalikna, urang mikanyaah jalan-jalan Yéhuwa jeung sabisa-bisa miboga cara pikir Mantenna.
jeung teu hayang nyonto ka Allah sarta nu ngabaékeun papakon Mantenna. (18 JALMA NU MURTAD
Jalma nu murtad ngalawan bebeneran Alkitab. Manéhna barontak ngalawan Yéhuwa jeung Yésus nu geus dilantik jadi Raja Karajaan Allah. Manéhna ogé mangaruhan loba jalma pikeun ngagabung. (Rum 1:25) Maranéhna ngupayakeun sangkan jalma nu ngawula Yéhuwa jadi cangcaya. Aya sababaraha urang Kristen di abad kahiji nu jadi murtad, kitu ogé kiwari. (2 Tesalonika 2:3) Hamba-hamba Yéhuwa nu satia megatkeun hubungan jeung jalma nu murtad. Urang moal panasaran atawa daék dipangaruhan pikeun maca atawa ngadéngékeun pamikiran nu murtad. Urang satia jeung ngawula ka Yéhuwa wungkul.
19 PANGAMPURA DOSA
Hukum Musa maréntahkeun urang Israil pikeun ménta pangampura dosa ka Yéhuwa. Maranéhna mawa kurban pangampura dosa saperti gandum, minyak, jeung sato ka bait. Ku cara ieu, urang Israil jadi inget yén Yéhuwa hoyong ngahampura dosa sakabéh bangsa Israil jeung dosa unggal jalma. Ka dieunakeun, Yésus masihkeun kahirupanana pikeun nebus dosa urang. Sanggeusna, kurban pangampura dosa teu diperlukeun deui. Yésus masihkeun kurban nu sampurna ieu ”ngan sakali pikeun salalanggengna”.—Ibrani 10:1, 4, 10.
20 NGAHARGAAN KAHIRUPAN SATO
Hukum Musa ngidinan jalma-jalma ngadahar sasatoan. Sasatoan ogé digunakeun sabagé kurban. (Imamat 1:5, 6) Tapi, Yéhuwa ngalarang jalma-jalma kejem ka sasatoan. (Siloka 12:10) Malahan aya Hukum nu nyalindungan sasatoan sangkan teu dikaniaya. Bangsa Israil diparéntahkeun pikeun ngurus pipiaraanana.—Pamindo 22:6, 7.
21 FRAKSI GETIH JEUNG PROSEDUR MÉDIS
Fraksi getih. Aya opat komponén atawa bagian utama getih, nyaéta sél getih beureum, sél getih bodas, trombosit, jeung plasma. Opat komponén ieu bisa dibagi-bagi deui jadi leuwih leutik, nu disebut fraksi getih. *
Urang Kristen henteu narima transfusi getih atawa salah sahiji ti opat komponén utamana. Tapi, naha maranéhna bisa narima fraksi getih? Teu aya pituduh nu rinci dina Alkitab. Jadi, unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan dumasar kana haté sanubarina nu dilatih Alkitab.
Aya urang Kristen nu nolak kabéh fraksi getih. Manéhna mikir yén Hukum Allah ka bangsa Israil gé nitah sangkan getih sato dikucurkeun ”kana taneuh”.—Pamindo 12:22-24.
Tapi, aya nu nyieun putusan nu béda. Haté sanubarina teu kaganggu lamun narima sababaraha fraksi getih lantaran mikir yén éta fraksi henteu ngalambangkeun deui kahirupan ti mahluk nu getihna dicokot.
Waktu rék nyieun putusan ngeunaan fraksi getih, pék pikirkeun pananya-pananya ieu:
-
Naha abdi ngarti yén lamun abdi nolak kabéh fraksi getih éta hartina abdi ogé nolak sababaraha obat nu bisa nyageurkeun panyakit atawa nu bisa ngeureunkeun kaluarna getih?
-
Kumaha carana ngajelaskeun ka dokter alesan abdi nolak atawa narima salah sahiji atawa sababaraha fraksi getih?
Prosedur médis. Salaku urang Kristen, urang moal jadi donor getih, atawa nyimpen getih sorangan sababaraha minggu saacan operasi. Tapi, aya sababaraha prosedur nu ngagunakeun getih pasién sorangan. Unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan kumaha getihna bakal digunakeun dina operasi, tés médis, atawa térapi. Waktu prosedur éta dijalankeun, getih pasién bisa jadi bener-bener misah tina awak pasién pikeun sababaraha waktu.—Pikeun katerangan leuwih loba, tingali Menara Pengawal 15 Oktober 2000, kaca 30-31.
Contona, aya prosedur nu disebut hémodilusi. Persis saacan operasi, sabagian getih pasién dipindahkeun tuluy diganti ku cairan keur nambah volume getih. Salila operasi atawa teu lila sanggeusna, getih éta diasupkeun deui kana awak pasién.
Prosedur séjénna ngagunakeun alat pikeun nyalametkeun sél getih. Salila operasi, getih pasién nu kaluar dikumpulkeun, dibersihan, tuluy diasupkeun deui kana awak pasién salila operasi atawa teu lila sanggeusna.
Unggal dokter bisa jadi ngajalankeun prosedur ieu ku cara nu béda. Jadi, saacan narima prosedur operasi, tés médis, atawa térapi, urang Kristen kudu néangan katerangan nu jéntré ngeunaan kumaha getihna bakal digunakeun.
Waktu rék nyieun putusan ngeunaan prosedur médis nu ngagunakeun getih sorangan, pék pikirkeun pananya-pananya ieu:
-
Lamun sabagian getih abdi dialihkeun kaluar tina awak tuluy aliranana dieureunkeun sababaraha waktu, naha haté sanubari abdi masih kénéh nganggap éta getih téh bagian tina awak nu teu kudu ”dikucurkeun kana taneuh”?—Pamindo 12:23, 24.
-
Naha haté sanubari abdi nu dilatih ku Alkitab bakal kaganggu lamun salila prosedur médis dijalankeun, sabagian getih abdi disedot, dibersihan atawa ditambahan obat, tuluy diasupkeun deui kana awak abdi?
-
Naha abdi ngarti yén lamun abdi nolak kabéh prosedur médis nu ngagunakeun getih sorangan éta hartina abdi nolak tés getih, hémodialisis, atawa moal ngagunakeun mesin pintas jantung-paru?
Yakobus 1:5, 6) Sanggeus éta, urang kudu nyieun putusan dumasar kana haté sanubari nu geus dilatih Alkitab. Ulah nanya batur naon nu bakal dilampahkeun ku manéhna lamun ngalaman hal nu sarua. Batur ogé teu meunang mangaruhan putusan urang.—Rum 14:12; Galata 6:5.
Saacan nyieun putusan ngeunaan fraksi getih jeung prosedur médis nu ngagunakeun getih sorangan, urang kudu ngadoa ménta bingbingan Yéhuwa sarta ngarisét. (22 MORAL NU BERSIH
Boga moral nu bersih hartina kabiasaan jeung lalampahan urang bersih dina pandangan Yéhuwa. Moral nu bersih téh kaasup cara pikir, omongan, jeung lalampahan urang. Yéhuwa ngalarang urang ngalampahkeun sagala hal nu cabul jeung najis sacara séksual. (Siloka 1:10; 3:1) Urang kudu ngalenyepan dina kaayaan naon urang bisa kagoda. Urang ogé kudu boga tékad pikeun nuturkeun papakon Yéhuwa nu bersih. Urang kudu terus ngadoa nyuhunkeun bantuan Allah pikeun ngajaga pikiran tetep bersih, jeung urang gé kudu boga tékad pikeun nolak gogoda nu cabul.—1 Korinta 6:9, 10, 18; Epesus 5:5.
23 KALAKUAN NU TAYA KAÉRA SARTA KAAÉBAN
Kalakuan nu taya kaéra téh omongan atawa lalampahan nu ngalanggar papakon Allah sarta nu némbongkeun sikep kurang ajar. Jalma nu ngalampahkeun hal ieu henteu ngajénan hukum Allah. Jalma nu siga kitu bakal diurus ku panitia pangadilan. Kaaéban nyakup rupa-rupa tindakan salah. Gumantung sakumaha parahna, sababaraha kaaéban bisa jadi perlu diurus ku panitia pangadilan sidang.—Galata 5:19-21; Epesus 4:19; pikeun katerangan leuwih loba, tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 15 Juli 2006.
24 MASTURBASI
Yéhuwa ngarancang séks sabagé ungkapan asih antara salaki jeung pamajikan. Tapi, lamun saurang jalma ngalakukeun masturbasi, atawa nyalahgunakeun aoratna pikeun kasenangan sorangan, manéhna ngalampahkeun séks nu najis. Kabiasaan ieu bisa ngaruksak hubunganana jeung Yéhuwa. Manéhna bisa boga hasrat jeung pandangan nu nyimpang ngeunaan séks. (Kolosa 3:5) Lamun aya nu ngarasa hésé ngeureunkeun kabiasaan najis ieu, manéhna kudu terus nyieun upaya. (Jabur 86:5; 1 Yohanes 3:20) Lamun ieu nu kaalaman ku Sadérék, pék ngadoa enya-enya ka Yéhuwa sarta suhunkeun bantuan Mantenna. Singkahan hal-hal nu bisa ngajurung Sadérék mikirkeun nu najis, saperti pornografi. Pék nyarita ka kolot Sadérék atawa ka jalma déwasa nu ngajénan hukum Yéhuwa. (Siloka 1:8, 9; 1 Tesalonika 5:14; Titus 2:3-5) Upaya Sadérék pikeun tetep bersih sacara moral tangtu diperhatikeun jeung dihargaan ku Yéhuwa.—Jabur 51:19; Yesaya 1:18.
25 POLIGAMI
Boga leuwih ti hiji batur hirup téh disebut poligami. Yéhuwa ngarancang perkawinan pikeun hiji lalaki jeung hiji awéwé. Di Israil kuno, Allah ngidinan hiji lalaki boga leuwih ti hiji pamajikan, tapi éta lain tujuan awalna. Kiwari, Yéhuwa teu ngidinan umat-Na poligami. Saurang lalaki ngan meunang boga hiji pamajikan, sarta saurang awéwé ngan meunang boga hiji salaki.—Mateus 19:9; 1 Timoteus 3:2.
26 PEPEGATAN JEUNG PIPISAHAN
Yéhuwa boga tujuan sangkan salaki pamajikan hirup bareng saumur hirupna. (Kajadian 2:24; Malaki 2:15, 16; Mateus 19:3-6; 1 Korinta 7:39) Hiji-hijina alesan pikeun pepegatan nu diidinan ku Yéhuwa téh lamun salah sahiji batur hirupna jinah. Dina kaayaan ieu, Yéhuwa ngidinan batur hirup nu teu salah pikeun mutuskeun naha rék pepegatan atawa henteu.—Mateus 19:9.
Sakapeung, aya urang Kristen nu mutuskeun rék pisah ti batur hirupna sanajan teu aya nu ngalakukeun lampah cabul. (1 Korinta 7:11) Saurang Kristen bisa mikirkeun pikeun pipisahan lamun nyanghareupan kaayaan ieu:
-
Ngahaja teu méré napkah: Salaki nu embung nganapkahan kulawargana nepi ka kulawargana teu boga duit atawa dahareun.—1 Timoteus 5:8.
-
Panganiayaan nu parah: Panganiayaan fisik nepi ka ngabahayakeun kaséhatan atawa kahirupan batur hirupna.—Galata 5:19-21.
-
Bener-bener ngabahayakeun hubungan jeung Yéhuwa: Salaki atawa pamajikan nu nyababkeun batur hirupna sama sakali teu bisa ibadah ka Yéhuwa.—Rasul 5:29.
27 MUJI JEUNG NGAGEDÉKEUN HATÉ BATUR
Urang kabéh butuh dipuji jeung digedékeun haténa. (Siloka 12:25; 16:24) Urang bisa negerkeun jeung ngalilipur batur ku omongan nu merenah jeung daréhdéh. Ieu bisa ngabantu dulur saiman supaya tetep tabah jeung ngawula Yéhuwa sanajan nyanghareupan masalah nu beurat. (Siloka 12:18; Pilipi 2:1-4) Lamun aya nu keur leutik haté, urang kudu ngaregepkeun carita manéhna jeung ngupayakeun ngarti kana parasaanana. Ku kituna, urang jadi nyaho naon nu kudu diomongkeun jeung dilampahkeun pikeun mantuan manéhna. (Yakobus 1:19) Pék upayakeun pikeun wanoh ka dulur saiman sangkan bener-bener paham naon nu dibutuhkeun ku manéhna. Jadi, Sadérék bisa mantuan manéhna pikeun ngandel ka Sumbering panglilipur jeung kakuatan supaya bisa teger deui.—2 Korinta 1:3, 4; 1 Tesalonika 5:11.
28 HAJAT KAWINAN
Alkitab teu nyebutkeun aturan nu rinci ngeunaan hajat kawinan. Béda tempat, béda ogé kabiasaan jeung aturan hukumna. (Kajadian 24:67; Mateus 1:24; 25:10; Lukas 14:8) Bagian nu pangpentingna dina hajat kawinan téh nyaéta ikrar pangantén di payuneun Yéhuwa. Sababaraha pasangan aya nu ngondang baraya jeung sobat-sobatna pikeun nyaksian ikrarna sarta ngadéngékeun hutbah ti kokolot nu dumasar kana Alkitab. Mun sanggeusna bakal aya hajatan, pasangan éta nu kudu mutuskeun bakal kawas kumaha diayakeunana. (Lukas 14:28; Yohanes 2:1-11) Pangantén kudu mastikeun yén sagala putusan nu dijieun bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Kajadian 2:18-24; Mateus 19:5, 6) Prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabantu maranéhna pikeun nyieun putusan nu hadé. (1 Yohanes 2:16, 17) Lamun pangantén hayang nyadiakeun alkohol, maranéhna kudu mastikeun yén aya nu ngawaskeun. (Siloka 20:1; Epesus 5:18) Lamun aya musik atawa hiburan, maranéhna ogé kudu mastikeun yén ieu ngamulyakeun Yéhuwa. Pasangan Kristen kudu ngutamakeun sosobatan jeung Yéhuwa sarta hubungan maranéhna ti batan hajatanana.—Siloka 18:22; pikeun saran-saran séjénna, tingali Menara Pengawal 15 Oktober 2006, kaca 18-31.
29 NYIEUN PUTUSAN NU BIJAKSANA
Urang hayang nyieun putusan nu alus dumasar kana prinsip-prinsip Firman Allah. Misalna, saurang Kristen diajak ku batur hirupna nu lain Saksi pikeun dahar bareng jeung barayana dina salah sahiji hari raya. Lamun Sadérék ngalaman ieu, naon nu kudu dilakukeun? Sadérék bisa mutuskeun pikeun datang lamun haté sanubari teu kaganggu. Tapi, Sadérék bisa ngajelaskeun ka batur hirup yén Sadérék moal pipilueun dina acara nu aya patalina jeung kabiasaan kapir. Sadérék ogé kudu mikirkeun naha ieu bisa ngaganggu haté sanubari batur.—1 Korinta 8:9; 10:23, 24.
Atawa, dunungan Sadérék rék méré bonus hari raya. Naha kudu ditolak? Teu salawasna kitu. Sadérék kudu mikirkeun sababaraha hal
saacan mutuskeun rék narima atawa henteu. Salah sahijina nyaéta pandangan dunungan Sadérék. Naha manéhna nganggap bonus éta sabagé bagian tina perayaan atawa saukur nganuhunkeun kana pagawéan Sadérék?Conto séjénna nyaéta lamun batur méré hadiah dina salah sahiji hari raya bari ngomong, ”Urang nyaho manéh teu ngarayakeun hari raya, tapi urang hayang méré ieu.” Bisa jadi manéhna téh mémang bageur. Tapi, bisa ogé manéhna téh keur nguji kapercayaan Sadérék atawa ngarencanakeun sangkan Sadérék milu ngarayakeun. Sanggeus mikirkeun hal-hal ieu, Sadérék bisa mutuskeun naha rék narima hadiahna atawa henteu. Dina putusan naon waé, urang hayang miboga haté sanubari nu bersih jeung tetep satia ka Yéhuwa.—Rasul 23:1.
30 URUSAN BISNIS JEUNG HUKUM
Lolobana, pasalia paham nu geuwat diréngsékeun ku cara nu hadé moal jadi masalah gedé. (Mateus 5:23-26) Kabéh urang Kristen kudu ngutamakeun kamulyaan Yéhuwa jeung ngajaga kasatunggalan sidang.—Yohanes 13:34, 35; 1 Korinta 13:4, 5.
Lamun urang Kristen pasalia paham dina urusan bisnis, maranéhna kudu sabisa-bisa ngaréngsékeunana bari henteu ngalibetkeun pangadilan. Hiji Korinta 6:1-8 nyebutkeun naséhat Rasul Paulus ngeunaan kasus hukum di antara urang Kristen. Ngagugat dulur saiman ka pangadilan téh bisa ngaruksak nami Yéhuwa jeung ngaran Saksi. Dina Mateus 18:15-17, aya tilu léngkah nu kudu dituturkeun pikeun ngaréngsékeun masalah pitnah atawa tipu. (1) Maranéhna kudu ngaréngsékeun masalahna paduduaan heula. (2) Lamun teu bérés, maranéhna bisa ménta bantuan ka hiji atawa dua Sadérék nu kuat rohani di sidang. (3) Tuluy lamun perlu, bawa masalahna ka para kokolot sidang. Lamun geus kitu, para kokolot bakal ngagunakeun prinsip Alkitab sangkan kabéh nu kalibet bisa mupakat. Jalma nu teu daék nuturkeun papakon Alkitab bisa jadi perlu diurus ku panitia pangadilan sidang.
Aya sababaraha kaayaan nu mémang perlu diurus ku pangadilan nagara. Misalna, masalah pepegatan, hak asuh anak, tunjangan sanggeus pepegatan, ganti rugi asuransi, pausahaan nu bangkrut, atawa surat wasiat. Urang Kristen nu ngagunakeun cara ieu pikeun ngaréngsékeun masalah henteu ngalanggar naséhat Paulus.
Urang Kristen ogé teu ngalanggar naséhat Paulus lamun ngalaporkeun kajahatan ka pulisi, saperti lamun aya nu diperkosa, diserang, dirampog, dipaéhan, atawa aya budak nu dikaniaya.
31 JIRET-JIRET SÉTAN
Ti saprak di Taman Éden, Sétan terus nipu manusa. (Kajadian 3:1-6; Wahyu 12:9) Manéhna nyaho yén urang bisa ngalampahkeun nu salah lamun pikiran urang disasabkeun. (2 Korinta 4:4; Yakobus 1:14, 15) Sétan ngagunakeun pulitik, agama, sistim dagang, hiburan, pendidikan, jeung nu séjénna pikeun nyebarkeun cara pikirna sangkan bisa leuwih gampang katarima.—Yohanes 14:30; 1 Yohanes 5:19.
Sétan nyaho yén waktuna geus téréh béak. Jadi, manéhna satékah polah nyasabkeun saloba-lobana jalma, utamana umat Yéhuwa. (Wahyu 12:12) Lamun urang teu ati-ati, saeutik-saeutik pikiran urang diruksak ku Iblis. (1 Korinta 10:12) Contona, Yéhuwa hoyong perkawinan téh langgeng. (Mateus 19:5, 6, 9) Tapi ayeuna, jalma-jalma nganggap perkawinan téh perjangjian biasa nu gampang dipegatkeun. Loba film jeung acara TV nyebarkeun pandangan ieu. Urang kudu ati-ati sangkan teu kapangaruhan ku pandangan dunya ngeunaan perkawinan.
Jiret Sétan nu séjénna nyaéta sikep hayang bébas. (2 Timoteus 3:4) Lamun teu ati-ati, lila-lila urang bisa teu ngajénan wewenang jalma-jalma nu dilantik ku Yéhuwa. Misalna, hiji sadérék bisa waé nampik bingbingan ti kokolot sidang. (Ibrani 12:5) Atawa, saurang sadérék istri bisa waé teu ngajénan aturan Yéhuwa ngeunaan wewenang dina kulawarga.—1 Korinta 11:3.
Urang kudu boga tékad sangkan pikiran urang teu kapangaruhan ku Iblis. Sabalikna, urang hayang nyonto cara pikir Yéhuwa jeung mantengkeun pikiran kana perkara-perkara rohani.—32 PANGOBATAN
Urang kabéh hayang séhat jeung meunang pangobatan nu pangalusna waktu keur gering. (Yesaya 38:6; Markus 5:25, 26; Lukas 10:34) Kiwari, aya loba pangobatan nu disadiakeun ku dokter jeung nu séjénna. Waktu mutuskeun pangobatan naon nu rék dipaké, urang kudu nuturkeun prinsip Alkitab. Inget yén ngan ku Karajaan Allah urang bisa bener-bener séhat. Urang teu hayang mikirkeun teuing masalah kaséhatan nepi ka ngorbankeun ibadah ka Yéhuwa.—Yesaya 33:24; 1 Timoteus 4:16.
Urang kudu nyingkahan pangobatan nu aya patalina jeung kakuatan roh-roh jahat. (Pamindo 18:10-12; Yesaya 1:13) Jadi, saacan ngajalankeun hiji pangobatan, urang kudu mastikeun heula cara digawéna, asal usulna, atawa naha aya patalina jeung spiritisme atawa henteu. (Siloka 14:15) Ulah poho yén Sétan hayang nipu urang sangkan kajiret ku spiritisme. Malahan lamun urang curiga yén hiji pangobatan aya patalina jeung spiritisme, éta kudu disingkahan.—1 Petrus 5:8.
^ Sababaraha dokter nganggap opat komponén utama getih sabagé fraksi. Jadi, Sadérék kudu ngajelaskeun putusan Sadérék pikeun henteu narima transfusi getih utuh atawa opat komponén utamana, nyaéta sél getih beureum, sél getih bodas, trombosit, jeung plasma.