Saha Yéhuwa téh?
Jawaban Alkitab
Yéhuwa téh Allah nu sajati, nu dicatet dina Alkitab. Anjeunna téh Allah anu nyiptakeun sagalana. (Wahyu 4:11) Baheula gé, Nabi Ibrahim, Nabi Musa, jeung Nabi Isa nyembah ka Anjeunna. (Kajadian 24:27; Budalan 15:1, 2; Yahya 20:17) Anjeunna téh lain Allah keur hiji bangsa wungkul, tapi Allah keur kabéh jalma di ”sakuliah jagat”.—Jabur 47:3.
Yéhuwa téh nami husus nu ngan dipiboga ku Allah. Nami éta dicatet dina Alkitab. (Budalan 3:15, Terjemahan Dunia Baru; Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.) Nami éta asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”ngajadi”. Loba ahli ngomong, nami Yéhuwa téh hartina ”Anjeunna nu Ngawujudkeun”. Nami éta cocog keur Yéhuwa lantaran Anjeunna téh Nu Nyipta jeung pasti ngawujudkeun sagala kahayang-Na. (Yesaya 55:10, 11) Alkitab méré nyaho sipat-sipat Yéhuwa, utamana kanyaah.—Budalan 34:5-7, Terjemahan Dunia Baru; Lukas 6:35; 1 Yahya 4:8.
Dina basa Ibrani, nami Yéhuwa téh ditulis ku opat hurup יהוה (YHWH), nu disebut Tétragramaton. Ayeuna mah geus euweuh nu apal kumaha cara ngucapkeun nami éta nu ditulis dina basa Ibrani kuno. Tapi dina basa Indonesia, nami ”Yéhuwa” geus lila digunakeun.
Ku naon euweuh nu apal carana ngucapkeun nami Allah dina basa Ibrani kuno?
Dina basa Ibrani kuno mah euweuh hurup hirup, ngan aya hurup mati. Jalma-jalma nu ngagunakeun basa Ibrani mah nyahoeun kumaha carana maca hiji kecap najan euweuh hurup hirupna. Najan kitu, sanggeus Kitab-Kitab Ibrani (Perjangjian Lawas) bérés ditulis, sababaraha urang Yahudi ngarasa yén nami Allah téh pamali disebut. Jadi waktu maca nami Allah bari kudu diucapkeun, maranéhna ngaganti ku sebutan séjén, jiga ”PANGÉRAN” atawa ”Allah”. Jadi wéh salila ratusan taun loba nu percaya yén nami Allah téh pamali pikeun disebutkeun. Ku kituna, ayeuna teu aya nu apal kumaha cara nyebutkeun nami éta. a
Aya nu nganggap nami Allah téh diucapkeunana ”Yahwéh”, tapi aya ogé nu nganggap lain kitu. Dina Gulungan Laut Paéh, nu ngamuat sabagian eusi buku Imamat dina basa Yunani, nami Allah ditarjamahkeun jadi Iao. Baheula, jalma-jalma nu nulis buku dina basa Yunani nganggap yén nami Allah téh diucapkeunana Iae, Iabe, jeung Iaoue. Tapi, euweuh bukti nu nunjukkeun yén dina basa Ibrani kuno nami Allah téh diucapkeunana jiga kitu. b
Kasalahpahaman ngeunaan nami Allah nu ditulis dina Alkitab
Kasalahpahaman: Nami ”Yéhuwa” ngan ditambah-tambahkeun ku para panarjamah Alkitab.
Fakta: Nami Allah nu ditulis dina basa Ibrani (Tétragramaton), muncul kira-kira 7.000 kali dina Alkitab. c Loba panarjamah nu sangeunahna ngaleungitkeun nami Allah jeung ngagantina ku sebutan-sebutan séjén jiga ”PANGÉRAN”.
Kasalahpahaman: Allah Nu Mahakawasa mah teu kudu boga nami.
Fakta: Allah méré wahyu ka jalma-jalma nu nulis Alkitab pikeun nyatet nami-Na rébuan kali. Anjeunna gé ngabingbing umat-Na pikeun ngagunakeun nami-Na. (Yesaya 42:8, Terjemahan Dunia Baru; Yoel 2:32, Terjemahan Dunia Baru; Malaki 3:16, Terjemahan Dunia Baru; Roma 10:13) Justru, Allah ngéwa ka nabi-nabi palsu nu hayang nyieun batur mopohokeun nami Anjeunna.—Yermia 23:27.
Kasalahpahaman: Sajalan jeung kabiasaan urang Yahudi, nami Allah kudu dileungitkeun tina Alkitab.
Fakta: Mémang, aya tukang-tukang nyalin Yahudi nu embung ngucapkeun nami Allah. Tapi waktu nyalin Alkitab, maranéhna teu ngaleungitkeun nami éta. Pangpangna, Allah embung urang nuturkeun adat kabiasaan manusa nu teu sajalan jeung paréntah-Na.—Matius 15:1-3.
Kasalahpahaman: Nami Allah sakuduna teu ditulis dina Alkitab, lantaran euweuh nu nyaho kumaha cara nu bener pikeun ngucapkeun nami éta dina basa Ibrani.
Fakta: Pamikiran jiga kitu muncul sabab aya nu nganggap Allah téh hayang nami-Na diucapkeun ku cara nu sarua, najan dina basa nu béda-béda. Tapi Alkitab nunjukkeun, hamba-hamba Allah dina jaman baheula gé ngucapkeun hiji nami ku cara nu béda-béda, gumantung basana.
Misalna, perhatikeun ngaran hakim bangsa Israil, nyaéta Yosua. Urang Kristen dina abad kahiji nu maké basa Ibrani nyebutkeun ngaranna Yehohshua. Tapi, urang Kristen nu maké basa Yunani nyebutkeunana Iesous. Najan kitu, ngaran Yosua nu geus ditarjamahkeun ti basa Ibrani ka basa Yunani tetep dicatet dina Alkitab. Éta nunjukkeun, urang Kristen harita geus biasa nyebutkeun hiji ngaran ngagunakeun basana sorangan.—Kisah 7:45; Ibrani 4:8.
Kitu ogé halna waktu narjamahkeun nami Allah. Najan euweuh nu nyaho kumaha cara nu bener pikeun ngucapkeun nami Allah, nu penting mah nami éta tetep aya dina Alkitab.
a New Catholic Encyclopedia, Édisi Kadua, Jilid 14, kaca 883-884 nyebutkeun, ”Teu lila sanggeus balik tina pangbuangan di Babilon, jalma-jalma nganggap nami Yahwéh kudu dihormat sacara husus. Jadi, nami éta diganti ku kecap ADONAI atawa ELOHIM.”
b Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tingali lampiran A4, ”Nama Allah dalam Kitab-Kitab Ibrani”, dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru.
c Tingali Theological Lexicon of the Old Testament, Jilid 2, kaca 523-524.