Budalan 9:1-35

  • Hukuman ka-5: ingon-ingon paraéh (1-7)

  • Hukuman ka-6: jalma jeung sato bisulan (8-12)

  • Hukuman ka-7: hujan és (13-35)

    • Firaun nyaksian kawasa Allah (16)

    • Ngaran Yéhuwa kamashur (16)

9  Jadi Yéhuwa maréntahkeun Musa, ”Sok panggihan Firaun tuluy béjaan, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Allahna urang Ibrani, ”Idinan umat Kuring indit pikeun ibadah ka Kuring. 2  Tapi lamun teu meunang jeung terus dihalang-halang ku manéh, 3  sok wéh tingali! Kuring, Yéhuwa, bakal ngagunakeun kawasa Kuring pikeun nyerang ingon-ingon manéh. Kuda, kaldé, onta, domba, embé, jeung sapi bakal keuna ku wabah panyakit nepi ka paraéh. 4  Tapi Kuring, Yéhuwa, bakal ngabédakeun ingon-ingon urang Israél ti ingon-ingon urang Mesir. Ingon-ingon urang Israél mah moal aya nu paéh.”’” 5  Yéhuwa gé geus nangtukeun iraha waktuna. Ceuk Anjeunna, ”Isukan, Kuring, Yéhuwa, bakal ngalakukeun éta di nagri ieu.” 6  Isukna, éta dilaksanakeun ku Yéhuwa. Kabéh ingon-ingon urang Mesir paraéh, ari ingon-ingon urang Israél mah euweuh hiji-hiji acan anu paéh. 7  Waktu Firaun nitah para palayanna mariksa kaayaanana, bener wéh ingon-ingon urang Israél téh euweuh nu paéh. Sanajan kitu, Firaun angger heuras beuheung, urang Israél teu diidinan indit. 8  Yéhuwa méré paréntah deui ka Musa jeung Harun, ”Maranéh kudu ngarawu lebu ti pameuleuman ku dua leungeun maranéh. Tuluy di hareupeun Firaun, Musa kudu ngawurkeun éta lebu ka awang-awang. 9  Éta lebu bakal terus nyebar ka sakuliah Mesir. Lamun keuna kana awak jelema jeung sato, lebuna bakal jadi bisul nu nanahan.” 10  Jadi maranéhna ngarawu lebu tina pameuleuman sarta ngadep ka Firaun. Lebuna ku Musa diawurkeun ka awang-awang. Barang keuna kana awak jelema jeung sato, lebuna jadi bisul nu nanahan. 11  Tukang-tukang sihir teu bisa manggihan Musa, sabab maranéhna ogé bisulan kawas urang Mesir séjénna. 12  Firaun ku Yéhuwa diantep sina bedegong. Firaun teu daék ngadéngékeun Musa jeung Harun, sakumaha ucapan Yéhuwa ka Musa. 13  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Isukan, manéh kudu hudang isuk-isuk. Sok panggihan Firaun, béjakeun kieu ka manéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Allahna urang Ibrani, ”Idinan umat Kuring indit pikeun ibadah ka Kuring. 14  Lamun henteu, Kuring bakal ngadatangkeun musibat ka manéh, para bawahan manéh, jeung rahayat manéh. Ku kituna, manéh bakal nyaho di sakuliah bumi téh euweuh nu siga Kuring. 15  Bisa waé Kuring maké kawasa Kuring keur ngahukum manéh jeung rahayat manéh. Kuring bisa ngadatangkeun wabah panyakit nepi ka maranéh paraéh, musna ti ieu bumi. 16  Tapi manéh teu dipaéhan ku Kuring téh supaya manéh nyaksian kawasa Kuring sarta supaya ngaran Kuring kamashur di sakuliah bumi. 17  Piraku manéh rék terus adigung jeung teu ngidinan umat Kuring indit? 18  Tah isukan wayah kieu, Kuring rék nurunkeun hujan és nu kacida hébatna, nu can pernah kajadian sapanjang sajarah Mesir. 19  Jadi sok paréntahkeun sangkan ingon-ingon jeung sakabéh milik manéh nu aya di tegalan sina arasup ka tempat nu aman. Unggal jalma jeung sasatoan nu teu arasup jeung aya kénéh di tegalan bakal paéh waktu aya hujan és.”’” 20  Para bawahan Firaun anu sarieuneun ngadéngé ucapan Yéhuwa gancang mawa para palayan jeung ingon-ingonna ka tempat nu aman. 21  Tapi nu teu paduli kana ucapan Yéhuwa mah ngantep para palayan jeung ingon-ingonna tetep di tegalan. 22  Terus Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Arahkeun iteuk manéh ka langit ngarah hujan és turun di sakuliah Mesir. Kabéh jalma, sasatoan, jeung pepelakan nu aya di tegalan bakal katinggang ku hujan és.” 23  Jadi Musa ngarahkeun iteukna ka langit, tuluy Yéhuwa ngadatangkeun guludug, hujan és, jeung seuneu* ka bumi. Yéhuwa terus nurunkeun hujan és di Mesir. 24  Hujan és éta kacida hébatna, seuneu gé tingsalamber. Can pernah aya nu kawas kitu sapanjang sajarah Mesir. 25  Di sakuliah Mesir, hujan és éta ngancurkeun sagala nu aya di tegalan. Boh jalma boh sasatoan paraéh. Pepelakan jeung tatangkalan gé raruksak. 26  Hiji-hijina tempat anu teu keuna ku hujan és téh ngan Gosyén, tempat matuhna urang Israél. 27  Jadi Firaun ngutus jalma pikeun nyalukan Musa jeung Harun. Firaun ngomong, ”Ayeuna mah urang ngaku salah, Yéhuwa nu bener. Nu salah mah urang jeung rahayat urang. 28  Sok pangméntakeun ka Yéhuwa supaya guludug jeung hujan ésna eureun. Mun geus kitu, kakara maranéh diidinan indit ku urang, moal dihalang-halang deui.” 29  Jadi Musa ngomong ka manéhna, ”Saparantos abdi kaluar ti kota ieu, abdi bakal langsung nadahkeun leungeun pikeun ngadoa ka Yéhuwa. Guludug jeung hujan és bakal eureun, ku kituna Raja bakal terang bumi téh milik Yéhuwa. 30  Tapi abdi terang, saparantos kitu gé Raja sareng para bawahan Raja moal sieun ka Allah Yéhuwa.” 31  Rami jeung barli raruksak, lantaran harita barli geus siap dipanén sarta rami gé geus kembangan. 32  Tapi gandum mah euweuh nu ruksak lantaran asakna pandeuri.* 33  Geus kitu, Musa kaluar ti kotana Firaun tuluy nadahkeun leungeun pikeun ngadoa ka Yéhuwa. Jep guludug jempé, hujan és eureun, hujan gé teu turun deui. 34  Barang Firaun ningali guludug, hujan és, jeung hujan geus eureun, seug manéhna jeung para bawahanana nyieun dosa deui. Maranéhna angger baredegong. 35  Sakumaha ucapan Yéhuwa ka Musa, Firaun angger bedegong sarta teu daék ngidinan urang Israél indit.

Catetan Tambihan

Bisa jadi ngamaksudkeun kilat tingjorélat.
Atawa ”lantaran can usumna dipanén”.