Nu Ditulis ku Markus 4:1-41
4 Isa ngajar deui di sisi situ, jeung loba pisan jalma nu ngarumpul. Jadi, manéhna naék jeung diuk dina parahu. Parahuna rada maju ka tengah situ, ari jalma réa mah caricing di sapanjang basisir.
2 Manéhna ngajarkeun loba hal maké ibarat. Ieu nu diajarkeunana téh,
3 ”Déngékeun. Aya patani nu keur nebarkeun binih.
4 Pas keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan. Tuluy manuk daratang, maracokan éta binih nepi ka béak.
5 Aya ogé nu ragragna dina taneuh nu batuan. Lantaran taneuhna ngan saeutik, binihna gancang jadi.
6 Tapi barang kasebrot ku panonpoé, éta garing lantaran teu akaran.
7 Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, tuluy kagencét ku rungkun cucuk nu ngagedéan, ku kituna teu buahan.
8 Tapi aya ogé anu ragrag kana taneuh nu subur. Binihna jadi, ngagedéan, tuluy baruahan, aya nu 30, 60, jeung 100 kalieun.”
9 Tuluy manéhna ngomong, ”Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.”
10 Basa Isa keur sorangan, sababaraha murid jeung 12 rasul nanyakeun hartina ibarat éta.
11 Isa ngajawab, ”Maranéh mah geus dibéré rasiah suci ngeunaan Pamaréntahan Allah, tapi nu séjén mah ngan ngadéngé ibaratna hungkul,
12 jadi sanajan ningali, maranéhna teu ngarti, jeung sanajan ngadéngé, maranéhna teu paham. Maranéhna ogé moal balik ka Allah tuluy dihampura.”
13 Manéhna neruskeun, ”Lamun maranéh teu ngarti ibarat ieu, kumaha bisa ngarti ibarat-ibarat séjénna?
14 ”Nu ditebarkeun ku patani téh warta ti Allah.
15 Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé éta warta. Teu lila sanggeus maranéhna ngadéngé éta warta, Sétan datang tuluy nyokot warta nu ditebarkeun dina haténa.
16 Kitu ogé, taneuh nu batuan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu sanggeus ngadéngé éta warta, langsung bungah narimana.
17 Tapi lantaran wartana teu akaran dina haténa, percayana ngan saheulaanan. Sawaktu aya masalah atawa panganiayaan lantaran warta éta, maranéhna teu percaya deui.
18 Ari rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé warta éta,
19 tapi lantaran maranéhna hariwang kana hirupna,* katipu ku kabeungharan, jeung haténa kapangaruhan ku rupa-rupa kahayang, warta éta kagencét jeung teu buahan.
20 Nu pandeuri, taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé warta éta. Maranéhna bungah narimana jeung buahan, aya nu 30, 60, jeung 100 kalieun.”
21 Manéhna gé ngomong kieu ka maranéhna, ”Lampu moal dituruban ku karanjang atawa diteundeun di kolong kasur, pan? Tapi, éta diteundeunna di tempat nu luhur.
22 Sabab naon nu disumput-sumputkeun bakal kanyahoan, jeung naon nu ditutup rapet bakal kabuka.
23 Saha waé nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.”
24 Manéhna ngomong deui, ”Perhatikeun naon nu didéngé ku maranéh. Sabaraha loba nu dibikeun, nya sakitu ogé nu bakal ditarima ku maranéh, malahan bakal meunang leuwih loba.
25 Sabab saha waé nu geus boga bakal ditambahan, tapi saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot.”
26 Manéhna neruskeun, ”Pamaréntahan Allah téh siga jelema nu keur ngawurkeun binih kana taneuh.
27 Unggal peuting manéhna saré jeung isukna hudang. Binihna jaradi jeung ngagedéan. Kumaha bisa kitu, manéhna teu nyahoeun.
28 Binih dina taneuh téh jadi sorangan, mimitina ngajangkungan, tuluy ranggeuyan, nepi ka sikina arasak.
29 Sanggeus gandumna asak, manéhna mawa arit tuluy ngala gandumna, sabab geus usum panén.”
30 Manéhna ngomong deui, ”Pamaréntahan Allah téh bisa diupamakeun siga naon, atawa ku ibarat naon urang bisa nerangkeunana?
31 Éta téh siga siki sasawi.* Waktu dipelak dina taneuh, éta téh siki nu pangleutikna di antara sisikian di bumi.
32 Tapi waktu geus jadi, éta bisa ngagedéan, jauh leuwih gedé tibatan sayur-sayuran séjénna, dahan-dahanna gé galedé, jadi manuk bisa nyayang jeung ngiuhan di dinya.”
33 Manéhna ngajarkeun firman Allah maké loba ibarat siga kitu, diluyukeun jeung kanyaho jalma-jalma.
34 Malah manéhna moal ngajar mun teu maké ibarat, tapi ngan ka murid-muridna manéhna ngajelaskeun sagalana.
35 Poé éta kénéh, pas geus peuting, manéhna ngomong ka murid-murid, ”Hayu urang meuntas ka beulah ditu.”
36 Jadi, sanggeus ngabubarkeun jalma réa, manéhna dibawa naék parahu ku murid-murid. Aya ogé parahu-parahu séjén nu nuturkeun.
37 Ari pék téh gelebug aya angin ribut. Parahuna kabuntang-banting ku ombak, nepi ka téréh pinuh ku cai.
38 Ari Isa keur saré di beulah tukang maké bantal. Jadi maranéhna ngahudangkeun Isa, ”Guru, teu apal kitu urang téréh paéh?”
39 Manéhna hudang, nyentak angin jeung ngomong ka situ, ”Jep! Eureun!” Rep wéh anginna jempé, jeung kaayaanana jadi tenang.
40 Ceuk manéhna, ”Ku naon bet sarieun? Can baroga iman kénéh maranéh téh?”
41 Maranéhna sarieuneun pisan, jeung pada ngomong kieu, ”Saha sabenerna manéhna téh, nepi ka angin jeung situ gé nurut ka manéhna?”