Pamindo 29:1-29
29 Salian ti nyieun perjangjian jeung urang Israél di Horéb, Yéhuwa gé maréntahkeun Musa pikeun nyieun perjangjian séjén jeung urang Israél di Moab sarta nepikeun éta perjangjian ka maranéhna.
2 Musa ngageroan sakabéh urang Israél sina kumpul. Geus kitu manéhna ngomong kieu, ”Maranéh geus ningali sakabéh nu dilampahkeun ku Yéhuwa di Mesir ka Firaun, para palayanna, jeung sakuliah nagrina.
3 Maranéh gé geus ningali tanda-tanda jeung mujijat-mujijat nu hébat ti Anjeunna pikeun ngahukum maranéhna.
4 Tapi nepi ka ayeuna, maranéh ku Yéhuwa teu dibéré kasanggupan pikeun* ngarti, panon pikeun ningali, jeung ceuli pikeun ngadéngé.
5 ’Salila 40 taun Kuring mingpin maranéh di tanah gurun, pakéan maranéh teu raruksak, kitu ogé sendal maranéh.
6 Maranéh teu dahar roti jeung teu nginum anggur atawa inuman nu aya alkoholan, tapi ku Kuring tetep diurus, supaya maranéh nyaho yén Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.’
7 Tungtungna, maranéh nepi ka dieu. Tuluy Sihon raja Hésbon jeung Og raja Basyan datang merangan urang, tapi ku urang diéléhkeun.
8 Geus kitu urang ngarebut tanahna, tuluy dibikeun ka kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé pikeun jadi warisan.
9 Nu matak, maranéh kudu taat jeung ngajalankeun ieu perjangjian supaya sagala usaha maranéh hasilna alus.
10 ”Poé ieu di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, kabéhanana ngumpul, nyaéta para pamingpin kaom, para kokolot, para pangawas, sakabéh lalaki di Israél,
11 barudak, pamajikan, jeung urang asing nu cicing di antara maranéh, boh tukang ngala suluh boh tukang nimba cai.
12 Maranéh aya di dieu pikeun nyatujuan perjangjian nu dijieun ku Yéhuwa Allah maranéh jeung maranéh, nyaéta perjangjian nu dijieun ku Yéhuwa Allah maranéh poé ieu nu dikukuhkeun ku sumpah.
13 Ku kituna, maranéh bakal jadi umat-Na, sarta Anjeunna bakal jadi Allah maranéh, sakumaha jangji-Na ka maranéh jeung sumpah-Na ka karuhun maranéh, nyaéta ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.
14 ”Perjangjian jeung sumpah ieu téh lain dijieun keur maranéh hungkul,
15 nu poé ieu nangtung babarengan di hareupeun Yéhuwa Allah urang, tapi ogé keur turunan maranéh engké.
16 (Maranéh apal pisan kumaha kahirupan urang di Mesir sarta kumaha urang ngaliwatan wilayah bangsa-bangsa sapanjang perjalanan.
17 Maranéh gé ningali sorangan perkara-perkara maranéhna nu pikaijideun, nyaéta berhala-berhalana nu pikageuleuheun* tina kai, batu, emas, jeung pérak nu aya di antara maranéhna.)
18 Sing ati-ati, di antara maranéh ulah aya lalaki, atawa awéwé, atawa kulawarga, atawa kaom nu haténa nyimpang ti Yéhuwa Allah urang tuluy nyembah allah-allah ti bangsa-bangsa éta. Jalma-jalma siga kitu téh kawas akar pepelakan nu pait jeung racunan.
19 ”Tapi bisa waé aya nu ngadéngé éta sumpah, seug ku sombongna ngomong kieu di jero haténa, ’Najan nuturkeun kahayang sorangan gé urang mah moal nanaon da.’ Kalakuan kitu téh bakal nyilakakeun saréréa.
20 Jalma nu kitu mah moal dihampura ku Yéhuwa. Yéhuwa bakal ambek pisan, sarta sakabéh kutuk nu ditulis dina ieu buku bakal keuna ka manéhna. Yéhuwa bakal mupus ngaranna ti bumi.
21 Geus kitu, Yéhuwa bakal misahkeun manéhna ti sakabéh kaom di Israél sarta ngahukum manéhna ku sakabéh kutuk nu ditulis dina ieu Torét. Éta téh lantaran manéhna ngalanggar perjangjian.
22 ”Turunan maranéh sarta urang asing nu cicing di nagri nu jauh bakal ningali musibat nu didatangkeun ku Yéhuwa ka ieu tanah.
23 Maranéhna bakal ningali sakuliah tanah ancur ku walirang, uyah, jeung seuneu, nepi ka teu bisa dipelakan atawa ngabijilkeun sirung. Moal aya pepelakan anu jadi. Éta tanah kawas Sodom, Gomora, Adma, jeung Zéboyim, nu diancurkeun ku Yéhuwa bakating ku ambek.
24 Turunan maranéh, urang asing, jeung sakabéh bangsa bakal silih tanya, ’Ku naon éta tanah ku Yéhuwa bet dikitu-kitu? Ku naon Anjeunna ambek kawas kitu?’
25 Jalma-jalma bakal ngajawab kieu, ’Éta téh lantaran maranéhna ingkar tina perjangjian jeung Yéhuwa, Allah karuhun maranéhna, nyaéta perjangjian nu dijieun ku Anjeunna jeung maranéhna basa dibudalkeun ti Mesir.
26 Maranéhna kalah ka nyembah jeung sujud ka allah-allah séjén, allah-allah nu teu dikenal ku maranéhna, padahal Anjeunna geus ngalarang maranéhna nyembah allah-allah éta.
27 Kitu sababna Yéhuwa kacida ambekna ka éta tanah sarta ngadatangkeun sakabéh kutuk nu ditulis dina éta buku.
28 Bakating ku ambek, Yéhuwa ngarabut maranéhna tina taneuhna, tuluy dipiceun ka nagri séjén, ka tempat maranéhna ayeuna.’
29 ”Yéhuwa Allah urang terang kana sakabéh rasiah, tapi perkara-perkara nu hoyong disingkabkeun ku Anjeunna téh dipercayakeun ka urang, supaya urang bisa ngajalankeun sakabéh kekecapan dina ieu Torét.
Catetan Tambihan
^ As. ”teu dibéré haté nu bisa”.
^ Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.