Siloka 29:1-27
29 Jalma nu tiap diélingan téh angger waé heuras beuheung*Bakal ujug-ujug diancurkeun nepi ka teu bisa pulih deui.
2 Lamun jalma bener loba, jalma-jalma galumbira,Tapi lamun nu jahat boga kawasa, jalma-jalma udah-aduh bakating ku sangsara.
3 Jalma nu resepna kana kabijaksanaan téh nyenangkeun haté bapana,Tapi nu resep babarengan jeung palacur mah ngahambur-hambur kakayaan.
4 Mun raja adil, nagri kuat,Tapi mun narima panyogok, nagri ancur.
5 Muji-muji batur téhSarua jeung masang jiret keur suku jalma nu dipujina.
6 Jalma bener bakal surak gumbira,Sabalikna nu jahat mah bakal kajiret ku kajahatanana sorangan.
7 Jalma bener mah mikirkeun hak-hakna jalma miskin,Ari nu jahat mah bororaah.
8 Jalma nu gedé omong ngagedurkeun amarah sakota,Tapi nu bijaksana mah ngeureunkeun amarah.
9 Jang naon nu bijaksana boga masalah jeung nu bodo?Ngadon béak diamuk jeung dipoyokan ku nu bodo.
10 Tukang maéhan mah ka nu teu boga salah téh ngéwa,Maranéhna hayang maéhan jalma-jalma nu hirupna bener.*
11 Nu bodo mah amarahna sok terus budal,*Tapi nu bijaksana mah tetep tenang jeung bisa ngawasaan diri.
12 Lamun pangawasa ngadéngékeun katerangan-katerangan palsu,Kabéh bawahanana tangtu jadi jarahat.
13 Nu miskin jeung nu ngagencétna téh aya saruana:
Duanana dibéré nyawa ku Yéhuwa.
14 Mun raja adil waktu ngahakiman jalma leutik,Tahtana bakal langgeng.
15 Ku hukuman* jeung naséhat, jalma jadi bijaksana,Tapi mun budak diantep sakarepna, tungtungna ngérakeun indung.
16 Mun jalma jahat beuki loba, kajahatan gé nambahan,Tapi jalma bener mah bakal ningali maranéhna ancur.
17 Didik budak téh sangkan hirup manéh tenang,Ku kituna budak bakal nyugemakeun manéh.
18 Lamun teu aya tungtunan ti Allah, jalma sok mawa karep sorangan,Tapi nu taat kana hukum* mah bakal bagja.
19 Aya palayan nu teu bisa dipapatahan ku omongan hungkul.
Ngarti mah ngarti, tapi moal diturut.
20 Pernah teu panggih jeung jalma nu asal ngomong?
Loba kénéh harepan keur jalma bodo tibatan keur jalma modél kitu.
21 Lamun palayan diogo ti bubudak,Engké manéhna jadi tara nganuhunkeun.
22 Nu gancang ambek mah nyiar-nyiar pipaséaeun.
Saha waé nu gancang ambek bakal ngalampahkeun loba kasalahan.
23 Jelema nu sombong bakal direndahkeun,Sabalikna nu rendah haté mah bakal dimulyakeun.
24 Nu mantuan bangsat mah nyilakakeun dirina sorangan.
Waktu dijadikeun saksi,* manéhna teu méré nyaho nanaon.
25 Sieun ku* manusa téh jiret,Tapi nu percaya ka Yéhuwa mah bakal ditangtayungan.
26 Loba nu hayang panggih jeung* pangawasa ngarah meunang pitulung,Padahal kaadilan mah asalna ti Yéhuwa.
27 Jalma nu bener teu resep ka jalma nu beurat sabeulah,Nu jahat gé teu resep ka jalma nu hirupna bener.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”bedegong”.
^ Atawa bisa jadi ”Tapi nu hirupna bener mah ngajaga nyawana sorangan”.
^ Atawa ”ngabudalkeun kabéh parasaanana”.
^ Atawa ”tongkat; didikan”.
^ Atawa ”hukum Allah”.
^ Atawa ”Waktu ngadéngé sumpah nu eusina kutukan”.
^ Atawa ”Ngadégdég hareupeun”.
^ Atawa bisa jadi ”hayang dipikaresep ku”.