Yakobus 1:1-27
1 Ti Yakobus, palayanna Allah jeung palayanna Juragan Isa Al-Masih, keur 12 kaom nu nyebar di sakuliah dunya.
Salam!
2 Dulur-dulur, sing bungah waktu nyanghareupan rupa-rupa cocoba,
3 sabab aranjeun apal, lamun iman aranjeun diuji siga kitu, aranjeun bakal leuwih tabah.
4 Lamun terus tabah, aranjeun bakal bener-bener kalatih, ku kituna aranjeun jadi sampurna, lengkep dina sagala hal, teu kakurangan nanaon.
5 Lamun di antara aranjeun aya nu ngarasa kurang bijaksana, pék terus pénta kabijaksanaan ka Allah. Éta bakal dibikeun ka manéhna, da Allah mah béréhan ka kabéh jalma jeung moal nyalah-nyalahkeun.
6 Ngan, méntana kudu jeung iman, ulah cangcaya saeutik-eutik acan, sabab jalma nu cangcaya mah saibarat ombak nu ditiup ka ditu ka dieu ku angin.
7 Malah jalma nu siga kitu mah teu bisa ngarepkeun nanaon ti Yéhuwa.
8 Manéhna téh sok bingbang, sikepna gé sok robah-robah.
9 Dulur-dulur anu miskin sapantesna suka bungah* lantaran diangkat ku Allah,
10 jeung nu beunghar sapantesna suka bungah lantaran direndahkeun, da jalma beunghar mah bakal sirna lir kembang di tegalan.
11 Sakumaha pepelakan nu garing, nu kembangna murudul, jeung nu musna kaéndahanana lantaran kasebrot ku panasna panonpoé medal, kitu ogé jalma beunghar bakal musna sawaktu ngudag kabeungharan.
12 Bagja jalma anu tetep tabah nyanghareupan cocoba, sabab sanggeus lulus tina cocoba éta, manéhna bakal narima makuta kahirupan, nu dijangjikeun ku Yéhuwa keur jalma-jalma nu terus nyaah ka Anjeunna.
13 Waktu meunang cocoba, ulah ngomong, ”Ieu cocoba ti Allah,” sabab Allah mah moal beunang didoja ku nu jahat jeung tara méré cocoba ka saha waé.
14 Sabalikna, unggal jalma beunang ku cocoba téh lantaran kapincut jeung kajiret* ku kahayangna sorangan.
15 Terus lamun kahayangna beuki kuat,* manéhna bakal nyieun dosa,* jeung lamun dosa éta geus dilakukeun, balukarna maot.
16 Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah kasasabkeun.
17 Sagala kurnia nu hadé jeung hadiah nu sampurna téh asalna ti sorga, turun ti Sumber* caang di langit, nu teu pernah barobah siga kalangkang* nu terus ngagésér.
18 Geus jadi kahayang Anjeunna yén urang hirup lantaran ngadéngé firman bebeneran, supaya urang jadi nu mimiti dipilih ti antara ciptaana-Na.
19 Dulur-dulur nu dipikanyaah, sing inget: Unggal jalma kudu gancang ngadéngé, ulah gancang ngomong, jeung ulah gancang ambek,
20 sabab kaambek téh teu ngahasilkeun naon nu bener dina pandangan Allah.
21 Ku kituna, piceun sagala kanajisan jeung sakabéh kagoréngan.* Aranjeun kudu rendah haté narima firman nu dicecebkeun dina diri aranjeun, nu bisa nyalametkeun aranjeun.
22 Tapi, firman téh ulah ngan saukur didéngékeun, kudu prak dilampahkeun. Ulah ngabobodo manéh ku pamikiran nu salah.
23 Jalma nu ngan saukur ngadéngékeun firman, tapi teu ngalampahkeunana, sarua siga saurang jalma nu nempo beungeutna sorangan dina eunteung.
24 Sanggeus ningali kumaha rupana, manéhna indit jeung langsung poho kana kaayaan dirina.
25 Ari jalma nu nilik-nilik hukum nu sampurna, nu ngahasilkeun kamerdékaan, jeung terus ngajalankeunana, lain jalma nu ngan saukur ngadéngékeun tuluy poho, tapi jalma nu ngalampahkeun firman. Manéhna bakal bagja lantaran ngalampahkeunana.
26 Lamun aya nu ngarasa dirina téh jalma nu ibadah ka Allah* tapi teu ngadalikeun* létahna, manéhna téh ngabobodo haténa sorangan, jeung ibadahna percumah.
27 Ibadah* nu murni jeung bersih dina pandangan Allah, Bapa urang téh, nyaéta: ngurus yatim pahatu jeung randa nu keur sangsara, bari misahkeun diri tina cara hirup nu kotor ti dunya ieu.
Catetan Tambihan
^ As. ”reueus”.
^ Atawa ”katéwak siga ku eupan”.
^ Atawa ”subur”. As. ”ngandung”.
^ As. ”éta bakal ngalahirkeun dosa”.
^ Atawa ”Bapana”.
^ Atawa ”bayangan”.
^ Atawa bisa jadi, ”jeung kagoréngan nu loba pisan”.
^ Atawa ”jalma soléh”.
^ Atawa ”ngekang”.
^ Atawa ”Agama”.