Nu Ditulis ku Yahya 2:1-25

  • Hajat kawinan di Kana; cai jadi cianggur (1-12)

  • Isa ngusiran nu jual beuli di bait (13-22)

  • Isa apal eusi haté manusa (23-25)

2  Dua poé sanggeusna, aya hajat kawinan di kota Kana, Galiléa. Indungna Isa datang ka dinya. 2  Isa jeung murid-muridna ogé diondang ka hajat kawinan éta. 3  Pas nyaho cianggur téréh béak, indungna Isa ngomong ka manéhna, ”Cianggurna béak.” 4  Tapi Isa ngajawab, ”Bu, ieu lain urusan kuring jeung Ibu.* Ayeuna can waktuna keur kuring.” 5  Tapi indungna ngomong ka para palayan, ”Geus, turutan wéh nu dipénta ku manéhna.” 6  Di dinya, aya genep gentong cai tina batu. Dina tradisi urang Yahudi, caina sok dipaké keur nyucikeun diri. Sagentong bisa dieusian cai kira-kira 44 nepi ka 66 liter.* 7  Isa ngomong ka maranéhna, ”Eusian gentong-gentongna ku cai.” Jadi, maranéhna ngeusian gentong-gentong éta nepi ka pinuh. 8  Tuluy, manéhna ngomong ka para palayan, ”Siuk saeutik, bawa ka pangawas hajat.” Terus éta dianteurkeun. 9  Pangawas hajat ngasaan cai nu geus jadi cianggur. Manéhna teu nyahoeun cianggur éta téh ti mana, ari para palayan mah nyarahoeun. Tuluy manéhna ngageroan pangantén lalaki 10  jeung ngomong, ”Nu séjén mah méré cianggur téh nu alus heula. Engké mun batur geus marabok, kakara ngaluarkeun nu biasa. Ari manéh mah ti mimiti nepi ka ayeuna cianggurna alus terus.” 11  Ieu téh mujijat Isa nu mimiti, nu kajadianana di Kana, Galiléa. Ku cara kitu, Isa némbongkeun kawasana jeung murid-muridna jadi boga iman ka manéhna. 12  Sanggeus kajadian éta, Isa, indungna, adi-adina, jeung murid-muridna indit ka Kapernaum, tapi cicing di dituna teu lila. 13  Sakeudeung deui, urang Yahudi rék ngarayakeun Paskah. Jadi, Isa indit ka Yérusalém. 14  Di bait, manéhna ningali aya nu daragang sapi, domba, jeung manuk japati. Di ditu ogé, aya tukang nukeuran duit nu keur dariuk. 15  Jadi, manéhna nyieun pecut tina tali, tuluy ngusiran tukang dagang jeung sapi dombana ti bait. Duit logam tukang nukeuran duit gé diawur-awurkeun, jeung méja-méjana diguling-gulingkeun. 16  Tuluy Isa ngomong ka nu daragang japati, ”Bawaan ieu kabéh ka luar! Imah Bapa urang ulah dijadikeun tempat dagang!”* 17  Murid-muridna jadi inget kana ayat nu nyebutkeun, ”Kanyaah* ka imah Gusti ngagedur siga seuneu dina haté abdi.” 18  Ningali kajadian ieu, urang Yahudi ngomong ka Isa, ”Naon tandana manéh boga hak ngalakukeun ieu kabéh?” 19  Isa ngajawab, ”Sok runtuhkeun ieu bait, dina tilu poé ku urang bakal dibangun deui.” 20  Ceuk urang Yahudi, ”Bait ieu dibangun 46 taun, mémangna manéh bisa ngabangun bait ieu tilu poé?” 21  Sabenerna, bait nu dimaksud ku Isa téh awakna. 22  Ka dieunakeun, waktu Isa dihirupkeun deui, murid-muridna inget Isa pernah ngomong kitu. Maranéhna jadi percaya kana ayat dina Kitab Suci jeung kana omongan Isa. 23  Tapi, basa manéhna aya di Yérusalém pas keur parayaan Paskah, loba jalma jadi boga iman ka manéhna* lantaran ningali mujijat-mujijatna. 24  Sanajan kitu, Isa teu pati percaya ka maranéhna lantaran apal kana sipat maranéhna kabéh. 25  Isa mah teu kudu dibéré nyaho manusa téh siga kumaha, lantaran geus apal kana eusi haté manusa.

Catetan Tambihan

As. ”Naon urusanana kuring jeung anjeun, Wanita?” Ieu téh ungkapan nu nunjukkeun Isa teu satuju. Kecap ”wanita” di dieu lain maksudna ngarendahkeun.
As. ”dua atawa tilu takeran cai”. Takeran nu dipaké di dieu téh sigana bat, nu sarua jeung 22 L.
Atawa ”pasar”.
As. ”Sumanget”.
As. ”ngaran manéhna”.