Bilangan 21:1-35

  • Raja Arad diéléhkeun (1-3)

  • Oray tambaga (4-9)

  • Urang Israél teu ngaliwatan nagri Moab (10-20)

  • Sihon raja urang Amori diéléhkeun (21-30)

  • Og raja urang Amori diéléhkeun (31-35)

21  Waktu raja nagri Arad, nyaéta urang Kanaan nu cicing di Négéb, ngadéngé urang Israél geus datang ti jalan Atarim, manéhna nyerang Israél jeung ngaboyong sababaraha urang jadi tawanan. 2  Jadi urang Israél ikrar kieu ka Yéhuwa, ”Upami Gusti masrahkeun éta bangsa ka abdi sadaya, kota-kota maranéhna ku abdi sadaya pasti diancur-ancurkeun.” 3  Paménta urang Israél dikabulkeun ku Yéhuwa, urang Kanaan dipasrahkeun ka maranéhna. Maranéhna ngamusnakeun urang Kanaan jeung kota-kotana. Éta sababna, tempat éta dingaranan Horma.* 4  Ti Gunung Hor, maranéhna neruskeun perjalanan ngaliwatan jalan nu arahna ka Laut Beureum supaya teu ngaliwatan nagri Édom. Tapi di perjalanan, maranéhna leungit kasabaran. 5  Maranéhna teterusan kukulutus ka Allah jeung ka Musa, ”Ku naon abdi sadaya dibawa budal ti Mesir? Ngarah paéh di tanah gurun? Di dieu mah euweuh dahareun, euweuh cai nginum. Abdi sadaya geus bosen* dahar roti nu pikageuleuheun ieu.” 6  Seug Yéhuwa ngadatangkeun oray-oray matih ka urang Israél nepi ka loba nu paraéh diparacokan. 7  Jadi, jalma-jalma manggihan Musa tuluy ngomong kieu, ”Abdi sadaya geus dosa lantaran kukulutus ka Yéhuwa jeung ka anjeun. Pangméntakeun ka Yéhuwa supaya oray-oray ieu disingkirkeun.” Ku kituna, Musa ngadoa demi éta bangsa. 8  Geus kitu Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Jieun patung oray matih tuluy teundeun dina tihang. Lamun aya nu dipacok ku oray, manéhna kudu ningali ka dinya supaya henteu tiwas.” 9  Musa langsung nyieun patung oray tina tambaga, tuluy éta diteundeun dina tihang. Jalma nu dipacok ku oray moal tiwas lamun manéhna ningali ka éta patung. 10  Sanggeus kitu, urang Israél arindit tuluy masang kémah di Obot. 11  Ti Obot, maranéhna arindit deui tuluy masang kémah di Iyé-abarim, di tanah gurun beulah wétan di hareupeun Moab. 12  Ti dinya, maranéhna arindit tuluy masang kémah di Lebak* Zéréd. 13  Geus kitu, maranéhna arindit tuluy masang kémah di wilayah Arnon. Arnon téh ayana di tanah gurun, nu wilayahna téh mimitina ti wates wilayah urang Amori. Arnon gé wawatesan wilayah Moab. Jadi, Arnon téh aya di antara wilayah Moab jeung urang Amori. 14  Éta sababna dina buku Perang Yéhuwa ditulis ngeunaan ”Wahéb di Sufa, lebak-lebak* di Arnon, 15  sarta lamping* lebak-lebak* éta nepi ka Ar jeung wawatesan wilayah Moab”. 16  Tuluy maranéhna arindit ka Béér. Yéhuwa pernah méré paréntah kieu ka Musa ngeunaan éta sumur, ”Kumpulkeun jalma-jalma, ku Kuring rék dibéré cai.” 17  Harita urang Israél nyaranyi lagu ieu, ”Hé sumur, sing loba caina! Hé jalma-jalma, hayu urang kawihkeun! 18  Sumur nu digali ku para pamingpin, nu digali ku para bangsawan,Digalina ku tongkat maranéhna, ku tongkat kakawasaanana.” Geus kitu, maranéhna arindit ti tanah gurun ka Matana. 19  Ti Matana arindit ka Nahaliél, ti Nahaliél arindit ka Bamot. 20  Ti Bamot, maranéhna arindit ka lebak di wilayah* Moab, di puncak Pisga, nu nyanghareup ka Yésyimon.* 21  Geus kitu, urang Israél ngirim sababaraha utusan ka Sihon raja urang Amori. Maranéhna dititah ngomong kieu, 22  ”Mugia Raja ngidinan abdi sadaya ngalangkung ka wilayah Raja. Abdi sadaya moal nyimpang ka lahan atawa kebon anggur. Abdi sadaya moal nginum tina sumur nu aya di wilayah Raja. Abdi sadaya mung badé mapah di Jalan Raja* dugi ka kaluar ti wilayah Raja.” 23  Tapi Sihon teu ngidinan urang Israél ngaliwat ka wilayahna. Sihon kalah ka ngumpulkeun kabéh pasukanna jeung merangan urang Israél di tanah gurun. Maranéhna datang ka Yahaz, seug merangan urang Israél. 24  Tapi, Israél ngéléhkeun manéhna ku pedang jeung ngarebut nagrina, ti wilayah Arnon nepi ka Yabok, deukeut wilayah urang Ammon. Nu direbut ngan nepi ka Yazér, lantaran éta téh wates wilayah urang Ammon. 25  Jadi Israél ngarebut sakabéh kotana, sarta cicing di sakabéh kota urang Amori, kaasup Hésbon jeung sakabéh kota di sakurilingna. 26  Hésbon téh kotana Sihon raja urang Amori. Manéhna nu merangan raja Moab jeung ngarebut sakuliah nagrina nepi ka Arnon. 27  Éta sababna jalma-jalma ngucapkeun puisi ieu keur ngahina, ”Hayu ka Hésbon. Mugia kotana Sihon dibangun sina tohaga. 28  Seuneu kaluar ti Hésbon, seuneu luntab-léntab ti kota Sihon, Ngaduruk Ar nu aya di Moab, neureuy para pangawasa tempat-tempat pamujaan di Arnon. 29  Cilaka, Moab! Manéh bakal diancurkeun, hé umat Khémos! Ku Khémos, anak-anak lalakina dijadikeun buronan, anak-anak awéwéna dijadikeun tawanan Sihon raja urang Amori. 30  Hayu urang panah maranéhna.Hésbon bakal diancurkeun nepi ka Dibon.Hayu urang musnakeun nepi ka Nofa.Seuneu bakal ngagedur nepi ka Médéba.” 31  Jadi, urang Israél matuh di nagri urang Amori. 32  Geus kitu, Musa ngutus sababaraha mata-mata pikeun mariksa Yazér. Urang Israél ngarebut Yazér jeung kota-kota di sakurilingna. Maranéhna ngusir urang Amori nu aya di ditu. 33  Geus kitu, urang Israél neruskeun perjalanan ka jalan anu nuju ka Basyan. Og raja Basyan jeung sakabéh pasukanna arindit merangan urang Israél di Édréi. 34  Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Ulah sieun ka manéhna. Kuring rék nyerahkeun manéhna, sakabéh pasukanna, jeung sakuliah nagrina ka manéh. Manéh bakal ngéléhkeun Og, sakumaha manéh ngéléhkeun Sihon raja urang Amori nu cicing di Hésbon.” 35  Jadi urang Israél ngéléhkeun Og, anak-anak lalakina, jeung sakabéh pasukanna, euweuh saurang-urang acan nu diantep hirup. Maranéhna ngarebut nagrina.

Catetan Tambihan

Hartina ”Dihususkeun keur Dimusnakeun”.
Atawa ”rujit”.
Atawa ”Wadi”.
Atawa ”wadi-wadi”.
Atawa ”léréng”.
Atawa ”wadi-wadi”.
As. ”tegalan”.
Atawa bisa jadi ”gurun keusik; tanah gurun”.
Nyaéta jalan gedé.