Imamat 20:1-27

  • Nyembah ka Déwa Molékh; maké élmu gaib (1-6)

  • Kudu suci jeung kudu hormat ka indung bapa (7-9)

  • Jalma nu ngalanggar aturan ngeunaan hubungan séks kudu dipaéhan (10-21)

  • Kudu suci supaya tetep matuh di éta tanah (22-26)

  • Tukang manggil arwah jeung tukang ramal kudu dipaéhan (27)

20  Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 2  ”Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Lamun aya urang Israél atawa urang asing nu cicing di antara maranéh nu ngurbankeun anakna ka Déwa Molékh, éta jalma kudu dipaéhan. Jalma-jalma kudu ngabalédogan manéhna ku batu nepi ka paéh. 3  Kuring bakal nolak jeung maéhan manéhna, lantaran manéhna ngurbankeun anakna ka Déwa Molékh, nganajisan tempat suci Kuring, jeung ngahina ngaran Kuring nu suci. 4  Lamun éta bangsa ningali aya jalma nu ngurbankeun anakna ka Déwa Molékh tapi kalah ka diantep jeung teu dipaéhan ku éta bangsa, 5  Kuring tangtu bakal nolak éta jalma jeung kulawargana. Manéhna bakal dipaéhan ku Kuring, kitu deui jalma-jalma nu marilu nyembah* Déwa Molékh. 6  ”’Lamun aya jalma nu teu satia ka Kuring* ku cara ménta tulung ka tukang manggil arwah atawa tukang ramal, Kuring pasti bakal nolak éta jalma jeung maéhan manéhna. 7  ”’Maranéh kudu bersih jeung suci, sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. 8  Maranéh kudu nuturkeun jeung ngajalankeun aturan Kuring. Kuring téh Yéhuwa nu nyucikeun maranéh. 9  ”’Sing saha nu nyumpahan indung atawa bapana kudu dipaéhan. Manéhna geus nyumpahan indung atawa bapana, jadi manéhna paéh téh lantaran salahna sorangan. 10  ”’Ieu hukum keur lalaki nu jinah jeung pamajikan batur: Lalaki nu jinah jeung pamajikan batur kudu dipaéhan, kitu deui awéwéna. 11  Lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan bapana téh ngérakeun bapana. Éta lalaki jeung awéwéna kudu dipaéhan. Maranéhna paéh téh lantaran salahna sorangan. 12  Lamun aya lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung minantu awéwéna, duanana kudu dipaéhan. Maranéhna ngalawan kudratna. Maranéhna paéh téh lantaran salahna sorangan. 13  ”’Lamun aya lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki deui, duanana kudu dipaéhan. Éta téh kalakuan nu pikaijideun. Maranéhna paéh téh lantaran salahna sorangan. 14  ”’Lamun aya lalaki kawin jeung hiji awéwé tapi ngalakukeun hubungan séks ogé jeung indung éta awéwé, kalakuan maranéhna téh kurang ajar.* Lalaki jeung dua awéwé éta kudu dipaéhan jeung diduruk, supaya di antara maranéh euweuh nu kalakuanana siga kitu. 15  ”’Lamun aya lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung sato, éta lalaki jeung satona kudu dipaéhan. 16  Lamun aya awéwé nu ngalakukeun hubungan séks jeung sato, éta awéwé jeung satona kudu dipaéhan. Duanana kudu dipaéhan. Éta lalaki jeung éta awéwé paéh téh lantaran salahna sorangan. 17  ”’Lamun aya lalaki ngalakukeun hubungan séks jeung adi atawa lanceuk awéwéna, boh saindung boh sabapa, éta téh kalakuan nu ngérakeun. Éta lalaki geus ningali éta awéwé taranjang, kitu ogé sabalikna. Duanana kudu dipaéhan di hareupeun urang Israél. Éta lalaki ngérakeun adi atawa lanceuk awéwéna. Ku kituna, manéhna kudu nanggung balukarna. 18  ”’Lamun aya lalaki ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé nu keur haid, duanana kudu dipaéhan, sabab maranéhna teu nganggap getih téh suci. 19  ”’Ulah ngalakukeun hubungan séks jeung dulur awéwé indung maranéh atawa dulur awéwé bapa maranéh, lantaran éta téh ngérakeun baraya sorangan. Duanana kudu nanggung balukarna. 20  Lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan ua atawa emangna téh ngérakeun ua atawa emangna. Boh lalakina boh awéwéna kudu nanggung balukar tina dosana. Maranéhna bakal paéh jeung teu boga budak. 21  Lamun aya lalaki ngarebut pamajikan adi atawa lanceukna, éta téh kalakuan nu pikaijideun. Manéhna geus ngérakeun adi atawa lanceukna. Boh lalakina boh awéwéna bakal paéh jeung teu boga budak. 22  ”’Maranéh kudu nurut jeung ngajalankeun kabéh aturan jeung putusan hukum Kuring. Ku kituna, maranéh moal bakal diusir ti tanah nu rék dibikeun ku Kuring ka maranéh. 23  Maranéh teu meunang nuturkeun kabiasaan bangsa-bangsa nu rék diusir ku Kuring ti hareupeun maranéh. Kuring geuleuh ka maranéhna, lantaran maranéhna ngalampahkeun éta kabéh. 24  Éta sababna Kuring ngomong ka maranéh, ”Maranéh bakal ngarebut tanah maranéhna. Éta tanah bakal dibikeun ku Kuring pikeun jadi milik maranéh, nyaéta tanah nu loba susu jeung maduna. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu geus misahkeun maranéh ti bangsa-bangsa séjén.” 25  Maranéh kudu nyaho mana sato nu haram mana nu henteu, mana manuk nu haram mana nu henteu. Kuring geus netepkeun sato, manuk, atawa naon waé nu ngarayap dina taneuh nu kudu dianggap haram ku maranéh. Ulah nganajisan diri ku sato-sato éta. 26  Maranéh kudu suci di hareupeun Kuring, lantaran Kuring téh suci. Kuring téh Yéhuwa, nu geus misahkeun maranéh ti bangsa-bangsa séjén pikeun jadi milik Kuring. 27  ”’Lalaki atawa awéwé nu jadi tukang manggil arwah atawa tukang ramal kudu dipaéhan. Maranéhna kudu dibalédogan ku batu nepi ka paéh. Maranéhna paéh téh lantaran salahna sorangan.’”

Catetan Tambihan

Atawa ”ngalacur jeung”.
Atawa ”nu ngalacur jeung allah-allah séjén”.
Atawa ”ngérakeun”.