2 Samuél 12:1-31
12 Jadi Yéhuwa ngutus Natan ka Daud. Natan datang ka Daud tuluy ngomong, ”Aya dua jalma di hiji kota, nu hiji beunghar, nu hiji deui miskin.
2 Nu beunghar boga loba pisan domba jeung sapi,
3 ari nu miskin mah ngan boga hiji anak domba bikang meunang meuli. Domba téh diurus sarta digedékeun di imah jalma éta bareng jeung anak-anak lalakina. Domba éta diparaban tina dahareun manéhna sorangan nu ngan saeutik, nginum sacangkir jeung manéhna, saréna gé dikeukeupan siga ka anak awéwéna.
4 Hiji poé, jalma nu beunghar téa kadatangan tamu, tapi manéhna lebareun rék meuncit domba jeung sapina sorangan keur disuguhkeun ka tamuna éta. Manéhna kalah ka nyokot anak domba jalma miskin éta tuluy dipasak jeung disuguhkeun ka tamuna.”
5 Ngadéngé kitu, Daud kacida ambekna. Manéhna ngomong ka Natan, ”Demi Yéhuwa nu hirup, jalma nu kitu mah kudu dipaéhan!
6 Manéhna gé kudu ngagantian anak domba éta opat kali lipet, lantaran tindakan manéhna téh kejem.”
7 Tuluy Natan ngomong ka Daud, ”Nya Raja jalmana! Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Kuring sorangan nu ngalantik manéh jadi raja Israél, sarta Kuring nu nyalametkeun manéh ti Saul.
8 Rumah tangga juragan manéh, kitu deui pamajikan-pamajikanana, geus diserahkeun ku Kuring ka manéh. Manéh gé ku Kuring geus dijadikeun pangawasa Israél jeung Yéhuda. Lamun éta kurang kénéh, Kuring daék méré leuwih loba deui ka manéh.
9 Ku naon manéh nyapirakeun firman Yéhuwa sarta ngalakukeun tindakan nu goréng kitu? Manéh maéhan Uria urang Hét ku pedang! Sanggeus maéhan manéhna ku pedang urang Ammon, pamajikanana dicokot ku manéh tuluy dijadikeun pamajikan.
10 Ku sabab manéh ngarendahkeun Kuring ku cara nyokot pamajikan Uria uang Hét jadi pamajikan manéh, kulawarga manéh bakal terus keuna musibat.’*
11 Ieu nu diucapkeun Yéhuwa, ’Kuring bakal ngadatangkeun musibat anu datangna ti kulawarga manéh sorangan. Di hareupeun manéh, Kuring bakal nyokot pamajikan-pamajikan manéh tuluy dibikeun ka lalaki séjén. Maranéhna bakal disaréan ku lalaki éta terang-terangan.
12 Sanajan manéh mah susulumputan, Kuring rék ngalakukeunana terang-terangan di hareupeun sakabéh Israél.’”
13 Tuluy Daud ngomong ka Natan, ”Abdi geus dosa ka Yéhuwa.” Natan némbalan, ”Dosa Raja dihampura ku Yéhuwa. Raja moal maot.
14 Tapi, ku lantaran tindakan Raja ieu bener-bener nyapirakeun Yéhuwa, anak lalaki Raja nu kakara lahir pasti bakal maot.”
15 Geus kitu, Natan balik ka imahna.
Tuluy, Yéhuwa nyababkeun anak Daud nu dilahirkeun ku pamajikan Uria téa gering.
16 Daud sasambat ka Allah nu bener demi budak éta. Daud puasa sarta ngagolér dina lanté kamar sapeupeuting.
17 Jadi para pajabat istanana narangtung di gigireunana rék ngangkat manéhna tina lanté, tapi manéhna embungeun. Dahar bareng jeung maranéhna gé embung.
18 Dina poé nu katujuh, budak téh maot, tapi euweuh palayanna nu wani ngabéjaan Daud. Ceuk maranéhna, ”Basa budakna hirup kénéh gé manéhna embung ngadéngékeun omongan urang, komo deui ayeuna pas budakna geus maot. Lamun ku urang dibéjaan, bisa-bisa manéhna nyilakakeun dirina sorangan.”
19 Waktu para palayanna tingharéwos, Daud nyaho budak téh geus maot. Daud nanya ka para palayanna, ”Budak téh geus maot, nya?” Dijawabna, ”Sumuhun.”
20 Jadi Daud cengkat, mandi, ngaminyakan awakna, ganti baju, tuluy indit ka imah Yéhuwa sarta sujud. Geus kitu, manéhna balik ka istanana, ménta dipangmawakeun dahareun, seug dahar.
21 Para palayanna nanya, ”Ku naon Juragan téh bet kitu? Ari budak aya kénéh mah Juragan téh puasa jeung ceurik terus. Tapi pas budak geus maot, Juragan cengkat tuluy tuang.”
22 Dijawabna, ”Waktu budak aya kénéh mah kuring puasa jeung ceurik terus téh da ceuk pamikir kuring, ’Sugan wéh Yéhuwa karunyaeun ka kuring sarta budak éta bisa tetep hirup.’
23 Ayeuna pan budak téh geus maot, jang naon deui puasa? Bisa kitu manéhna balik deui? Mémang kuring bakal maot siga manéhna, tapi manéhna moal hirup deui ayeuna.”
24 Geus kitu, Daud ngupahan haté Bat-syéba pamajikanana. Ka dieunakeun, Daud nyampeurkeun manéhna tuluy saré jeung manéhna. Dina waktuna, manéhna ngalahirkeun saurang budak lalaki, nu dingaranan Sulaéman.* Yéhuwa nyaah ka budak éta.
25 Tuluy Anjeunna ngirim pesen ka Nabi Natan supaya budak éta dingaranan Yédidia,* lantaran Yéhuwa nyaah ka budak éta.
26 Yoab terus merangan Raba milikna urang Ammon. Manéhna ngarebut kota karajaan éta.
27 Jadi Yoab ngirim pesen ka Daud, ”Abdi tos merangan Raba. Kota cai éta* tos direbut ku abdi.
28 Ayeuna, mangga kumpulkeun sésa prajurit tuluy pasang kémah pikeun ngarebut kota éta, supaya engké nu dianggap ngarebut kota éta téh lain abdi.”*
29 Jadi, Daud ngumpulkeun sakabéh prajuritna tuluy indit ka Raba. Manéhna merangan jeung ngarebut kota éta.
30 Geus kitu, manéhna nyokot makuta tina sirahna déwa Malkam tuluy dipaké. Makuta emas éta beuratna 34 kilo,* sarta dihias ku batu-batu permata. Manéhna gé nyokot loba pisan jarahan ti kota éta.
31 Daud mawa jalma-jalma nu aya di dinya. Maranéhna dititah gawé maké ragaji batu, pakakas nu seukeut tina beusi, sarta kampak beusi. Maranéhna gé dititah nyieunan bata. Sakabéh kota urang Ammon dikitukeun ku Daud. Ahirna, Daud jeung sakabéh prajuritna balik ka Yérusalém.
Catetan Tambihan
^ As. ”pedang”.
^ Tina kecap Ibrani nu hartina ”Tengtrem”.
^ Hartina ”Dipikanyaah ku Yah”.
^ Bisa jadi ngamaksudkeun sumber-sumber cai di kota éta.
^ As. ”supaya kota éta ulah disebut ku ngaran abdi”.
^ As. ”1 talénta”. Tingali Lamp. B14.