Ayub 2:1-13

  • Sétan masih nganggap Ayub boga niat goréng (1-5)

  • Sétan diidinan narajang Ayub ku kanyeri (6-8)

  • Ceuk pamajikan Ayub, ”Pék geura sumpahan Allah tuluy maot!” (9, 10)

  • Tilu babaturan Ayub daratang (11-13)

2  Dina poé nu geus ditangtukeun, putra-putra Allah nu bener* ngadep deui ka Yéhuwa. Sétan gé milu ngadep ka Yéhuwa. 2  Terus Yéhuwa nanya ka Sétan, ”Manéh tas ti mana?” Sétan ngajawab Yéhuwa, ”Tas ngideran jeung nilik-nilik bumi.” 3  Yéhuwa ngomong deui ka Sétan, ”Manéh merhatikeun hamba Kuring Ayub teu? Di bumi euweuh nu kawas manéhna. Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.* Manéhna gé hormat* ka Kuring jeung nyingkahan lampah goréng. Manéhna tetep satia ka Kuring, najan manéh nyoba ngahasud Kuring pikeun teu pupuguh nyilakakeun manéhna.” 4  Tapi Sétan némbalan Yéhuwa, ”Mun hiji jalma nyawana kaancam, manéhna bakal masrahkeun sagalana demi ngabélaan nyawana. 5  Sok ayeuna mah coba paké kakuatan Gusti, terapan awakna ku kanyeri. Manéhna pasti nyumpahan Gusti di hareupeun Gusti.” 6  Tuluy Yéhuwa ngajawab Sétan, ”Heug! Manéhna aya dina kakawasaan manéh, asal ulah maéhan manéhna!” 7  Léos Sétan indit ti hareupeun Yéhuwa tuluy narajang Ayub ku bisul nu nyeri pisan* ti sirah nepi ka dampal suku. 8  Seug Ayub nyokot sesemplékan kendi keur ngagaroan awakna. Manéhna diuk dina lebu. 9  Pamajikanana Ayub ngomong, ”Manéh téh rék terus satia ka Allah? Pék geura sumpahan Allah tuluy maot!” 10  Tapi Ayub ngajawab, ”Ngomong téh meni teu dipikir heula. Maenya urang ngan daék narima hal hadé hungkul ti Allah nu bener, tapi ari nu goréngna mah embung?” Sanajan ngalaman éta kabéh, Ayub teu nyieun dosa ku ucapanana. 11  Tilu babaturan Ayub, nyaéta Élifaz urang Téman, Bildad urang Syuah, jeung Zofar urang Naama, ngadéngé béja yén Ayub katarajang ku musibat. Maranéhna indit ti tempatna masing-masing. Maranéhna jangjian rék babarengan ngalongok jeung nguatkeun Ayub. 12  Barang ningali Ayub ti kajauhan, maranéhna panglingeun ka Ayub. Maranéhna careurik tingsalegruk, nyoéhkeun pakéanana, tuluy ngawur-ngawurkeun kekebul ka awang-awang jeung kana sirah maranéhna. 13  Brek maranéhna dariuk dina taneuh tujuh poé tujuh peuting. Tapi maranéhna teu ngomong sakecap-kecap acan ka Ayub lantaran ningali manéhna sakitu sangsarana.

Catetan Tambihan

Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.
Atawa ”satia ka Allah”.
As. ”sieun”.
Atawa ”ku borok nu parah”.