Pindah kana eusi

Lamun Hayang Salamet, Naha Percaya ka Yésus Wungkul Geus Cukup?

Lamun Hayang Salamet, Naha Percaya ka Yésus Wungkul Geus Cukup?

Jawaban Alkitab

 Urang Kristen percaya yén Yésus téh maot demi nyingkirkeun dosa manusa. (1 Petrus 3:18) Tapi, saukur percaya yén Yésus téh Juru Salamet moal cukup pikeun disalametkeun. Roh-roh jahat ogé apal yén Yésus téh ”Putra Allah”, tapi maranéhna henteu disalametkeun, sabalikna maranéhna dibinasakeun.—Lukas 4:41; Yudas 6.

 Urang kudu kumaha supaya bisa salamet?

  •   Urang kudu percaya yén Yésus geus ngorbankeun nyawana keur nyingkirkeun dosa urang. (Rasul 16:30, 31; 1 Yohanes 2:2) Ieu kaasup percaya yén Yésus téh bener-bener aya jeung percaya kana kabéh pangajaran Alkitab ngeunaan anjeunna.

  •   Diajar Alkitab. (2 Timoteus 3:15) Alkitab nyaritakeun yén Rasul Paulus jeung Silas méré nyaho saurang sipir panjara, ”Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet.” Terus maranéhna ngajarkeun ”hal pangandika Allah” a ka éta sipir. (Rasul 16:31, 32) Ieu nunjukkeun yén sipir éta moal bisa percaya ka Yésus lamun can bener-bener paham kana Firman Allah. Manéhna kudu boga pamahaman nu akurat nu dumasar kana Alkitab.—1 Timoteus 2:3, 4.

  •   Tobat. (Rasul 3:19) Urang kudu tobat atawa ngarasa kaduhung kana kalakuan goréng nu pernah urang lakukeun. Batur gé bisa ningali yén urang geus teu ngalakukeun hal-hal nu dipikaijid ku Allah. Batur gé kudu bisa ningali yén kalakuan urang geus némbongkeun yén urang geus tobat.—Rasul 26:20.

  •   Dibaptis. (Mateus 28:19) Ceuk Yésus, saha waé nu hayang jadi muridna téh kudu dibaptis. Sipir panjara nu tadi disebutkeun ogé dibaptis. (Rasul 16:33) Kitu ogé sanggeus Rasul Pétrus ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yésus ka kumpulan jalma réa, maranéhna ”palercaya ka anu dipertelakeun ku Petrus, tuluy maranehanana dibaptis”.—Rasul 2:40, 41.

  •   Nurut kana paréntah Yésus. (Ibrani 5:9) Maranéhna nu ”ngalakonan sagala perkara anu ku [Yésus] geus diparentahkeun” ngabuktikeun yén maranéhna téh muridna Yésus. (Mateus 28:20) Paréntah Yésus téh teu ngan didéngékeun wungkul, tapi ogé dilakukeun ku maranéhna.—Yakobus 1:22.

  •   Satia nepi ka ahir. (Markus 13:13) Murid-murid Yésus kudu terus satia supaya bisa disalametkeun. (Ibrani 10:36) Contona Rasul Paulus. Ti saprak manéhna jadi urang Kristen nepi ka maotna, Paulus tetep taat kana pangajaran Yésus jeung satia ka Allah.—1 Korinta 9:27.

 Naon ”Doa keur Ngaku Dosa” téh?

 Dina sababaraha agama, aya doa-doa siga ”Doa keur Ngaku Dosa” jeung ”Doa Ménta Kasalametan”. Biasana dina doa-doa éta, saurang jalma bakal ngakukeun dosana jeung nunjukkeun imanna ka Yésus nu maot demi dosana. Maranéhna ogé ménta sangkan Yésus hadir dina hirupna atawa haténa. Tapi, Alkitab teu pernah nyebutkeun atawa nitah urang ngadoa maké doa-doa kitu.

 Loba nu mikir, lamun maranéhna ngucapkeun ”Doa keur Ngaku Dosa”, maranéhna pasti disalametkeun. Padahal, urang moal disalametkeun ngan pédah ngucapkeun doa-doa husus. Ku sabab urang téh manusa nu teu sampurna, urang pasti terus nyieun salah. (1 Yohanes 1:8) Matakna Yésus nitah urang supaya teu eureun-eureun ngadoa ménta hampura. (Lukas 11:2, 4) Urang Kristen nu geus boga harepan pikeun hirup langgeng gé bisa kaleungitan harepanana lamun maranéhna eureun ngawula Allah.—Ibrani 6:4-6; 2 Petrus 2:20, 21.

 Ti mana asal-usulna ”Doa keur Ngaku Dosa” téh?

 Para ahli sajarah boga pandangan nu béda-béda kana asal-usul ”Doa keur Ngaku Dosa”. Aya nu mikir yén doa éta téh mulai muncul waktu aya Réformasi Protéstan (nu dimimitian dina taun 1517). Nu séjénna percaya yén jalma-jalma mulai maké doa éta waktu agama-agama anyar mulai muncul dina abad ka-18 jeung 19. Sanajan kitu, Alkitab teu ngajurung urang maké doa siga kitu, malah doa éta teu sajalan jeung pangajaran Alkitab.

a Gelar pikeun Gusti, nu ngaranna Yéhuwa.