Jabur 107:1-43

  • Haturkeun nuhun ka Allah lantaran hal-hal hébat nu dilampahkeun ku Anjeunna

    • Anjeunna nungtun maranéhna ka jalan anu bener (7)

    • Nu haraus jeung nu lalapar disina puas (9)

    • Anjeunna mawa maranéhna kaluar ti tempat nu poék (14)

    • Anjeunna méré paréntah supaya maranéhna dicageurkeun (20)

    • Anjeunna ngajaga jalma miskin supaya teu ditindes (41)

107  Haturkeun nuhun ka Yéhuwa, sabab Anjeunna téh bageur. Asih satia-Na aya keur salalanggengna.  2  Mugia éta diucapkeun ku jalma-jalma nu disalametkeun ku Yéhuwa,Jalma-jalma nu disalametkeun* ti musuh,  3  Nu dikumpulkeun ku Anjeunna ti nagri-nagri séjén,Ti wétan jeung ti kulon,*Ti kalér jeung ti kidul.  4  Maranéhna ngumbara di tanah gurun, di tanah nu teu dicicingan,Maranéhna teu manggih jalan ka kota nu bisa dicicingan.  5  Maranéhna lapar jeung hausSarta kapaéhan bakating ku capé.  6  Maranéhna terus sasambat ka Yéhuwa waktu kasusahan,Seug ku Anjeunna disalametkeun tina kasangsaraanana.  7  Anjeunna nungtun maranéhna ka jalan anu bener,Ka kota nu bisa dicicingan.  8  Mugia jalma-jalma nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran asih satia-NaSarta hal-hal hébat nu dilampahkeun ku Anjeunna demi manusa.  9  Nu haraus disina puas ngarinum,Nu lalapar dibéré dahareun. 10  Sababaraha ti maranéhna cicing di tempat nu poék mongkléng,Jadi tahanan nu sangsara jeung diranté 11  Sabab maranéhna barontak ngalawan kekecapan AllahSarta nyapirakeun naséhat ti Nu Maha Agung. 12  Waktu maranéhna ngalaman kasusah, ku Anjeunna diantep supaya maranéhna rendah haté. Maranéhna lalabuh, tapi taya nu nulungan. 13  Maranéhna ménta tulung ka Yéhuwa waktu kasusahan,Seug ku Anjeunna disalametkeun tina kasangsaraanana. 14  Maranéhna ku Anjeunna dibawa kaluar ti tempat nu poék mongkléng. Ranté maranéhna dipegatkeun. 15  Mugia jalma-jalma nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran asih satia-NaSarta hal-hal hébat nu dilampahkeun ku Anjeunna demi manusa. 16  Panto-panto tambaga diancurkeun ku Anjeunna,Palang-palang beusi dipingges-pinggeskeun. 17  Maranéhna bodo jeung sangsara téhKu lantaran palanggaran jeung kasalahanana sorangan. 18  Ningali dahareun gé maranéhna teu napsu,Da maranéhna geus deukeut kana ajal. 19  Maranéhna ménta tulung ka Yéhuwa waktu kasusahan,Seug ku Anjeunna disalametkeun tina kasangsaraanana. 20  Anjeunna méré paréntah supaya maranéhna dicageurkeun,Anjeunna gé ngajait* maranéhna tina liang kubur. 21  Mugia jalma-jalma nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran asih satia-NaSarta hal-hal hébat nu dilampahkeun ku Anjeunna demi manusa. 22  Mugia maranéhna nyaranggakeun korban pikeun ngucap sukurSarta sarurak gumbira nyaritakeun padamelana-Na. 23  Jalma-jalma nu nempuh lautan ku kapal-kapal,Nu daragang di lautan, 24  Tos ningali tindakan-tindakan YéhuwaSarta karya ciptaan Anjeunna di laut. 25  Anjeunna méré paréntah, gelebug angin ribut niup,Ombak motah pagulung-gulung. 26  Kapal maranéhna kaampulkeun ka luhur,Brus turun ka handap. Maranéhna leungit kawani lantaran musibat di hareupeunana. 27  Maranéhna ngoléang jeung sasampoyongan kawas nu mabok,Kaahlian balayar maranéhna euweuh gunana. 28  Geus kitu maranéhna sasambat ka Yéhuwa waktu kasusahan,Seug ku Anjeunna disalametkeun tina kasangsaraanana. 29  Angin ribut dijempékeun ku Anjeunna,Reup ombak di laut jadi tenang. 30  Maranéhna atoh waktu laut geus tenang,Seug maranéhna ditungtun ku Anjeunna ka palabuhan nu dituju. 31  Mugia jalma-jalma nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran asih satia-NaSarta hal-hal hébat nu dilampahkeun ku Anjeunna demi manusa. 32  Mugia maranéhna ngagungkeun Anjeunna di antara jamaahSarta muji Anjeunna di pakumpulan para pamingpin. 33  Anjeunna ngarobah walungan jadi gurun keusik,Sarta cinyusu jadi tanah nu garing. 34  Tanah nu subur gé jadi garingLantaran jalma-jalma nu caricing di dinya jarahat. 35  Anjeunna ngarobah gurun keusik jadi situSarta tanah nu garing jadi cinyusu. 36  Jalma-jalma nu lapar ku Anjeunna ditempatkeun di dinya,Sina ngabangun kota nu bisa dicicingan ku maranéhna. 37  Maranéhna nebarkeun binih di lahan jeung marelak anggur,Waktu dipanén téh hasilna loba. 38  Maranéhna diberkahan ku Anjeunna, maranéhna jadi ngalobaan,Ingon-ingonna gé ngalobaan. 39  Tapi maranéhna jadi saeutik deui jeung direndahkeunLantaran ditindes, keuna musibat, jeung ngalaman kasusah. 40  Anjeunna ngarendahkeun para bangsawan,Maranéhna disina apruk-aprukan di gurun keusik. 41  Tapi Anjeunna ngajaga jalma miskin* supaya teu ditindesSarta ngajadikeun kulawargana loba pisan kawas kumpulan domba. 42  Jalma bener mah ningali ieu téh bungah,Ari jalma teu bener mah ngabetem waé. 43  Jalma nu bijaksana bakal merhatikeun ieu kabéhSarta bener-bener mikirkeun asih satia nu ditémbongkeun ku Yéhuwa.

Catetan Tambihan

Atawa ”dibeuli deui”.
Atawa ”Ti panonpoé medal jeung ti panonpoé surup”.
Atawa ”ngangkat”.
Atawa ”nempatkeun jalma miskin di tempat nu luhur”, hartina teu bisa kahontal.