Siloka 18:1-24

  • Nu resep nyorangan téh mentingkeun diri jeung teu bijaksana (1)

  • Nami Yéhuwa lir bénténg nu tohaga (10)

  • Harta banda téh ngan saukur bénténg dina pamikiran (11)

  • Nu bijaksana mah ngadéngékeun carita ti dua pihak (17)

  • Aya babaturan nu leuwih raket tibatan dulur (24)

18  Jalma nu resep nyorangan baé téh sok mentingkeun diri,Dibéré naséhat nu alus gé embungeun.*  2  Jalma bodo mah tara daék diajar nanaon,Hayangna téh ngan ngabudalkeun pipikiran sorangan.  3  Jalma nu kalakuanana jahat bakal direndahkeun,Nu kalakuanana ngérakeun gé bakal dihina.  4  Ucapan jalma téh lir laut nu jero, Kabijaksanaan éta jalma lir walungan ngocor.  5  Waktu mutuskeun perkara, teu hadé lamun mihak ka nu jahatAtawa nyalahkeun nu bener.  6  Omongan jalma bodo téh pipaséaeun. Mun manéhna ngomong, batur téh sok hayang neunggeul.  7  Omongan jalma bodo téh nyusahkeun dirina sorangan. Manéhna cilaka ku biwirna sorangan.*  8  Omongan tukang pitnah téh jiga dahareun ngeunah,Langsung dilegleg asup kana beuteung.  9  Jelema nu kedul digawé téhDulurna bangsat. 10  Nami Yéhuwa lir bénténg anu tohaga. Jalma bener lumpat ka dinya, seug ditangtayungan.* 11  Ceuk pamikir nu baleunghar mah harta banda téh lir kota nu dibénténgan,Lir témbok pertahanan. 12  Nu sombong bakal tijungkel,Ari nu rendah haté bakal dihormat. 13  Jalma nu ngajawab tapi teu ngadéngékeun heula téhBodo jeung ngérakeun. 14  Jalma gering gé ari sumanget mah bisa kuat. Tapi, saha nu kuat ari geus teu sumanget* mah? 15  Jalma nu boga pangarti meunangkeun élmu,Jalma* nu bijaksana néangan élmu. 16  Hadiah téh mukakeun jalan keur nu méréna. Ku hadiah éta, manéhna bisa panggih jeung jalma-jalma penting. 17  Nu mimiti ngadukeun perkara téh caritana sok siga nu enya,Nepi ka lawanna datang jeung mariksa bener henteuna carita éta. 18  Waktu undi* dialungkeun, masalah bérés. Jalma-jalma nu boga kawasa gé teu paraséa deui. 19  Dulur nu nyeri haté leuwih hésé ditalukkeun tibatan kota nu dibénténgan. Jalma nu geus paséa jeung teu bisa rukun deui téh kawas gerbang nu dipalangan, hésé dibukana. 20  Jalma nu hadé basa téh kawas ngeusi beuteungna ku dahareun ngeunah. Ku ucapanana, manéhna bakal sugema. 21  Hirup maotna jalma gumantung kana létahna. Naon nu sering diomongkeun ku manéhna, nya éta nu bakal ditanggung ku manéhna. 22  Lalaki nu meunangkeun pamajikan bageur téh lir meunangkeun harta. Manéhna gé dipikaresep ku Yéhuwa. 23  Nu malarat melas-melis ngucapkeun paménta,Ari nu beunghar mah ngajawabna meni kasar. 24  Aya babaturan anu silih cilakakeun,Tapi aya ogé babaturan anu leuwih raket tibatan dulur sorangan.

Catetan Tambihan

Atawa ”teu resep”.
As. ”Biwirna jadi jiret keur nyawana”.
As. ”diangkat ka tempat luhur”, maksudna teu bisa dihontal, aman.
Atawa ”geus bener-bener pegat harepan”.
As. ”Ceuli jalma”.
Tingali Daptar Istilah.