Naon Dosa Asal téh?
Jawaban Alkitab
Adam jeung Hawa téh manusa nu mimiti nyieun dosa. Maranéhna teu taat ka Allah jeung ngadahar buah ti ”tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng”. Dosa éta disebut dosa asal. a (Kajadian 2:16, 17; 3:6; Rum 5:19) Tangkal éta teu meunang didahar buahna ku Adam jeung Hawa lantaran éta ngalambangkeun wewenang atawa hak Allah pikeun nangtukeun naon nu bener jeung nu salah keur manusa. Ku cara ngadahar buah ti éta tangkal, Adam jeung Hawa nunjukkeun yén maranéhna hayang nangtukeun sorangan naon nu bener jeung nu salah. Éta sarua jeung nolak wewenang Allah.
Naon balukarna ”dosa asal” keur Adam jeung Hawa?
Lantaran nyieun dosa, Adam jeung Hawa ngolotan sarta tungtungna maot. Maranéhna teu bisa nyobat deui jeung Allah sarta teu bisa hirup langgeng dina kaséhatan nu sampurna.—Kajadian 3:19.
Naon balukarna ”dosa asal” keur urang?
Adam jeung Hawa ngawariskeun dosa ka sakabéh turunanana, saperti panyakit turunan nu diwariskeun kolot ka budakna. (Rum 5:12) Éta sababna, kabéh manusa geus boga ”dosa” b ti barang lahir, hartina urang kabéh dilahirkeun teu sampurna jeung condong ngalakukeun kasalahan.—Jabur 51:7; Epesus 2:3.
Lantaran ngawaris dosa jeung kateusampurnaan, urang jadi gering, ngolotan, jeung tungtungna maot. (Rum 6:23) Urang ogé nanggung balukar tina kasalahan urang sorangan jeung kasalahan batur.—Pandita 8:9; Yakobus 3:2.
Naha urang bisa bébas tina balukar ”dosa asal”?
Bisa. Alkitab nyebutkeun yén Yésus maot sangkan ”dosa urang dihampura”. (1 Yohanes 4:10, Sunda Formal) Pangorbanan Yésus bisa ngabébaskeun urang tina balukar dosa warisan. Urang jadi bisa meunangkeun deui naon nu dileungitkeun ku Adam jeung Hawa, nyaéta hirup langgeng dina kaséhatan nu sampurna.—Yohanes 3:16. c
Kasalahpahaman ngeunaan ”dosa asal”
Kasalahpahaman: Ku lantaran dosa asal, urang moal bisa deukeut deui jeung Allah.
Fakta: Allah teu nyalahkeun urang lantaran kasalahan Adam jeung Hawa. Mantenna paham urang teu sampurna. Mantenna gé teu ngarepkeun hal-hal nu kaleuleuwihi ti urang. (Jabur 103:14) Sanajan urang kawaris dosa jeung ngarasakeun balukarna, urang boga kasempetan sarta kahormatan pikeun nyobat jeung Allah.—Siloka 3:32.
Kasalahpahaman: Baptisan bisa ngabébaskeun saurang jalma tina dosa asal, jadi orok kudu dibaptis.
Fakta: Sanajan baptisan téh penting sangkan urang salamet, nu bisa ngabébaskeun urang tina dosa mah ngan iman kana tebusan Yésus. (1 Petrus 3:21; 1 Yohanes 1:7) Saurang jalma bisa boga iman nu sajati lamun boga pangaweruh, jadi mustahil orok bisa boga iman. Ku kituna, Alkitab teu ngajurung orok dibaptis. Ieu katingali tina conto urang Kristen dina abad kahiji. Nu dibaptis ku maranéhna téh lain orok, tapi ”awewe lalaki” nu geus percaya jeung boga iman kana Firman Allah.—Rasul 2:41; 8:12.
Kasalahpahaman: Awéwé dikutuk Allah lantaran nu mimiti ngadahar buah nu dilarang téh Hawa.
Fakta: Nu disapa atawa dikutuk ku Allah téh lain awéwé, tapi ”oray kahot ti jaman purba [nu] disebutna Iblis atawa Setan” nu ngajurung Hawa pikeun nyieun dosa. (Wahyu 12:9; Kajadian 3:14) Salian ti éta, nu hususna dipénta tanggung jawab ku Allah téh nyaéta Adam, lain pamajikanana.—Rum 5:12.
Jadi, ku naon atuh Allah nyarios yén Hawa bakal kumawula ka salakina? (Kajadian 3:16) Éta lain hartina Allah ngidinan salaki ngawasaan pamajikanana. Mantenna téh ngan saukur ngajelaskeun balukar tina dosa. Allah mah hoyong lalaki mikanyaah jeung ngajénan pamajikanana sarta ngahargaan kabéh awéwé.—Epesus 5:25; 1 Petrus 3:7.
Kasalahpahaman: Dosa asal téh hubungan séks.
Fakta: Dosa asal téh lain hubungan séks lantaran:
Waktu Allah ngalarang Adam ngadahar buah ti tangkal anu méré pangarti, Adam téh sorangan kénéh, tacan boga pamajikan.—Kajadian 2:17, 18.
Allah nitah Adam jeung Hawa, ”Masing loba anak.” (Kajadian 1:28) Maenya Allah ngahukum pasangan éta lantaran nuturkeun paréntah éta?
Adam jeung Hawa nyieun dosana teu babarengan, Hawa ti heula, tuluy Adam.—Kajadian 3:6.
Hubungan séks antara salaki jeung pamajikan teu dicaram dina Alkitab.—Siloka 5:18, 19; 1 Korinta 7:3.
a Istilah ”dosa asal” teu aya dina Alkitab. Sabenerna mah, dosa nu pangmimitina dicatet dina Alkitab téh nyaéta tipuan jeung kabohongan Sétan ka Hawa.—Kajadian 3:4, 5; Yohanes 8:44.
b Dina Alkitab, kecap ”dosa” teu ngan saukur ngamaksudkeun lalampahan nu salah, tapi ogé kaayaan urang nu teu sampurna jeung boga dosa.
c Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan pangorbanan Yésus jeung mangpaatna, mangga tingali artikel ”Kumaha Yésus Nyalametkeun Urang?”