Yésaya 64:1-12

  • Terusanana doa pertobat (1-12)

    • Yéhuwa ”Tukang Ngadamel Gagarabah” (8)

64  Cobi upami Gusti naék ka langit tuluy lungsur,Supaya gunung-gunung aleundeur ku lantaran Gusti,  2  Lir seuneu ngaduruk rungkunSarta ngagolakkeun cai,Tangtu nami Gusti bakal dikenal ku musuh-musuh.Bangsa-bangsa bakal ngadégdég payuneun Gusti!  3  Kapungkur, Gusti ngalampahkeun hal-hal hébat nu teu disangka-sangka ku abdi sadaya.Gusti lungsur, seug gunung-gunung aleundeur payuneun Gusti.  4  Ti kapungkur, teu aya nu ngadangu atawa merhatikeun,Teu aya nu ningali Allah nu sapertos Gusti.Mung Gusti nu ngabéla jalmi-jalmi nu terus miharep ka* Gusti.  5  Gusti nyarengan jalmi-jalmi nu resep ngalampahkeun nu bener,Nu émut ka Gusti sareng nuturkeun pituduh Gusti. Tapi, ayeuna Gusti bendu lantaran abdi sadaya terus ngalampahkeun dosaTi kapungkur kénéh. Jadi, aya harepan teu pikeun abdi sadaya disalametkeun ku Gusti?  6  Abdi sadaya téh kawas jalma najis.Lalampahan abdi sadaya nu bener gé lir kaén nu kotor ku getih haid. Abdi sadaya bakal garing kawas daun,Bakal disingkirkeun lir daun kabawa angin ku lantaran dosa.  7  Teu aya nu sasambat ka nami Gusti,Teu aya nu kageuing pikeun nyuhunkeun pitulung ka Gusti,Sabab Gusti tos ninggalkeun abdi sadaya,Sarta abdi sadaya diantep sina musna ku lantaran kasalahan abdi sadaya.  8  Tapi ayeuna, nun Yéhuwa, Gusti téh Bapa abdi sadaya. Abdi sadaya téh taneuh liket, Gusti téh Tukang Ngadamel Gagarabahna.*Abdi sadaya téh karya panangan Gusti.  9  Nun Yéhuwa, ulah dugi ka bendu-bendu teuing.Kalepatan abdi sadaya ulah diémut salamina. Sing émut ka abdi sadaya, sabab abdi sadaya téh umat Gusti. 10  Kota suci Gusti tos jadi tanah gurun. Zion tos jadi tanah gurun,Yérusalém jadi tempat nu kalantar. 11  Bait abdi sadaya nu suci tur éndah,Tempat karuhun abdi sadaya muji Gusti,Tos diduruk.Sagala nu dipikameumeut ku abdi sadaya téh tos ancur. 12  Ningali kitu, piraku Gusti téga ngantep, nun Yéhuwa? Ningali abdi sadaya sakieu sangsarana, piraku Gusti teu midamel naon-naon?

Catetan Tambihan

Atawa ”nu sabar ngantosan”.
Atawa ”Gusti téh nu ngabentuk abdi sadaya”.