Pandita 8:1-17

  • Pamaréntahan manusa nu teu sampurna (1-17)

    • Tuturkeun paréntah raja (2-4)

    • Kakawasaan manusa téh nyangsarakeun (9)

    • Lamun hukuman teu buru-buru dilaksanakeun (11)

    • Dahar, nginum, jeung gumbira (15)

8  Saha nu saperti jalma bijaksana? Saha nu bisa ngaréngsékeun masalah? Kabijaksanaan hiji jalma nyorot tina rarayna. Rarayna nu tadina sérius jadi marahmay. 2  Kuring ngomong, ”Paréntah raja téh tuturkeun, pan manéh geus sumpah ka Allah. 3  Ulah rurusuhan indit ti hareupeunana. Ulah pipilueun kana sagala nu goréng. Raja mah bisa ngalampahkeun naon waé sakahayangna, 4  sabab nu diucapkeun ku raja téh mangrupa paréntah. Saha nu wani ngomong kieu ka raja, ’Nanaonan manéh téh?’” 5  Jalma nu ngajalankeun paréntah raja moal keuna masalah. Jalma nu haténa bijaksana nyaho iraha waktuna jeung kumaha cara ngalampahkeunana.* 6  Manusa téh masalahna loba pisan, jadi tiap-tiap perkara téh kudu diréngsékeun dina waktu nu cocog jeung maké cara* nu bener. 7  Euweuh saurang-urang acan nu nyaho naon nu bakal kajadian, jadi saha nu bisa nerangkeun kumaha éta bakal kajadian? 8  Sakumaha euweuh jalma nu bisa nahan leungitna nyawa,* nya kitu ogé euweuh jalma nu bisa ngatur iraha poéna maot. Sakumaha euweuh prajurit nu meunang balik pas keur perang, nya kitu ogé nu jarahat moal bisa bébas tina balukarna.* 9  Kuring geus nempo éta kabéh. Kuring gé mikiran sagala nu dilampahkeun di dunya. Salila ieu, manusa ngawasaan manusa, balukarna jalma-jalma sangsara. 10  Kuring gé nempo, jalma-jalma jahat nu tadina kaluar asup tempat suci ayeuna dikuburkeun. Tapi moal lila deui gé, maranéhna bakal dipopohokeun ku jalma-jalma di kota tempat maranéhna ngalampahkeun kajahatan. Éta gé mubadir. 11  Jelema jadi beuki wani ngalampahkeun kajahatan téh ku sabab nu ngalampahkeun kajahatan teu buru-buru dihukum. 12  Jalma nu boga dosa bisa waé ngalampahkeun kajahatan nepi ka saratus kali, sarta panjang umur. Sanajan kitu, kuring nyaho yén jalma nu hormat* ka Allah nu bener mah bakal narima nu haradé. 13  Sabalikna, nu jarahat mah meunangkeunana téh nu garoréng. Maranéhna gé moal bisa manjangkeun umurna nu kawas kalangkang* sabab maranéhna teu hormat* ka Allah. 14  Ieu nu mubadir* di bumi: Aya jalma bener nu dianggap jahat, aya ogé jalma jahat nu dianggap bener. Ceuk kuring mah éta téh mubadir. 15  Nu matak ceuk kuring mah leuwih hadé gumbira, sabab nu panghadéna keur manusa di dunya mah nyaéta dahar, nginum, jeung gumbira. Tah, éta nu kudu dilampahkeun téh, bari getol digawé sapanjang hirupna, hirup nu dibéré ku Allah nu bener ka manéhna di dunya. 16  Kuring boga tékad hayang meunangkeun kabijaksanaan jeung hayang nempo sagala nu dipigawé di bumi, nepi ka ngabélaan beurang peuting teu saré.* 17  Tuluy kuring mikiran sagala padamelan Allah nu bener. Kuring jadi ngarti, manusa mah moal paham kana naon-naon nu kajadian di dunya. Rék sakumaha diulikna gé, manusa mah moal bisa paham. Sanajan maranéhna ngarasa geus bijaksana jeung nyaho éta kabéh, sabenerna mah maranéhna teu bener-bener paham.

Catetan Tambihan

Atawa ”kumaha nyieun putusanana”.
Atawa ”putusan”.
Atawa ”napas kahirupan; angin”.
Atawa bisa jadi ”nu jarahat moal bisa dibébaskeun ku kajahatanana”.
As. ”sieun”.
Atawa ”bayangan”.
As. ”sieun”.
Atawa ”nyusahkeun haté”.
Atawa bisa jadi ”nyaéta beurang peuting jalma-jalma téh teu saré”.