Pamindo 12:1-32
12 ”Ieu aturan jeung putusan hukum nu kudu bener-bener dijalankeun sapanjang hirup maranéh di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah karuhun maranéh.
2 Di wilayah nu bakal direbut ku maranéh ti bangsa-bangsa éta, tempat-tempat nu dipaké ku maranéhna pikeun ngabakti ka allah-allahna kudu diancurkeun kabéhanana, boh nu aya di gunung-gunung boh di pasir-pasir* boh di handapeun tangkal-tangkal nu daunna gomplok.
3 Ancurkeun mézbah-mézbahna, runtuhkeun pilar-pilar berhalana,* duruk tihang-tihang berhalana,* remukkeun patung ukiran allah-allahna, supaya ngaran allah-allahna teu diinget-inget deui.
4 ”Waktu nyembah ka Yéhuwa Allah maranéh, ulah nurutan cara ibadah maranéhna.
5 Di antara sakabéh wilayah kaom maranéh, Yéhuwa Allah maranéh bakal milih hiji tempat pikeun jadi panglinggihana-Na jeung pikeun ngamulyakeun nami-Na. Pék indit jeung ibadah ka Anjeunna di dinya.
6 Ka dinya maranéh kudu mawa kurban beuleuman jeung kurban-kurban séjénna, perpuluhan jeung sumbangan, kurban keur ikrar, kurban sukaréla, jeung anak cikal ti ingon-ingon maranéh.
7 Nya di dinya maranéh jeung kulawarga kudu dahar di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh. Sing suka bungah ku hasil usaha maranéh, sabab Yéhuwa Allah maranéh geus ngaberkahan.
8 ”Kalakuan téh ulah kawas ayeuna, masing-masing ngalampahkeun nu bener ceuk pamikirna sorangan,
9 lantaran maranéh can nepi ka pamatuhan jeung tanah warisan nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.
10 Sanggeus maranéh meuntas Walungan Yordan jeung matuh di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, Anjeunna tangtu bakal ngajaga maranéh ti sakabéh musuh. Hirup maranéh bakal tengtrem.
11 Yéhuwa Allah maranéh bakal milih hiji tempat pikeun ngamulyakeun nami-Na. Maranéh kudu mawa kabéh nu diparéntahkeun ku kuring ka dinya, nyaéta kurban beuleuman jeung kurban-kurban séjénna, perpuluhan jeung sumbangan, sarta kurban keur ikrar maranéh ka Yéhuwa.
12 Sing saruka bungah di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh bareng jeung anak-anak, para palayan, sarta urang Léwi nu matuh di kota-kota maranéh, nu teu meunang warisan kawas maranéh.
13 Ulah ngabaktikeun kurban beuleuman di mana baé sakahayang maranéh.
14 Maranéh ngan meunang ngabaktikeun kurban beuleuman di tempat nu dipilih ku Yéhuwa, nyaéta di salah sahiji wilayah kaom-kaom maranéh. Di dinya, maranéh kudu ngalampahkeun sakabéh nu diparéntahkeun ku kuring.
15 ”Lamun hayang dahar daging, maranéh meunang meuncit sato jeung ngadahar dagingna iraha waé, nurutkeun berkah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh di kota-kota maranéh. Boh jalma nu najis boh jalma nu teu najis meunang ngadahar éta daging kawas ngadahar kijang atawa uncal.
16 Tapi getihna ulah didahar. Getihna kudu dikucurkeun kana taneuh kawas cai.
17 Di kota-kota maranéh, maranéh teu meunang ngadahar sapersapuluh bagian tina sisikian, cianggur anyar, sarta minyak maranéh, kitu deui anak cikal sapi, embé, jeung domba, kurban keur nedunan ikrar, kurban sukaréla, atawa sumbangan maranéh.
18 Éta kabéh kudu didahar di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, di tempat nu geus dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh. Ngadaharna kudu bareng jeung anak-anak, para palayan, sarta urang Léwi nu matuh di kota-kota maranéh. Sing saruka bungah di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh ku hasil usaha maranéh.
19 Sapanjang maranéh matuh di tanah maranéh, urang Léwi ulah nepi ka diantep.
20 ”Yéhuwa Allah maranéh bakal ngalegakeun wilayah maranéh sakumaha jangji-Na. Engké lamun maranéh hayang pisan dahar daging, seug ngomong, ’Urang hayang daging,’ maranéh meunang ngadahar daging iraha waé sakahayang maranéh.
21 Lamun tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na téh jauh, maranéh meunang meuncit sababaraha ingon-ingon nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, sakumaha paréntah kuring ka maranéh. Didaharna kudu di jero kota maranéh iraha waé sakahayang maranéh.
22 ”Maranéh meunang ngadahar dagingna kawas ngadahar kijang jeung uncal. Boh jalma nu najis boh jalma nu teu najis meunang ngadahar éta.
23 Tapi, maranéh kudu boga tékad moal ngadahar getihna, sabab getihna téh nyawana. Ulah ngadahar daging nu aya kénéh nyawana.
24 Maranéh teu meunang ngadahar getihna. Éta kudu dikucurkeun kana taneuh kawas cai.
25 Ulah ngadahar getih, supaya maranéh jeung anak incu maranéh hirup makmur, lantaran maranéh ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa.
26 Waktu maranéh datang ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa, maranéh ngan meunang nyokot pangbakti nu suci milik maranéh jeung kurban keur nedunan ikrar.
27 Di ditu, maranéh kudu ngabaktikeun kurban beuleuman, nyaéta daging jeung getihna, dina mézbah Yéhuwa Allah maranéh. Getihna kudu dikucurkeun kana mézbah Yéhuwa Allah maranéh, tapi dagingna meunang didahar.
28 ”Jalankeun bener-bener sakabéh nu diparéntahkeun ku kuring ka maranéh, supaya maranéh jeung anak incu maranéh hirup makmur, lantaran maranéh ngalampahkeun nu hadé jeung nu bener dina pandangan Yéhuwa Allah maranéh.
29 ”Yéhuwa Allah maranéh bakal ngamusnakeun bangsa-bangsa nu wilayahna rék direbut ku maranéh, tuluy maranéh bakal matuh di tanah maranéhna.
30 Sanggeus maranéhna dimusnakeun, ulah nuturkeun kalakuan maranéhna. Ulah harayang nyaho ngeunaan allah-allahna jeung tatanya kieu, ’Kumaha nya bangsa-bangsa éta nyembah allah-allahna? Urang gé hayang nuturkeun maranéhna.’
31 Ulah nyembah Yéhuwa Allah maranéh maké cara ibadah maranéhna, sabab cara ibadahna ka allah-allahna téh pikageuleuheun keur Yéhuwa, malah maranéhna ngaduruk anak-anakna sorangan keur allah-allahna.
32 Sakabéh paréntah nu ditepikeun ku kuring ka maranéh kudu dijalankeun, ulah leuwih ulah kurang.