Kajadian 21:1-34

  • Ishak lahir (1-7)

  • Ismail moyokan Ishak (8, 9)

  • Hajar jeung Ismail diusir (10-21)

  • Perjangjian Ibrahim jeung Abimélékh  (22-34)

21  Sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa, Anjeunna teu mopohokeun Sara. Yéhuwa ngalaksanakeun jangji-Na ka Sara. 2  Dina waktu nu geus dijangjikeun ku Allah, Sara ngandung jeung ngalahirkeun budak lalaki keur Ibrahim waktu Ibrahim geus kolot. 3  Orok nu dilahirkeun ku Sara dingaranan Ishak ku Ibrahim. 4  Waktu Ishak umur dalapan poé, Ibrahim nyunatan manéhna, sakumaha paréntah Allah. 5  Umur Ibrahim 100 taun basa Ishak dilahirkeun. 6  Geus kitu, Sara ngomong kieu, ”Allah nyababkeun urang seuri ku kabungah. Saréréa nu ngadéngé ieu gé bakal milu seuri.”* 7  Manéhna ngomong deui, ”Saha nu nyangka Sara pamajikanana Ibrahim bakal nyusuan anakna sorangan? Tapi geuningan, sakitu geus kolot gé urang bisa ngalahirkeun anak keur manéhna.” 8  Budak téh beuki gedé sarta geus teu nyusu deui. Dina poé Ishak teu nyusu deui, Ibrahim ngayakeun hajat gedé. 9  Tapi Sara mangkali-kali ningali anak Hajar urang Mesir téa, nu dilahirkeun keur Ibrahim, moyokan Ishak. 10  Jadi Sara ngomong ka Ibrahim, ”Usir éta palayan awéwé jeung anakna téh, da anak manéhna moal bakal jadi ahli waris bareng jeung Ishak anak urang!” 11  Tapi Ibrahim keuheul pisan ngadéngé omongan Sara ngeunaan Ismail anakna. 12  Tuluy Allah ngomong ka Ibrahim, ”Ulah keuheul kana omongan Sara ngeunaan anak lalaki éta jeung palayan manéh. Déngékeun omongan Sara, sabab nu bakal disebut turunan* manéh téh nu asalna ti Ishak. 13  Anak ti palayan éta gé bakal dijadikeun hiji bangsa ku Kuring, lantaran manéhna téh turunan* manéh kénéh.” 14  Jadi isuk-isuk kénéh, Ibrahim hudang tuluy nyokot roti jeung kantong kulit nu dieusian cai sarta dibikeun ka Hajar. Éta kabéh digantélkeun kana taktakna Hajar ku Ibrahim, tuluy Hajar disina indit bareng jeung anakna. Jadi Hajar indit jeung ngumbara di gurun keusik Béér-syéba. 15  Tungtungna, cai dina kantong kulit téh béak, jadi éta budak disuntrungkeun ku manéhna kana rungkun. 16  Tuluy manéhna indit jeung diuk sorangan rada jauh ti dinya. Manéhna ngomong, ”Aing teu téga ningali anak aing paéh.” Bruk manéhna diuk tuluy ceurik gogoakan. 17  Allah ngadéngé sora budak lalaki éta. Geus kitu, malaikat Allah ngageroan Hajar ti langit, pok ngomong, ”Ku naon manéh bet ceurik, Hajar? Ulah sieun, Allah geus ngadéngé sorana éta budak. 18  Geura cengkat, tangtungkeun budak téh, cekelan sing bener, sabab Kuring rék ngajadikeun manéhna bangsa nu gedé.” 19  Geus kitu, panon Hajar dibuka ku Allah, bray manéhna nempo hiji sumur. Hajar ngajugjug ka dinya tuluy ngeusian kantong kulitna ku cai jeung méré nginum budakna. 20  Allah nyarengan budak éta nepi ka gedé. Manéhna cicing di gurun keusik tuluy jadi tukang manah. 21  Manéhna matuh di Gurun Keusik Paran. Indungna ngawinkeun manéhna jeung mojang ti Mesir. 22  Harita, Abimélékh bareng jeung Pikol panglima tentarana ngomong ka Ibrahim, ”Sagala nu dilampahkeun ku manéh téh disarengan ku Allah. 23  Sok ayeuna mah sumpah demi Allah, manéh moal ngalicikan urang jeung anak incu urang. Urang geus bageur* ka manéh, nya manéh gé kudu kitu ka urang jeung ka penduduk nu tanahna dicicingan ku manéh.” 24  Ibrahim ngajawab, ”Abdi sumpah.” 25  Tapi, Ibrahim ngadu ka Abimélékh ngeunaan sumur nu direbut ku anak buahna Abimélékh. 26  Ngadéngé kitu, Abimélékh ngomong, ”Urang mah teu nyaho da. Naha manéh teu ngabéjaan saacanna? Kakara ayeuna urang ngadéngé.” 27  Tuluy Ibrahim méré domba jeung sapi ka Abimélékh. Geus kitu, duanana nyieun perjangjian. 28  Waktu Ibrahim misahkeun tujuh anak domba bikang, 29  Abimélékh nanya ka Ibrahim, ”Keur naon manéh misahkeun tujuh anak domba bikang ieu?” 30  Ibrahim ngajawab, ”Abdi rék méré tujuh anak domba bikang ieu ka anjeun keur jadi bukti yén abdi nu ngagali sumur ieu.” 31  Éta sababna tempat éta disebut Béér-syéba,* lantaran di dinya maranéhna duaan nyieun sumpah. 32  Sanggeus maranéhna nyieun perjangjian di Béér-syéba, Abimélékh jeung Pikol panglima tentarana balik ka nagri urang Filistin. 33  Geus kitu, Ibrahim melak tangkal tamariska di Béér-syéba. Di dinya manéhna nyebut ngaran Yéhuwa, Allah nu abadi. 34  Ibrahim lila pisan matuh* di nagri urang Filistin.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”bakal nyeungseurikeun urang”.
As. ”binih”.
As. ”binih”.
Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.
Bisa jadi hartina ”Sumur Sumpah” atawa ”Sumur Tujuh”.
Atawa ”matuh jadi urang asing”.