2 Samuél 19:1-43

  • Daud nyeungceurikan Absalom (1-4)

  • Yoab negor Daud (5-8a)

  • Daud balik ka Yérusalém (8b-15)

  • Syiméi ménta dihampura (16-23)

  • Méfibosyét kabukti teu salah (24-30)

  • Barzilai diajénan (31-40)

  • Kaom-kaom Israél cékcok (41-43)

19  Aya nu ngalapor ka Yoab, ”Raja sedih jeung nyeungceurikan Absalom.” 2  Atuh balad anu keur barungah unggul perang* téh jadi sedih lantaran ngadéngé Raja nyeungceurikan anakna. 3  Poé éta, maranéhna asup ka kota téh meni jempling, kawas jalma nu éra lantaran kabur ti pangperangan. 4  Ari Raja nutupan beungeutna bari jerat-jerit, ”Anaking, Absalom! Anaking, Absalom, duh anaking!” 5  Tuluy Yoab datang ka Raja nu keur aya di pamatuhanana. Manéhna ngomong, ”Poé ieu sakabéh hamba-hamba Raja jadi éra ku lantaran Raja, padahal maranéhna téh geus nyalametkeun hirup Raja, anak-anak Raja, istri-istri Raja, jeung selir-selir Raja. 6  Ari nu ngéwa ka Raja dipikanyaah, ari nu nyaah ka Raja dipikangéwa. Geus jelas poé ieu, para pamingpin jeung hamba-hamba Raja téh euweuh hartina keur Raja mah. Abdi yakin, upama Absalom poé ieu hirup kénéh tapi abdi sadaya maot, éta moal jadi masalah keur Raja. 7  Sok atuh ayeuna mah cengkat, kaluar, tuluy upahan haté hamba-hamba Raja. Lamun henteu, abdi sumpah demi Yéhuwa, peuting ieu moal aya saurang-urang acan anu tetep aya di dieu bareng jeung Raja. Ieu bakal leuwih parah tibatan sagala kasangsaraan nu kaalaman ku Raja ti ngongora nepi ka ayeuna.” 8  Jadi Raja indit, gék diuk di gerbang kota. Tuluy sakabéh jalma dibéjaan, ”Raja keur diuk di gerbang.” Geus kitu, maranéhna ngadep ka Raja. Tapi urang Israél séjénna* mah kalabur ka imahna masing-masing. 9  Sakabéh jalma ti sakabéh kaom Israél pada cékcok. Ceuk maranéhna, ”Raja geus nyalametkeun urang ti musuh-musuh sarta geus ngabébaskeun urang ti urang Filistin, tapi ayeuna anjeunna kabur ninggalkeun nagri ieu ku lantaran Absalom. 10  Ari Absalom nu dilantik ku urang jadi Raja téh geus maot di pangperangan. Jadi, ku naon maranéh bet caricing waé teu mawa balik Raja?” 11  Raja Daud ngirim pesen ka Imam Zadok jeung Iman Abiatar, ”Béjakeun kieu ka para kokolot Yéhuda, ’Di dieu di tempat kuring, kuring geus ngadéngé yén sakabéh urang Israél rék mawa balik kuring, jadi ku naon maranéh teu datang-datang pikeun mawa kuring ka istana? 12  Maranéh téh pan dulur nu sagetih sadaging jeung* kuring. Ku naon maranéh can datang kénéh pikeun mawa balik kuring, Raja maranéh?’ 13  Pangbéjakeun ogé ka Amasa, ’Lainna manéh téh sagetih sadaging jeung* kuring? Sing dihukum ku Allah, lamun ti ayeuna kuring teu ngalantik manéh jadi panglima tentara ngagantikeun Yoab.’” 14  Jadi sakabéh urang Yéhuda kabeuli* haténa ku Daud. Maranéhna ngirim pesen kieu ka Raja, ”Raja sareng hamba-hamba Raja mangga mulih.” 15  Bral Raja indit rék balik tuluy nepi di Walungan Yordan. Sakabéh urang Yéhuda daratang ka Gilgal rék manggihan Raja sarta nganteur manéhna meuntasan Walungan Yordan. 16  Geus kitu, Syiméi anak Géra, urang Bényamin ti Bahurim, buru-buru milu jeung urang Yéhuda rék manggihan Raja Daud. 17  Manéhna dibarengan ku 1.000 urang Bényamin. Salian ti éta, Ziba palayan kulawarga Saul, bareng jeung 15 anak lalakina sarta 20 palayanna, gancang indit ka Walungan Yordan miheulaan Raja. 18  Manéhna* meuntasan walungan rék meuntaskeun kulawarga Raja sarta ngalaksanakeun sagala kahayang Raja. Tapi waktu Raja rék meuntasan Walungan Yordan, Syiméi anak Géra sujud ka manéhna. 19  Ceuk Syiméi ka Raja, ”Nun Raja, abdi ulah dianggap salah, sarta ulah nginget-nginget deui kasalahan hamba Raja ieu basa Gusti Raja kaluar ti Yérusalém. Mugia éta ku Raja henteu dilebetkeun kana haté, 20  da abdi gé rumasa tos dosa. Matakna, ti antara sadaya turunan Yusuf, abdi nu mimiti mendakan Gusti Raja dinten ieu.” 21  Harita kénéh Abisyai anak Zéruya ngomong, ”Syiméi téh kudu dipaéhan, da manéhna geus nyumpahan jalma nu dilantik ku Yéhuwa.” 22  Tapi ceuk Daud, ”Mémangna ieu téh urusan maranéh, anak-anak Zéruya? Ku naon maranéh bet ngalawan kahayang kuring? Lainna poé ieu téh kuring geus jadi Raja deui di Israél? Piraku poé ieu kudu aya nu dipaéhan di Israél.” 23  Geus kitu, Raja sumpah ka Syiméi, ”Manéh moal paéh.” 24  Méfibosyét incuna Saul datang ogé manggihan Raja. Ti saprak Raja indit nepi ka balik deui dina kaayaan salamet, suku Méfibosyét teu diurus, kumisna tara dikurud, bajuna gé tara diseuseuh. 25  Waktu manéhna datang ka* Yérusalém rék manggihan Raja, Raja nanya ka manéhna, ”Méfibosyét, ku naon manéh teu milu jeung kuring?” 26  Ceuk Méfibosyét, ”Gusti Raja, abdi ditipu ku palayan abdi. Abdi ngomong kieu ka manéhna, ’Abdi rék numpak kaldé rék milu jeung Raja, cik pangmasangkeun pelana kana kaldé abdi.’ Abdi nitah kitu téh da suku abdi cacad. 27  Tapi manéhna mitnah abdi ka Gusti Raja. Sanajan kitu, Gusti Raja téh siga malaikat Allah nu bener. Jadi mangga lampahkeun naon nu saé ceuk Raja. 28  Sadaya kulawarga bapa abdi téh kedahna mah dipaéhan ku Gusti Raja, tapi abdi kalah ka diidinan calik saméja sareng jalma-jalma nu tuang sareng Raja. Jadi abdi téh teu pantes nyuhunkeun nanaon deui ka Raja.” 29  Tapi Raja ngomong kieu ka manéhna, ”Geus ieu mah ulah dibahas deui. Kuring geus mutuskeun supaya éta lahan dibagi ka manéh jeung Ziba.” 30  Méfibosyét ngajawab Raja, ”Badé dicandak sadayana ku Ziba gé abdi mah teu kaabotan. Nu penting mah Gusti Raja salamet mulih deui ka istanana.” 31  Terus Barzilai urang Giléad datang ti Rogélim ka daérah Yordan rék nganteur Raja ka Walungan Yordan. 32  Barzilai geus kolot pisan, umurna 80 taun. Manéhna téh kacida beungharna. Waktu Raja cicing di Mahanaim, manéhna nu nyadiakeun dahareun keur Raja. 33  Jadi Raja ngomong kieu ka Barzilai, ”Hayu milu meuntas. Engké di Yérusalém, abdi nu nyadiakeun dahareun keur Bapa.” 34  Tapi ceuk Barzilai, ”Hirup Bapa téh moal lami deui. Jadi jang naon Bapa ngiring sareng Raja ka Yérusalém? 35  Ayeuna umur Bapa téh 80 taun. Bisa kitu Bapa ngabédakeun nu hadé jeung nu goréng? Bisa kitu hamba Raja ieu ngarasakeun dahareun jeung inuman? Mémangna Bapa bisa kénéh ngadangu awéwé jeung lalaki nu nyaranyi? Lamun Bapa ngiring, Bapa kalah ka ngarépotkeun Gusti Raja. 36  Tiasa nganteur Raja ka Walungan Yordan gé Bapa mah tos atoh. Bapa teu kedah dipasihan ganjaran ieu ku Raja. 37  Bapa nyuhunkeun idin badé uih wéh. Keun Bapa maot di kota Bapa tuluy dikuburkeun di deukeut makam ibu ramana Bapa. Tapi ieu aya Khimham, hamba Raja. Mangga ajak wéh manéhna meuntas sareng Gusti Raja. Badé dijadikeun naon waé gé sok wéh kumaha saéna Raja.” 38  Jadi Raja ngomong kieu, ”Nya sok Khimham nu milu meuntas jeung abdi. Engké manéhna rék dijadikeun naon waé sakumaha hadéna Bapa. Naon waé nu dipénta ku Bapa, ku abdi rék dilaksanakeun.” 39  Ti dinya sakabéh jalma meuntasan Walungan Yordan. Waktu rék meuntas, Raja nyium jeung ngaberkahan Barzilai. Geus kitu, Barzilai balik ka imahna. 40  Waktu Raja meuntas ka Gilgal, Khimham gé milu meuntas. Sakabéh urang Yéhuda jeung satengah urang Israél maturan Raja meuntas. 41  Geus kitu, sakabéh urang Israél nyampeurkeun Raja tuluy ngomong kieu, ”Ku naon éta dulur-dulur urang, urang Yéhuda, cicing-cicing mawa Raja, kulawarga Raja, sarta sakabéh anak buah Daud meuntasan Walungan Yordan?” 42  Kabéh urang Yéhuda némbalan urang Israél, ”Éta téh lantaran Raja baraya kénéh jeung urang. Naha maké ambek-ambekan sagala? Mémangna urang téh dibéré dahar ku Raja atawa dibéré hadiah ku Raja?” 43  Tapi urang Israél némbalan urang Yéhuda, ”Urang boga sapuluh bagian di karajaan ieu, jadi hak urang ka Daud leuwih gedé tibatan maranéh. Ku naon maranéh bet ngahina urang? Kuduna mah urang nu pangheulana mawa balik Raja.” Tapi urang Israél éléh ngomong ku urang Yéhuda.

Catetan Tambihan

Atawa ”salamet”.
Maksudna, jalma-jalma nu ngadukung Absalom.
As. ”dulur sarta tulang jeung daging”.
As. ”tulang jeung daging”.
As. ”dipéngkolkeun”.
Atawa bisa jadi ”Maranéhna”.
Atawa bisa jadi ”ti”.