Nu Ditulis ku Yahya 7:1-52

  • Isa datang ka Parayaan Tabernakel (1-13)

  • Isa ngajar waktu parayaan (14-24)

  • Loba pandangan ngeunaan Al-Masih (25-52)

7  Geus kitu, Isa ngideran Galiléa. Manéhna embung ka Yudéa lantaran diarah ku urang Yahudi rék dipaéhan. 2  Tapi, harita téh geus téréh Parayaan Tabernakel* urang Yahudi, 3  jadi adi-adi lalakina ngomong, ”Geura indit atuh ka Yudéa, ngarah murid-murid Aa gé bisa ningali naon nu dilakukeun ku Aa. 4  Jalma nu hayang kasohor mah moal susulumputan. Témbongkeun atuh naon nu dilakukeun ku Aa ka dunya.” 5  Adi-adina mah teu boga iman ka manéhna. 6  Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Ayeuna can waktuna keur urang, tapi ari maranéh mah iraha waé gé bisa. 7  Dunya teu boga alesan ngéwa ka maranéh, tapi ka urang mah ngéwa, sabab urang nyingkabkeun kalakuanana nu jahat. 8  Sok maranéh wéh indit ka parayaan, urang mah moal waka indit, sabab can waktuna keur urang.” 9  Sanggeus ngomong kitu, manéhna tetep cicing di Galiléa. 10  Sanggeus adi-adina indit ka parayaan, manéhna gé indit tapi susulumputan, henteu terang-terangan. 11  Urang Yahudi nu datang ka parayaan éta naréangan manéhna, cenah, ”Mana jelemana?” 12  Jalma réa tingharéwos ngomongkeun manéhna. Aya nu ngomong, ”Manéhna téh jelema bageur.” Nu séjénna ngomong, ”Teu ah, manéhna mah nyasabkeun loba jalma.” 13  Tangtuna, euweuh nu wani ngomongkeun manéhna terang-terangan sabab sarieuneun ka urang Yahudi. 14  Waktu parayaan keur satengah jalan, Isa indit ka bait jeung ngajar di dinya. 15  Urang Yahudi haréraneun jeung ngomong, ”Naha manéhna bet bisa nyaho sakitu lobana ngeunaan Kitab Suci,* pan manéhna téh teu sakola agama?”* 16  Terus, Isa ngajawab, ”Nu diajarkeun ku urang téh lain pangajaran urang sorangan, tapi pangajaran ti Anjeunna nu ngutus urang. 17  Jalma nu hayang ngalakukeun kahayang Allah bakal nyaho pangajaran ieu téh ti Allah atawa ti urang sorangan. 18  Jalma nu nyaritakeun pamikiranana sorangan hayang ngamulyakeun dirina sorangan, tapi jalma nu hayang ngamulyakeun pribadi nu ngutusna, omongan manéhna mah bener jeung taya kapalsuanana. 19  Maranéh dibéré Torét ku Musa, pan? Tapi maranéh saurang gé euweuh nu nurut ka éta Torét. Jadi, ku naon maranéh bet hayang maéhan urang?” 20  Jalma réa ngajawab, ”Ah, manéh mah kasurupan. Saha nu rék maéhan?” 21  Jawab Isa, ”Urang ngan ngalakukeun hiji hal dina poé Sabat, maranéh geus reuwas. 22  Pék pikirkeun, Musa méré hukum ngeunaan sunat ka maranéh. Sabenerna, éta téh lain ti Musa, tapi ti karuhunna. Jadi, dina poé Sabat gé maranéh osok nyunatan. 23  Lamun saurang jalma disunat dina poé Sabat ngarah Hukum Musa teu dilanggar, ku naon maranéh bet ambek ka urang lantaran urang nyageurkeun jalma nepi ka bener-bener cageur dina poé Sabat? 24  Ulah ngahakiman lantaran ningali luarna hungkul, ngahakiman téh kudu adil.” 25  Geus kitu, sababaraha warga Yérusalém ngaromong kieu, ”Ieu téh jelema nu diarah rék dipaéhan téa lain? 26  Geuning manéhna bisa nyarita di hareupeun umum, jeung euweuh nu ngomong nanaon. Boa-boa para pangawasa téh sabenerna geus apal manéhna Al-Masih. 27  Tapi pan, urang nyaho jelema ieu asalna ti mana, padahal mun Al-Masih datang mah euweuh nu nyaho asalna ti mana.” 28  Terus pas ngajar di bait, Isa ngomong ku sora nu tarik, ”Maranéh apal ka urang jeung nyaho urang téh asalna ti mana. Urang datang lain ku kahayang sorangan. Anjeunna nu ngutus urang téh bener-bener aya, tapi maranéh teu kenal. 29  Urang mah kenal, sabab urang téh wakil-Na. Anjeunna nu ngutus urang.” 30  Jadi, maranéhna néangan akal pikeun néwak Isa, tapi euweuh nu bisa da can waktuna. 31  Sanajan kitu, loba jalma boga iman ka manéhna. Ceuk maranéhna, ”Lamun Al-Masih datang, manéhna pan bakal nyieun loba mujijat. Lainna éta nu dilakukeun ku jelema ieu?” 32  Urang Farisi ngadéngé jalma réa tingharéwos ngomongkeun Isa, jadi imam-imam kapala jeung urang Farisi ngutus para panjaga pikeun néwak manéhna. 33  Tuluy Isa ngomong, ”Urang bareng jeung maranéh téh moal lila. Sakeudeung deui, urang kudu balik ka Anjeunna nu ngutus urang. 34  Maranéh bakal néangan urang, tapi moal kapanggih. Maranéh gé moal bisa datang ka tempat urang.” 35  Urang Yahudi pada ngaromong kieu, ”Mémangna manéhna rék ka mana kitu, nepi ka moal bisa kapanggih ku urang? Rék indit ka urang Yahudi nu cicing di antara urang Yunani, terus ngajar urang Yunani? 36  Naon maksudna manéhna ngomong, urang bakal néangan manéhna, tapi moal kapanggih, jeung urang moal bisa datang ka tempat manéhna?” 37  Dina poé panutupan parayaan, poé nu pangpentingna, Isa nangtung jeung ngomong ku sora nu tarik, ”Lamun aya nu haus, sok datang ka urang jeung nginum. 38  Saha waé nu boga iman ka urang bakal ngarasakeun naon nu disebutkeun ayat ieu, ’Cai kahirupan bakal mudal ti jero haténa.’” 39  Sabenerna, nu dimaksud ku manéhna téh kawasa suci nu bakal dibikeun ka jalma-jalma nu boga iman ka manéhna. Tapi, harita mah kawasa éta can dibikeun sabab Isa can dimulyakeun. 40  Sababaraha jalma nu ngadéngé omongan éta ngomong kieu, ”Manéhna téh bener-bener Nabi nu dijangjikeun téa.” 41  Aya nu ngomong, ”Manéhna téh Al-Masih.” Tapi aya ogé nu ngomong, ”Piraku Al-Masih datang ti Galiléa. 42  Lainna Kitab Suci nyebutkeun Al-Masih téh turunan Daud jeung asalna ti Bétléhém, lemburna Daud?” 43  Jalma-jalma jadi teu sapaham ngeunaan manéhna. 44  Malah, aya nu hayang néwak manéhna, tapi teu bisa. 45  Waktu para panjaga balik deui, imam-imam kapala jeung urang Farisi nanya kieu, ”Mana jelemana, ku naon teu dibawa?” 46  Para panjaga ngajawab, ”Can pernah aya jelema nu ngomongna siga kitu.” 47  Ceuk urang Farisi, ”Sigana maranéh geus kasasabkeun ogé, nya? 48  Aya kitu pamingpin atawa urang Farisi nu boga iman ka manéhna? Euweuh, pan? 49  Jelema-jelema éta, nu teu ngarti Torét mah mémang jelema-jelema nu dikutuk.” 50  Di antara urang Farisi, aya Nikodémus nu pernah manggihan Isa. Ceuk manéhna, 51  ”Nurutkeun Torét urang, jelema ulah waka dihakiman saméméh didéngé kateranganana jeung dipariksa kalakuanana, bener teu?” 52  Maranéhna ngajawab, ”Manéh téh urang Galiléa ogé? Sok pariksa Kitab Suci, euweuh nabi nu asalna ti Galiléa.”*

Catetan Tambihan

Atawa ”Parayaan Saung Daun”.
As. ”tulisan-tulisan”.
Nyaéta, sakola keur para rabi.
Dina sababaraha naskah kuno nu bisa dipercaya, ay. 53 nepi ka pasal 8 ay. 11 téh teu aya.