PANANYA 2
Kumaha Carana Diajar ngeunaan Allah?
“Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna . . . Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.”
“Mimitina disalin heula ku lisan [dibacakeun] sabagian-sabagian, tuluy diterangkeun pihartieunana sangkan kaharti ku hadirin.”
Nehemia 8:8
“Nya bagja jalma anu nolak pangajak jalma jahat . . . , sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. . . . Sapanejana tangtu tinekanan.”
“Pilipus lumpat ngudag kareta; sanggeus deukeut kadangueun eta pajabat keur ngaos kitab Nabi Yesaya, tuluy ditaros, ’Kahartos aosanana, Juragan?’ ’Bade kahartos kumaha, teu aya anu nerangkeunana,’ walerna.”
“Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na.
Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho.”
“Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.”
“Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan.”
“Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.”