Yésaya 49:1-26
49 Hé pulo-pulo, déngékeun abdi.Hé bangsa-bangsa nu jarauh, perhatikeun.
Méméh dijurukeun, abdi geus disaur ku Yéhuwa.
Ti saprak dina kandungan kénéh, ngaran abdi geus disebut ku Anjeunna.
2 Omongan abdi ku Anjeunna disina seukeut lir pedang.Anjeunna nangtayungan abdi ku panangan-Na.
Abdi ku Anjeunna dijieun lir anak panah nu diasah,Disimpen dina wadah anak panah-Na.
3 Anjeunna nyarios kieu ka abdi, ”Hé Israél, manéh téh hamba Kuring!Ku jalan manéh, Kuring bakal némbongkeun kamulyaan Kuring.”
4 Tapi ceuk abdi, ”Upaya abdi téh mubadir,
Tanaga béak dipaké ka nu teu guna.
Tapi, Yéhuwa bakal masihan kaadilan ka abdi,Sarta abdi bakal dibéré ganjaran ku Allah abdi.”
5 Ti saprak di jero kandungan kénéh, abdi ku Yéhuwa dijadikeun hamba-Na.Ayeuna Anjeunna nitah abdi mawa balik Yakub,Supaya Israél dikumpulkeun deui ka Anjeunna.
Abdi bakal dimulyakeun hareupeun Yéhuwa,Sarta Allah abdi bakal jadi kakuatan abdi.
6 Saur Anjeunna, ”Manéh téh hamba KuringNu teu ngan saukur mulihkeun kaom-kaom YakubSarta mawa balik urang Israél nu salamet.
Manéh gé ku Kuring dijadikeun cahaya keur bangsa-bangsa,Supaya kasalametan ti Kuring bisa nepi ka tungtung-tungtung bumi.”
7 Yéhuwa, Nu Nebus Israél, Allah Israél nu Suci, nyarios kieu ka jalma nu dihina, nyaéta nu dipikageuleuh ku bangsa-bangsa, nu jadi palayanna para pamingpin,
”Raja-raja bakal narempo, seug carengkat,Para pamingpin bakal sarujud,Lantaran maranéhna hormat ka Yéhuwa, Allah nu satia,Allah Israél nu Suci, nu geus milih manéh.”
8 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,
”Dina mangsa Kuring némbongkeun kahadéan, Kuring ngajawab manéh.Dina poé kasalametan, Kuring nulungan manéh.Manéh bakal terus dijaga ku Kuring pikeun dijadikeun perjangjian antara Kuring jeung bangsa-bangsa,Pikeun mulihkeun nagri,Pikeun mulangkeun warisan nu kalantar ka umat Kuring,
9 Pikeun ngomong kieu ka para tahanan, ’Geura kaluar!’
Sarta ngomong kieu ka nu keur araya di nu poék, ’Geura kaluar ka nu caang!’
Di sisi jalan, maranéhna bakal meunang dahareun.Di sapanjang jalan,* bakal aya tegal jukut keur maranéhna.
10 Maranéhna moal lapar, moal haus,Sarta moal kabetrak ku panas atawa ku panonpoé,
Sabab Allah nu welas asih bakal nuyunSarta nungtun maranéhna ka cinyusu.
11 Sakabéh gunung Kuring bakal dijadikeun jalan ku Kuring.Jalan-jalan gedé Kuring bakal diluhuran.
12 Tempo! Maranéhna daratang ti nu jarauh.Aya nu ti kalér, aya nu ti kulon,Aya ogé nu ti tanah Sinim.”
13 Hé langit, geura surak gumbira. Hé bumi, sing suka bungah.
Gunung-gunung sina susurakan sing gumbira,
Sabab Yéhuwa geus ngupahan umat-NaSarta némbongkeun welas asih ka umat-Na nu sangsara.
14 Tapi Zion terus ngomong kieu,
”Yéhuwa geus ninggalkeun abdi, Yéhuwa geus mopohokeun abdi”.
15 Bisa kitu indung poho ka anakna nu nyusu kénéh?Bisa kitu indung teu nyaah ka anak tegesna?
Sanajan manéhna poho ka anakna, Kuring mah moal poho ka manéh.
16 Tempo! Ngaran manéh diukir dina dampal panangan Kuring.
Témbok-témbok manéh salawasna aya di hareupeun Kuring.
17 Anak-anak manéh nu lalaki bakal buru-buru balik.
Nu ngancurkeun jeung ngabinasakeun manéh bakal nyalingkir.
18 Tuh, tempo sakuriling.
Maranéhna kabéh karumpul.
Maranéhna nyalampeurkeun manéh.
Saur Yéhuwa, ”Demi diri Kuring nu hirup,Maranéhna bakal dijadikeun perhiasan ku manéh.Saperti pangantén awéwé, manéh bakal maké éta perhiasan.
19 Sanajan tempat manéh ancur jeung kalantar, sarta nagri manéh jadi ruruntuhan,Ayeuna éta bakal jadi sesek pisan keur pendudukna,Sarta jalma-jalma nu ngamusnakeun manéh bakal aringkah ti manéh.
20 Anak-anak lalaki manéh, anu dilahirkeun waktu manéh sungkawa, bakal ngomong kieu ka manéh,’Ieu tempat téh sesek teuing.
Sadiakeun tempat atuh, ngarah abdi bisa cicing di dieu.’
21 Tuluy manéh bakal ngomong kieu di jero haté,’Urang téh pan mandul,Anak-anak urang gé geus areuweuh,Ari ieu barudak téh saha bapana, nya?
Urang pan geus diboyong ka pangbuangan jeung dijadikeun tawanan,
Ari ieu barudak téh digedékeun ku saha? Pan urang téh sorangan.Jadi, ieu barudak téh asalna ti mana?’”
22 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Kuring rék ngangkat panangan ngarah katempo ku bangsa-bangsa.Kuring rék méré tanda ka* suku-suku bangsa.
Maranéhna bakal ngais anak-anak manéh nu lalaki.Maranéhna gé bakal ngagandong anak-anak manéh nu awéwé.
23 Raja-raja bakal ngajaga manéh,Putri-putri raja bakal ngasuh manéh.
Maranéhna bakal sarujud ka manéh,Sarta ngalétakan kekebul dina suku manéh.Ti dinya manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.Nu ngaharep ka Kuring moal bakal éra.”
24 Bisa kitu nu ditéwak ku jalma perkasa dibébaskeun?Bisa kitu nu ditawan ku jalma kejem disalametkeun?
25 Tapi ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,
”Nu ditawan ku jalma kuat bakal dibébaskeun.Nu ditéwak ku jalma kejem bakal disalametkeun.
Saha waé nu ngalawan ka manéh, bakal dilawan ku Kuring.Anak-anak manéh bakal disalametkeun ku Kuring.
26 Nu nindes manéh, ku Kuring bakal disina ngadahar dagingna sorangan.Maranéhna bakal mabok ku getihna sorangan, kawas ku cianggur amis.
Kabéh jalma bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa,Nu Nyalametkeun jeung Nu Nebus manéh,Allah Yakub Nu Kuat.”