1 Korintus 10:1-33

  • Palajaran ti Israél jaman baheula (1-13)

  • Pépéling ngeunaan pamujaan berhala (14-22)

    • Méja Yéhuwa, méja roh-roh jahat (21)

  • Bébas tapi kudu mikirkeun batur (23-33)

    • ”Lakukeun sagalana demi kamulyaan Allah” (31)

10  Dulur-dulur, kuring hayang aranjeun apal yén karuhun urang leumpang di handapeun awan, jeung kabéhanana meuntasan laut. 2  Kabéhanana dibaptis ngahiji jeung Musa ku cara nuturkeun manéhna leumpang di handapeun awan jeung meuntasan laut. 3  Kabéhanana ngadahar dahareun rohani nu sarua 4  sarta nginum inuman rohani nu sarua. Maranéhna osok nginum tina batu rohani nu ngabarengan maranéhna, nyaéta* Al-Masih. 5  Sanajan kitu, lolobana mah teu dipikaresep ku Allah. Buktina, maranéhna dipaéhan di gurun keusik. 6  Ieu kabéh jadi conto keur urang, supaya urang ulah siga maranéhna nu mikahayang hal-hal nu goréng. 7  Ulah nyembah berhala, sakumaha nu dilakukeun ku sabagian ti maranéhna. Ceuk Kitab Suci gé, ”Maranéhna diuk pikeun dahar jeung nginum, tuluy cengkat senang-senang.” 8  Ulah ngalakukeun lampah cabul,* sakumaha nu dilakukeun ku sabagian ti maranéhna, balukarna 23.000 urang paéh dina sapoé. 9  Ulah nguji Yéhuwa, sakumaha nu dilakukeun ku sabagian ti maranéhna, akibatna maranéhna paraéh dipacok oray. 10  Ulah kukulutus, sakumaha nu dilakukeun ku sabagian ti maranéhna, balukarna maranéhna dibinasakeun ku malaikat. 11  Ieu kabéh keuna ka maranéhna supaya jadi conto, jeung ditulis pikeun mépélingan urang nu hirup dina ahir jaman.* 12  Jadi, nu ngarasa geus nangtung ajeg kudu ati-ati bisi tigubrag. 13  Gogoda nu kaalaman ku aranjeun téh gogoda nu umum kaalaman ku saréréa. Tapi, Allah mah satia jeung moal ngantep aranjeun meunang gogoda* nu teu sanggup ditanggung ku aranjeun. Waktu aranjeun meunang gogoda, Allah bakal méré jalan kaluar supaya aranjeun tabah nyanghareupanana. 14  Ku kituna, dulur-dulur nu dipikanyaah, pék nyingkah tina pamujaan berhala. 15  Aranjeun téh jalma-jalma nu bijaksana, jadi putuskeun sorangan omongan kuring téh bener atawa henteu. 16  Lainna gelas ucapan sukur nu didoakeun ku urang téh ngalambangkeun getih Al-Masih? Lainna roti nu disemplékan ku urang téh ngalambangkeun awak Al-Masih? 17  Rotina ngan hiji, jeung urang kabéh ngadahar éta roti. Jadi, urang kabéh téh hiji awak, sanajan aya lobaan. 18  Pék inget bangsa Israél: Jalma nu ngadahar kurban dina mézbah téh siga nu keur dahar bareng jeung Allah, pan? 19  Jadi naon nu dimaksud ku kuring? Na kurban ka berhala téh aya hartina, atawa berhala téh aya hartina? 20  Henteu. Maksud kuring, kurban nu dibikeun ku bangsa-bangsa téh kurban keur roh-roh jahat, lain keur Allah. Tah, kuring embung aranjeun dahar bareng jeung roh-roh jahat. 21  Aranjeun teu bisa nginum tina gelas Yéhuwa ongkoh, tina gelas roh-roh jahat ongkoh. Aranjeun gé teu bisa dahar dina méja Yéhuwa ongkoh, dina méja roh-roh jahat ongkoh. 22  ’Na urang rék mapanas Yéhuwa’? Mémangna urang leuwih kuat tibatan Anjeunna? 23  Kabéh meunang dilakukeun, tapi teu kabéh aya mangpaatna. Kabéh meunang dilakukeun, tapi teu kabéh bisa nguatkeun. 24  Ulah hayang ngeunah sorangan, tapi pikirkeun kapentingan batur. 25  Sagala rupa daging anu dijual di pasar dahar baé, teu kudu tatanya lantaran sieun haté sanubari aranjeun kaganggu, 26  sabab ”bumi jeung sagala eusina téh milik Yéhuwa”. 27  Lamun aranjeun diondang ku nu teu saiman tuluy aranjeun hayang datang, dahar baé sagala nu disuguhkeun, teu kudu tatanya lantaran sieun haté sanubari aranjeun kaganggu. 28  Tapi lamun aya nu ngomong, ”Dahareun ieu téh urut disuguhkeun ka berhala”, nya ulah didahar. Éta téh demi manéhna jeung demi haté sanubari. 29  Maksudna, lain demi haté sanubari aranjeun, tapi demi haté sanubari jalma éta. Kuring embung ngagunakeun kabébasan kuring ngarah teu disalahkeun ku haté sanubari batur. 30  Upama kuring dahar jeung ngucap sukur ka Allah, na kuring kudu terus dahar lamun éta ngalantarankeun kuring dihina? 31  Ku kituna, boh dahar boh nginum boh ngalakukeun naon baé, lakukeun sagalana demi kamulyaan Allah. 32  Ulah nepi ka nganyerikeun haté urang Yahudi, urang Yunani, atawa sidang jamaah Allah. 33  Kuring gé sabisa-bisa nyenangkeun kabéh jalma dina sagala hal, ku cara teu mikirkeun kapentingan sorangan tapi mikirkeun kapentingan batur, supaya maranéhna bisa disalametkeun.

Catetan Tambihan

Atawa ”nu hartina”.
Atawa ”sistim-sistim dunya”. Tingali ”Sistim dunya” dina Daptar Istilah.
Atawa ”cocoba”.