Nu Ditulis ku Lukas 10:1-42
10 Geus kitu, Juragan milih 70 jalma séjén jeung ngutus maranéhna duaan-duaan miheulaan manéhna ka kabéh kota jeung tempat nu rék didatangan ku manéhna.
2 Tuluy Isa ngomong ka maranéhna, ”Panéneun téh loba, tapi nu ngalana ngan saeutik. Jadi, kudu ménta ka Dunungan nu boga panén supaya ngadatangkeun jalma-jalma nu bisa ngala panéneun ieu.
3 Jung indit, tapi sing waspada! Maranéh diutus téh kawas anak domba di tengah-tengah ajag.
4 Ulah mawa kantong duit, kantong dahareun, atawa sendal, jeung ulah méré salam* ka saha waé di jalan.
5 Méméh asup ka hiji imah, ngucapkeun heula salam, ’Mugia imah ieu meunang katengtreman.’
6 Lamun di dinya aya nu resep rukun, manéhna bakal narima katengtreman sakumaha salam maranéh. Tapi lamun euweuh, katengtreman éta bakal tetep aya di maranéh.
7 Jadi, terus cicing di imah éta, dahar jeung nginum naon waé nu disadiakeun, da jalma nu digawé mah pantes diburuhan. Ulah pundah-pindah ka imah séjén.
8 ”Salian ti éta, lamun maranéh datang ka hiji kota jeung ditarima, dahar naon waé nu geus disiapkeun,
9 cageurkeun jalma-jalma gering di dinya, tuluy béjaan maranéhna, ’Pamaréntahan Allah geus deukeut.’
10 Tapi lamun maranéh datang ka hiji kota jeung teu ditarima, pék indit ka jalan-jalan gedé jeung ngomong kieu,
11 ’Kekebul ieu kota anu napel kana suku, ku urang dikebutkeun supaya jadi pépéling keur maranéh. Tapi sing inget, Pamaréntahan Allah geus deukeut.’
12 Urang ngabéjaan, hukuman keur Sodom dina Poé Pangadilan bakal leuwih hampang tibatan keur kota éta.
13 ”Cilaka manéh, Khorazin! Cilaka manéh, Bétsaida! Lamun mujijat-mujijat nu ditémbongkeun ka maranéh ditémbongkeun di Tirus jeung Sidon, jalma-jalma di dinya geus ti baréto kénéh diuk bari maraké baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu tanda tarobat.
14 Éta sababna dina Poé Pangadilan, hukuman keur Tirus jeung Sidon bakal leuwih hampang tibatan keur maranéh.
15 Kitu deui manéh, Kapernaum, samaruk manéh rék dibawa ka sorga, kitu? Moal, manéh rék ditotogkeun ka Kuburan!*
16 ”Saha waé nu ngadéngékeun maranéh, sarua jeung ngadéngékeun urang. Saha waé nu nolak maranéh, nolak urang ogé. Malah, saha waé nu nolak urang, sarua jeung nolak Anjeunna nu ngutus urang.”
17 Tuluy nu 70 jalma téa balik bari jeung atoh. Ceuk maranéhna, ”Juragan, roh-roh jahat gé narurut ka urang kabéh lantaran maké ngaran Juragan.”
18 Ku kituna Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang ningali Sétan ragrag kawas kilat ti langit.
19 Ku urang maranéh geus dibéré kawasa pikeun nincakan oray jeung kalajengking, pikeun ngéléhkeun sagala kakuatan musuh, jeung moal aya anu bisa nyilakakeun maranéh.
20 Tapi, ulah atoh lantaran roh-roh jahat nurut ka maranéh, kudu atoh téh lantaran ngaran maranéh geus ditulis di sorga.”
21 Harita kénéh, kawasa suci nyababkeun Isa bungah pisan. Ceuk Isa, ”Bapa, Pangawasa langit jeung bumi, abdi muji Bapa di hareupeun loba jalma, lantaran Bapa nyumputkeun hal-hal ieu ka jalma-jalma palinter jeung bijaksana, tapi ngungkabkeun ieu ka jalma-jalma saderhana nu siga budak leutik. Éta nu dipikahayang ku Bapa.”
22 Tuluy manéhna ngomong kieu, ”Sagala hal geus disérénkeun ka urang ku Bapa. Euweuh nu kenal ka Putra salian ti Bapa, jeung euweuh nu kenal ka Bapa salian ti Putra, sarta euweuh nu bisa kenal ka Bapa lamun teu dibéré nyaho ku Putra.”
23 Geus kitu, manéhna ngomong ka murid-muridna hungkul, ”Bagja jalma nu ningali naon nu ditingali ku maranéh.
24 Urang ngabéjaan, loba nabi jeung raja kacida hayangna ningali naon nu ditingali ku maranéh, jeung ngadéngé naon nu didéngé ku maranéh, tapi teu bisa.”
25 Saurang guru Torét nangtung jeung nguji kieu ka Isa, ”Guru, abdi kudu kumaha supaya bisa ngawaris hirup langgeng?”
26 Ceuk Isa, ”Naon nu ditulis dina Torét? Naon nu dipikaharti ku manéh?”
27 Manéhna ngajawab, ”’Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* sakuat tanaga, jeung sakabéh pikiran’ sarta ’nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’”
28 Ceuk Isa, ”Jawaban manéh bener. Terus lampahkeun éta, manéh bakal meunangkeun hirup langgeng.”
29 Tapi ngarah kaciri bener, lalaki éta nanya ka Isa, ”Saha sabenerna sasama urang téh?”
30 Isa ngajawab, ”Aya lalaki turun ti Yérusalém rék ka Yérikho, ari pék téh dipegat ku rampog. Manéhna ditaranjangan, digebugan, jeung cul baé ditinggalkeun satengah paéh.
31 Kabeneran, aya imam nu turun ngaliwatan jalan éta. Tapi barang ningali lalaki éta, manéhna leumpang terus di peuntaseun jalan.
32 Kitu ogé, aya urang Léwi ngaliwatan jalan éta, barang nempo lalaki éta, manéhna gé leumpang terus di peuntaseun jalan.
33 Tapi, aya urang Samaria ngaliwatan jalan éta. Barang nempo lalaki éta, manéhna karunyaeun.
34 Jadi ku manéhna disampeurkeun, raheut-raheutna dikucuran ku minyak jeung cianggur, tuluy dibeungkeut ku kaén. Geus kitu, lalaki éta ditumpakkeun kana kaldé tungganganana, dibawa ka panginepan, jeung dirawat.
35 Isukna, manéhna méré dua dinar* ka nu boga panginepan, tuluy ngomong, ’Panguruskeun éta jalma. Mun duitna kurang, engké ku urang dibayar pas balik deui ka dieu.’
36 Cik ceuk manéh, ti antara nu tiluan, mana nu lampahna nyirikeun jadi sasama keur jalma nu dirampog éta?”
37 Ceuk manéhna, ”Jalma nu karunyaeun jeung nulungan lalaki éta.” Terus ceuk Isa, ”Tah, manéh ogé kudu kitu.”
38 Sanggeusna, maranéhna indit deui jeung nepi ka hiji kampung. Di dinya, Isa diondang ka imahna saurang awéwé nu ngaranna Marta.
39 Manéhna boga adi awéwé nu ngaranna Maryam. Maryam ngadéprok di deukeut suku Juragan bari terus ngadéngékeun omonganana.
40 Ari Marta mah pakepuk sorangan ngurus itu ieu. Jadi, manéhna nyampeurkeun Isa jeung ngomong, ”Juragan, rék diantep baé éta adi abdi teu mantuan abdi? Titah mantuan atuh.”
41 Juragan ngajawab, ”Marta, Marta, manéh téh hariwang teuing mikirkeun sagala rupa.
42 Padahal, nu dibutuhkeun téh ngan saeutik, malah ngan hiji. Ari Maryam mah geus milih anu hadé, jeung éta moal dicokot ti manéhna.”
Catetan Tambihan
^ Atawa ”salam bari tatangkeupan”.
^ Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”kahirupan; jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.