1 Samuél 9:1-27

  • Samuél panggih jeung Saul (1-27)

9  Aya saurang lalaki ti kaom Bényamin nu beunghar pisan, ngaranna Kis. Manéhna téh anak Abiél, anak Zéror, anak Békorat, anak Afia. 2  Manéhna boga anak lalaki nu ngaranna Saul. Saul téh nya ngora nya kasép. Manéhna téh nu pangkasépna di Israél, awakna gé jangkung, ari nu séjén mah ngan sataktak Saul jangkungna. 3  Hiji poé, kaldé-kaldé* milik Kis bapana Saul leungit, tuluy Kis ngomong ka Saul anakna, ”Jung bawa saurang palayan jeung téangan kaldé-kaldé éta.” 4  Bral maranéhna indit ngaliwatan daérah pagunungan Éfraim jeung tanah Syalisya, tapi kaldé-kaldé téh teu kapanggih. Maranéhna ngaliwatan tanah Syaalim, tapi teu kapanggih ogé. Tuluy maranéhna ngaliwatan sakuliah tanah urang Bényamin, tapi angger teu kapanggih. 5  Ti dinya maranéhna nepi di tanah Zuf. Saul ngomong kieu ka palayanna, ”Hayu urang balik, bisi Bapa kalah ka melang ka urang, lainna melang ka kaldé.” 6  Tapi ceuk palayanna, ”Di kota ieu aya hamba Allah nu dihormat ku jalma-jalma. Sagala nu diucapkeunana téh pasti jadi kanyataan. Urang ka dinya wéh yu, sugan manéhna bisa méré nyaho urang kudu néangan ka mana.” 7  Saul ngomong ka palayanna, ”Mun ka ditu, urang rék méré naon ka manéhna? Dina kantong urang euweuh roti. Urang teu boga nanaon jang dibikeun ka hamba Allah nu bener éta. Urang boga naon atuh?” 8  Palayanna ngajawab Saul, ”Ieu abdi boga hiji duit* pérak jang dibikeun ka hamba Allah nu bener éta. Engké manéhna bakal méré nyaho urang kudu ka mana néanganana.” 9  (Di Israél jaman baheula, nabi sok disebut jurutingal. Jadi lamun aya nu rék ménta pituduh ti Allah, maranéhna sok ngomong, ”Hayu urang indit ka jurutingal.”) 10  Tuluy Saul ngomong kieu ka palayanna, ”Alus ari kitu mah, hayu urang ka ditu.” Bral maranéhna indit ka kota tempat hamba Allah nu bener téa. 11  Barang leumpang di tanjakan nu rék ka kota, maranéhna paamprok jeung mojang-mojang nu rék ngarala cai. Maranéhna nanya ka para mojang éta, ”Ari ieu téh tempatna jurutingal téa, sanés?” 12  Mojang-mojang éta ngajawab, ”Muhun aya di payun, sok énggal disusul. Dinten ieu, anjeunna datang ka kota lantaran jalma-jalma badé nyanggakeun korban di tempat luhur nu suci. 13  Anjeunna téh nuju di jalan, badé tuang di tempat luhur éta. Tah, jalma-jalma nu diondang moal waka tuang lamun anjeunna can datang, da anjeunna nu ngaberkahan korban. Sok atuh énggal, supaya aranjeun tiasa pendak jeung anjeunna waktu nepi di kota.” 14  Jadi maranéhna indit ka kota. Pas maranéhna nepi di tengah kota, Samuél kaluar manggihan maranéhna tuluy babarengan indit ka tempat luhur nu suci. 15  Sapoé saacan Saul datang, Yéhuwa geus ngabéjaan* Samuél, 16  ”Isukan kira-kira wayah kieu, Kuring rék ngutus saurang jalma ti daérah Bényamin. Sok lantik manéhna jadi pamingpin umat Kuring Israél. Manéhna bakal nyalametkeun umat Kuring ti urang Filistin, sabab Kuring geus ningali kasangsaraan umat Kuring jeung geus ngadéngé maranéhna tingjarerit ménta tulung.” 17  Barang Samuél nempo Saul, Yéhuwa méré nyaho manéhna, ”Tah éta jalmana anu ceuk Kuring bakal maréntah umat Kuring.”* 18  Tuluy Saul nyampeurkeun Samuél di tengah gerbang, pok nanya, ”Punten, ari bumina jurutingal téh di mana, nya?” 19  Samuél ngajawab, ”Nya Bapa sorangan jurutingal téh. Jung ti heula ka tempat luhur nu suci. Urang dahar bareng nya poé ieu. Isukan isuk-isuk ku Bapa dianteur balik. Engké sagala nu rék ditanyakeun ku manéh* ku Bapa dijawab. 20  Ari kaldé-kaldé anu leungit tilu poé ka tukang mah teu kudu dihariwangkeun, da geus kapanggih. Salian ti éta, sagala harta di Israél téh milik saha? Lainna milik manéh jeung kulawarga bapa manéh?” 21  Ngadéngé kitu, Saul ngajawab, ”Abdi téh ti kaom Bényamin, kaom anu pangalitna di Israél. Di antara kaom Bényamin gé, kulawarga abdi téh lain kulawarga nu penting. Jadi ku naon Bapa nyarios kitu ka abdi?” 22  Geus kitu, Saul jeung palayananna diajak ku Samuél ka hiji rohangan tempat dahar, tuluy maranéhna dibéré tempat diuk nu pangutamana di antara tamu-tamu ondangan, nu jumlahna téh kira-kira 30 urang. 23  Samuél ngomong ka tukang masak, ”Bawa ka dieu daging anu ceuk Bapa pangnyimpenkeun téa.” 24  Seug tukang masak téh nyokot daging bagian pingpingna tuluy disuguhkeun di hareupeun Saul. Ceuk Samuél, ”Sok dahar. Dahareun ieu téh geus dipangnyimpenkeun husus keur manéh ayeuna, da Bapa geus ngabéjaan maranéhna rék ngondang tamu.” Jadi poé éta, Saul dahar bareng jeung Samuél. 25  Geus kitu, maranéhna turun ka kota ti tempat luhur éta. Tuluy, Samuél ngajak Saul ka hateup* imah sarta terus ngobrol jeung Saul di dinya. 26  Maranéhna hudang isuk-isuk. Pas bray caang, Samuél ngageroan Saul nu aya di hateup, ”Sok siap-siap, manéh ku Bapa rék dianteur.” Jadi Saul siap-siap, tuluy Saul jeung Samuél kaluar. 27  Barang nepi ka pasisian kota, Samuél ngomong ka Saul, ”Sok titah palayan manéh sina leumpang ti heula.” Jadi palayan éta indit ti heula. Geus kitu Samuél ngomong deui, ”Ari manéh mah cicing heula di dieu, supaya Bapa bisa nepikeun firman Allah ka manéh.”

Catetan Tambihan

As. ”kaldé-kaldé bikang”.
As. ”saparapat syékel”. 1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.
As. ”muka ceuli”.
Atawa ”ngajaga umat Kuring sangkan teu liwat wates”.
As. ”sagala nu aya di jero haté manéh”.
Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.