PANANYA BUDAK NGORA
Ku Naon Abdi Sok Salah Ngomong?
”Sakapeung abdi bisa ngadalikeun létah, tapi sakapeung gé omongan abdi teu dipikir heula!”—James.
”Ari keur geumpeur omongan abdi teu dipikir heula, ari keur tenang abdi loba teuing ngomong. Jadi intina, abdi sok salah ngomong waé.”—Marie.
Alkitab nyebutkeun, ”Letah saperti seuneu” jeung, ”Sakumaha gedena leuweung bisa . . . kahuruan ku seuneu anu leutik!” (Yakobus 3:5, 6) Naha anjeun sok meunang masalah gara-gara omongan anjeun? Mun enya, artikel ieu bisa ngabantu anjeun.
Ku naon abdi sok salah ngomong?
Kateusampurnaan. Alkitab ngomong, ”Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan. Jadi mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna.” (Yakobus 3:2) Manusa téh teu sampurna, jadi gampang pikeun salah léngkah boh dina lalampahan boh dina ucapan.
”Ku sabab uteuk jeung létah abdi teu sampurna, ngimpi lamun abdi bisa bener-bener ngadalikeunana.”—Anna.
Loba teuing ngomong. Ceuk Alkitab, ”Beuki loba omong beuki loba masiat.” (Siloka 10:19) Jalma nu loba teuing ngomong tapi jarang ngadéngékeun batur, biasana sok nganyenyeri batur ku omonganana.
”Teu salawasna jalma nu keur ngomong téh jalma nu pangpinterna di hiji rohangan. Yésus téh jalma pangpinterna nu pernah hirup di dunya, tapi sakapeung anjeunna ogé teu ngomong.”—Julia.
Sarkasme. Alkitab nyebutkeun, ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos.” (Siloka 12:18) Salah sahiji conto omongan anu teu dipikir heula téh sarkasme, éta téh kekecapan kasar pikeun ngarendahkeun batur. Jalma-jalma nu maké kekecapan sarkasme biasana sok ngomong, ”Ngan heureuy atuh!” Tapi ngarendahkeun batur téh lain keur bobodoran. Alkitab ngingetan urang, ”Ulah sentak-sengor, sarta supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan.”—Epesus 4:31, Sunda Formal.
”Abdi sok ngabodor jeung hayang dipikaresep ku batur. Tapi justru éta nu nyieun abdi jadi sok ngarendahkeun batur. Jadi wé abdi sok meunang masalah.”—Oksana.
Ngadalikeun létah
Diajar carana ngadalikeun létah téh teu gampang. Tapi, aya prinsip Alkitab nu bisa ngabantu. Perhatikeun conto-conto di handap ieu.
”Anjeunna mah dihina tara ngahina deui.”—1 Petrus 2:23.
Sakapeung jawaban nu pangalusna téh cicing. ”Parasaan abdi waktu keur ambek téh bisa jadi barobah engkéna,” ceuk Laura. ”Biasana sanggeus tenang, abdi moal ngarasa kaduhung lantaran teu jadi ngomong kasar.” Lamun cicing heula, sanajan ngan sababaraha detik, anjeun bakal leuwih bisa ngajaga omongan.
”Ceuli teh gunana pikeun ngadengekeun [nguji] omongan, cara letah pikeun ngarasakeun ngeunahna kadaharan.”—Ayub 12:11.
Supaya anjeun teu kaduhung, pék uji heula sababaraha pananya ieu:
Naha éta téh bener? Naha éta téh teu nganyenyeri batur? Naha éta téh perlu ditepikeun?—Rum 14:19.
Kumaha parasaan abdi lamun aya nu ngomong kitu ka abdi?—Mateus 7:12.
Naha omongan abdi ngahargaan cara pandang batur?—Rum 12:10.
Naha ieu téh waktu nu cocog keur nepikeunana?—Pandita 3:7.
”Batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.”—Pilipi 2:3.
Naséhat éta bakal ngabantu anjeun mikirkeun hal-hal nu alus ngeunaan batur. Ieu bakal ngabantu anjeun pikeun ngadalikeun létah sarta mikir heula saacan ngomong. Lamun geus kaburu ngomong kasar, sipat rendah haté bakal ngabantu anjeun pikeun geura ménta hampura. (Mateus 5:23, 24) Tuluy, urang kudu boga tékad pikeun ngadalikeun létah.